hatur nuhun bah oman sumuhun maksad teh kitu, urang ngaguar kagorengan/kelemahan urang teh ngarah tiasa urang memperbaiki. ari masalah kakurangan mah, sapuk sareng bah willy, sanes sunda wae, seler sejen ge teu sakedik nu ngedul nu teu wanian. ari ieu mah ngaguar teh nya jang sa-urang-eun (sim kuring utamina). keun weh seler batur deuk ngedul atawa kumaha2 ge. ari kakurangan eta mah secara alamiah aya dina diri manusa, seler naon wae ge, sangat manusiawi. mudah2an weh kuring teu lebet kana kategori sapertos saur bah willy, sok neluh maneh cenah. da niat awalna ge pan ngaguar nu kurangna oge nu leuwihna. muhun saur teori urang kulon mah analisa SWOT tea lah. tah tina opat ge ning tos aya solusina, kantun praktekna (nu pang hese2na). tangtu eta ge engke na mah mun diguar deui, tiasa manjangan, utamina tina pangalaman2 baraya sadayana kumaha ngalarapkeun solusi nu opat eta dina kahirupan sadidinten. mangga bilih aya bade nu nambihan deui, boh kelemahanna boh kekuatan/kelebihan US teh. --> JeBe <--
________________________________ From: oman abdurahman <[email protected]> To: [email protected] Sent: Fri, December 17, 2010 12:33:36 PM Subject: Re: [kisunda] Kelemahan Kekuatan US Sacara mental, 4 paharaman oge kudu asup kana kelemahan US. Anu 4 teh: babarian, kukulutus, humandeuar, jeung pundungan. Babarian kudu diganti ku tahan uji jeung tekun; kukulutus kudu diganti ku ngalobakeun gawe anu hade; humandeuar kudu diganti ku usaha anu soson; pundungan kudu diganti ku ngalobakeun silaturahmi. manar 2010/12/17 mh <[email protected]> > > > >2010/12/17 Waluya <[email protected]> > > > >>> Kelemahan: >>> 1. teu wanian => sanes dina konteks gelut nya hehe >> WLY: Satuju, urang Sunda kurang wani nyokot resiko, tapi teu kabeh, aya >>sabagian oge nu wanian. >> >> >>> 2. teu atawa kurang suka amun baraya (seler sunda) maju >> WLY: Wah eta mah manusiawi, najan di etnik sejen oge aya wae nu sirik pidik >>mah. >> >>> 3. kurang bersaing >>WLY : Satengahna satuju >> >>> 4. kedul >>WLY: Mungkin, nu jelas urang sunda mah resep heureuy, tepika sakapeung salah >>nempatkeun dimana kudu heureuy, dimana kudu serieus. Lamun kabeh dipake >>heureuy, hasilna oge ukur "heureuy", teu ngajadi. >> >>> 5. ewang ewangan >>WLY: Ah eta oge manusiawi, etnik sejen oge sarua, katempona we kompak. Nu >>jelas akar rumput urang Sunda teu ewang-ewangan, contona para padagang >>non-formal di kota gede, maranehna sok ngajak batur salemburna ngajak usaha >>nu sarua. Contona tukang mie rebus di Jakarta. Ngan nu masalah urang sunda >>nu jadi pejabat/ keur kawasa, biasana sok rada hese mere lolongkrang ka >>urang sunda deui, sieun disebut teu nasionalis. Tapi teu bisa nyalahkeun, >>sabab memang aya trauma di urang Sunda baheula di taun 1950-1960'an soal >>perkara ieu teh. Bisa dibaca dibukuna Ayip Rosyidi "Hurip Waras", aya >>kajadian politik naon di tatar Sunda ditaun 1950-1960'an. >> >> >no 1-5, teu aya dasar argumentasi nu kuat, > > >Lamun kuring meunang nambahan, salah sahiji kalemahan urang sunda teh nyaeta >>resep NELUH MANEH, ngajejeleh etnik sorangan, bebeakan. Lamun carana >>terus-terusan kieu, urang sunda lain "hudang", malah tambah minder jeung >>tikerelep. Intropeksi perlu, tapi ulah kaleuleuwihi. >> >> >tah mun nu ieu, uing satuju, paling henteu bisa kabaca dina tulisan di milis > > >
