Menarik, upami ditingal tina usaha ngamasyarakatkeun Budaya Baduy, 
Ningali bahasa anu dianggona bhs. inggris, bahasa internasional; Numutkeun si 
kuring mah, 'ceruk pasar' atanapi 'segment market' anu di sasar asanamah kana 
usaha pariwisata, pikeun urang luar nagreg :),
Ieu kalebet ka kelompok 'Culture Tourism' tiasa oge "Eco Tourism'.
Naroskeun teh pedah we :
1. upami eta maksad pikeun ningkatkeun industri pariwisata, naha teu janten 
gangguan pikeun urang baduyna(paradox tea)?
2. upami aya nunamina  tujuan-wisata anu mangrupakeun kasatuan anu utuh sareng 
layak kanggo pariwisata, parantos aya anu ngempelkeun info anu lengkep?
3. upamina parantos lengkep datana, seueur keneh urang Sunda oge anu peryogi, 
heunteu urang luar nagreg wungkul. Masih seueur anu nganggap
yen urang Baduy kelebet urang primitif.
4. mugi-mugi ku ayana website ieu, urang kota, urang sunda atanapi urang-urang 
anu nggeus nganggap diri modern, maju tiasa eling yen
maju anu sabenerna teh anu kumaha, nyaan geus modern atanapi mung pupulasan 
wungkul. Mobil Sedan ari miceun runtah di jalan raya, umpamana.
 
Hapunten anu kasuhun
baktos
mz

On Tue Dec 14th, 2010 1:40 AM ICT [email protected] wrote:

>Hanjakal kompi si kuring boyot, janten letoy upami muka website anu aya seueur 
>gambaran.
>(teu acan kabuka sadayana)
>Punten bade tumaros, maksad sareng tujuan eta website kanggo naon sareng 
>kanggo saha?
>
>Nuhun sateuacana.
>mz
>+++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++++
>
>Sakawit mah keur bahan diajar nulis sareng diajar ngadamel website kangge 
>barudak di lembur nu keur ngiring balajar sacara otodidak sasarengan jeung 
>kula.
>Pulah-pilih bahan, kacepluk kana masalah kabaduyan. 
>
>Kitu tah kang Maman. Mangga di antos kritikanana sareng sarana. Bungah tos 
>ditakol.
>
>Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu..
>Mipit kudu amit, ngala kudu menta.
>TRL
>
>
>↑ Grab this Headline Animator
>
>



      


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke