Hanjakal kompi si kuring boyot, janten letoy upami muka website anu aya seueur 
gambaran.
(teu acan kabuka sadayana)
Punten bade tumaros, maksad sareng tujuan eta website kanggo naon sareng kanggo 
saha?

Nuhun sateuacana.
mz

On Mon Dec 13th, 2010 8:03 PM ICT [email protected] wrote:

>Hatur nuhun tos dikutap-kutip. Bade mairan iklanna wungkul, isinamah can 
>kauntup ku elmu kula ngeunaan Adam Tunggal. Eta website teu gratis, kula 
>mayar. Teks nu aslina di alamat ieu, http://www.visitbaduyvillage.com/ . Mun 
>aya di web nu lian, eta tiasa kenging ngopi atanapi kenging RSS, sapertos nu 
>di Jakarta Post. 
>
>Upami aya dulur nu bade nulis di baduyvillage mangga, ngan kedah ngangge 
>bahasa Inggris, tulisanana orisinal, pamikiran sorangan, jeung perkawis Baduy 
>atanapi Sunda. (Iklan oge ieu kitu?, punteh ah bongan dimimitian)
>
>Nuhun, mangga dipangjawabkeun kunu sanes.
>Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu,
>Tong Caah kabanjiran, mun geus banjir mah sangsara
>TRL
>
>
>
>↑ Grab this Headline Animator
>
>
>  ----- Original Message ----- 
>  From: Maman 
>  To: [email protected] 
>  Sent: Tuesday, December 14, 2010 7:51 PM
>  Subject: [kisunda] Adam Tunggal
>
>
>    
>  Ngutip ti wewebsitan damelan kang Rifki, geuningan ayana dina kharatisan? 
> padahal pan upami dinu wadah nu resmi nyalira mah mung peryogi acis 400 
> rebu(bandwidth unlimited, kapasitas data 300 MB). :)
>  Bilih bade ku abdi didaptarkeun. he.he.he. iklan. Keun we etamah bubuka 
> wungkul.
>  Si kuring mah ayeuna hoyong mairan seratan anu dikutip tina website eta.
>
>  Every individual of the Baduy is the embodiment of these unveiled mystical 
> codes. They are responsible to take care "the Nation," which is now referring 
> to the Republic of Indonesia and the whole world globally. The sacred duties 
> call them to "ngabaratapakeun" and "ngabaratanghikeun" wiwitan.
>
>  "Kami lain embung hirup kawas jalma lain. Kusabab kudu aya nu neguhkeun, 
> matuhkeun wiwitan tea, kami kudu sanggup ngabaratapakeun-ngabaratanghikeun 
> titipan ti Adam Tunggal" 
>
>  (Suhada, Masyarakat Baduy Dalam Rentang Sejarah, 2007)
>  ===
>  Asa hemeng, maca seratan tina kutipan lisan Pu'un Suhada.
>  Nyukcruk galur mapay raratan, tungtung-tungtungna ampir kabeh nu boga agama 
> ti Nabi Ibrohim boga kayakinan
>  yen urang-urang sakabeh jelema turunan ti Adam (tunggal), teras ceuk 
> keterangan mah Hawa tina tulang sulbi
>  nabi Adam.
>
>  Upami ditingal dina geograpi, asa tebih pisan wewengkon Timur Tengah sareng 
> Wewengkon Kanekes, tapi naha
>  bet aya istilah anu sami : Adam ???
>
>  Numutkeun oge hiji riwayat, turuna Adam ka dunia teh lelebahan na di India, 
> teras tepang sareng Siti Hawa di Jabal Rahmah di Mekah Saudi Arabia ( mapah 
> kitu Nabi Adam ti India ka Mekah, atanapi naek Onta ?).
>
>  Soal asal muasal jelema, upami ngudag kana syareat mah moal meunang asanamah 
> jawaban anu munel, acan deui
>  pamikiran teori evolusi, wah matak butak sirah.
>
>  Si kuring mah, osok dilumpatkeun kana kahakekatan(escapisme kitu?), kaitanna 
> sereng perkawis Adam Tunggal teh numutkeun emutan abdi mah ngandung makna yen 
> Adam teh Nunggal sareng Alam ieu, taneuh, bumi angin cai,
>  seuneu ngahiji di ka-Adaman jeung turunan-nana, kumaha teknis sareng proses 
> na mah wallohualam bisowab.
>
>  Sebat we mitos, mung ku urang Kanekes mah eta janten ideologi (pola pikir) 
> anu dijalankeun dina kahirupan
>  nyata sapopoe, naon nyatana MIARA ALAM SEMESTA IEU anu mangrupakeun titipan 
> ti Adam Tunggal. Jelas pisan
>  naon anu diucapkeun jeung dilakukeun : sanggup 
> ngabaratapakeun-ngabaratanghikeun titipan ti Adam Tunggal.
>  Upami aya syahadatnamah tiasa wae dikedallisankeun ieu : 
> 'Ashaduallailahailleloh waashadu anna Adam khalifatulloh"
>
>  Baktos
>  mz
>
>
>
>  


      


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke