Kitulah kang Maman, kula sorangan bingung kitu-kieuna rek dicandak ka mana ieu web. Tinu namina (visitbaduyvillage) tos ngajak dongkap. Tepat pisan eta analisa kang Maman. Kula geus ngisian 190 artikel, tapi kamari dikepruk hacker, acak-acakan. Duka lah. Teu ngartos. Kula mimitian deui, can pati di tuluykeun karanganana. Nya kitu hoyongna mah Baduy ngan ukur janten taropong atawa batu loncatan, ari nu janten masalahmah tangtos masalah universal kamanusaan. Bari sindir sampir kapangawasa. Ngan teu salancar Kang Hawe tulisanana. Seueur macet. Kirang oli panginten.
1. Ayeuna kula boga kayakinan yen wisata tangtosna bakal janten gangguan pikeun urang Baduy sabab budaya eta sifatna 'inheritance' (jiga OOP) ceuk JM Balkin atawa ceuk Opik (tombo ati --- bergaulah dengan orang-orang soleh). Kukituna kula sabenerna hayang nyaho kumaha pamadegan stakeholder, utamina di Banten. Minimal kiwari kula nyaho reaksi ti para milis, bloger, jeung facebooker..lumayan lah. 2. siap ditalungtik... 3. tugas beurat, kedah ngajengkeun proposal ka saha wae lah anu kinten-kinten ngajenan sareng nyayogikeun acisna. Hoyong ka dinya abdi geh arahna. Peryogi sumber daya manusa langkung ti hiji. Webmaster, editor,jurnalis,photografer,akuntan jeung sajabana sakumaha organisasi kedahna. 4. Tah eta. Pas pisan. Kumaha ngabangkitkeun kasadaran yen 'kanyamanan' tong ngarugikeun anak incu nu bakal datang. 'Kanyamanan' ngakibatkeun pemborosan energi nu teu perlu jeung sajabina anu ka asup na ceuk basa holywood mah 'stupid bastard!.' Sugan engke diisian artikelna ku para batur, nu ngampanyekeun, ngagugah kasadaran yen jalma hirup teu cukup ku 'pinter.' Pinter nu sifatna eksploitatif, ngaruksak dunya titipan ti Adam Tunggal teu pantes teu parigel dilakonan. Dumasar kana hasil panalungtikan Prof. Johan Iskandar (Ekologi Perladangan di Indonesia, Studi kasus Baduy) yen ekosistem Baduy dina hiji waktu kahareup bakal moal bisa nampung kabutuh urang Baduy sabab tekanan penduduk (kiwari geus 11.000), jadi Urang Baduy sabenerna kudu robah kudu aya inovasi, kudu aya terobosan-terobasan jang ngajaga sistem ekonomina. Kula sabenerna rada calutak, percaya yen ngaran Baduy bisa di-branding bisa dijual nu saenyana manfaatna kedah dongkap ka urang Baduyna, sareng tatanggi desana dina konsep eta nu ku kang Maman disebatkeun. Kusabab ieu perkara rudet..nya panginten ceuk teorimah kedah dikelola dengan seksama, arif dan bijaksana. Ulah datang tina hate nu 'eksploitatip' atawa tina ageman yen budaya urang leuwih modern batan Urang Baduy, komo bari nyieun mitos Baduy Primitip, nyieun stereotyping Baduy blo'on. Entong. Katampi perhatosanana kang Maman, nuhun pisan. Asa aya batur teu cuang cieung teuing sorangan. Keur kula, Baduy eta artifak urang Sunda nu masih katingali, model kahuripan Sunda baheula jiga kumaha, jeng deui salah sahiji pendukung Budaya Sunda eta, nya Baduy. Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu (diterjemahkeun Mugia Nu Ngersakeun ngahampura, Kula menta kasalemetan --- tina Tiga Pesona Sunda Kuna, J. Noorduyn - A. Teeuw) TRL ↑ Grab this Headline Animator ----- Original Message ----- From: Maman To: [email protected] Sent: Wednesday, December 15, 2010 11:22 AM Subject: Re: [kisunda] Adam Tunggal Menarik, upami ditingal tina usaha ngamasyarakatkeun Budaya Baduy, Ningali bahasa anu dianggona bhs. inggris, bahasa internasional; Numutkeun si kuring mah, 'ceruk pasar' atanapi 'segment market' anu di sasar asanamah kana usaha pariwisata, pikeun urang luar nagreg :), Ieu kalebet ka kelompok 'Culture Tourism' tiasa oge "Eco Tourism'. Naroskeun teh pedah we : 1. upami eta maksad pikeun ningkatkeun industri pariwisata, naha teu janten gangguan pikeun urang baduyna(paradox tea)? 2. upami aya nunamina tujuan-wisata anu mangrupakeun kasatuan anu utuh sareng layak kanggo pariwisata, parantos aya anu ngempelkeun info anu lengkep? 3. upamina parantos lengkep datana, seueur keneh urang Sunda oge anu peryogi, heunteu urang luar nagreg wungkul. Masih seueur anu nganggap yen urang Baduy kelebet urang primitif. 4. mugi-mugi ku ayana website ieu, urang kota, urang sunda atanapi urang-urang anu nggeus nganggap diri modern, maju tiasa eling yen maju anu sabenerna teh anu kumaha, nyaan geus modern atanapi mung pupulasan wungkul. Mobil Sedan ari miceun runtah di jalan raya, umpamana. Hapunten anu kasuhun baktos mz On Tue Dec 14th, 2010 1:40 AM ICT [email protected] wrote: >Hanjakal kompi si kuring boyot, janten letoy upami muka website anu aya seueur gambaran. >(teu acan kabuka sadayana) >Punten bade tumaros, maksad sareng tujuan eta website kanggo naon sareng kanggo saha? > >Nuhun sateuacana. >mz >+++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++ > >Sakawit mah keur bahan diajar nulis sareng diajar ngadamel website kangge barudak di lembur nu keur ngiring balajar sacara otodidak sasarengan jeung kula. >Pulah-pilih bahan, kacepluk kana masalah kabaduyan. > >Kitu tah kang Maman. Mangga di antos kritikanana sareng sarana. Bungah tos ditakol. > >Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu.. >Mipit kudu amit, ngala kudu menta. >TRL > > >↑ Grab this Headline Animator > >
