pakait sareng pernyataan abah: no 1-5, teu aya dasar argumentasi nu kuat sumuhun pisan eta mah, sadar pisan sim kuring ge. hapunten sim kuring teu ngalakukeun survey atanapi penelitian nu ilmiah. eta mah sakadar pangalaman kahirupan pribadi tur nu karasa dina kahirupan sim kuring. hapunten bilih kirang merenah, sanes bade nyakompetdaunkeun. seueur nu sae di US oge, mung pan saurna seueur nu gaduh patarosan: NAHA US teu boga panggung di Indonesia. dalah DPRD di Jabar ge seueur non-US. atuh nya dina pangalama abah aya benten sareng pangalaman sim kuring, mangga urang guar di dieu, manawi janten picontoeun kanggo baraya, utamina sim kuring
hatur nuhun --> JeBe <-- ________________________________ From: mh <[email protected]> To: [email protected] Sent: Fri, December 17, 2010 12:28:47 PM Subject: Re: [kisunda] Kelemahan Kekuatan US 2010/12/17 Waluya <[email protected]> >> Kelemahan: >> 1. teu wanian => sanes dina konteks gelut nya hehe > WLY: Satuju, urang Sunda kurang wani nyokot resiko, tapi teu kabeh, aya >sabagian oge nu wanian. > > >> 2. teu atawa kurang suka amun baraya (seler sunda) maju > WLY: Wah eta mah manusiawi, najan di etnik sejen oge aya wae nu sirik pidik >mah. > >> 3. kurang bersaing >WLY : Satengahna satuju > >> 4. kedul >WLY: Mungkin, nu jelas urang sunda mah resep heureuy, tepika sakapeung salah >nempatkeun dimana kudu heureuy, dimana kudu serieus. Lamun kabeh dipake >heureuy, hasilna oge ukur "heureuy", teu ngajadi. > >> 5. ewang ewangan >WLY: Ah eta oge manusiawi, etnik sejen oge sarua, katempona we kompak. Nu >jelas akar rumput urang Sunda teu ewang-ewangan, contona para padagang >non-formal di kota gede, maranehna sok ngajak batur salemburna ngajak usaha >nu sarua. Contona tukang mie rebus di Jakarta. Ngan nu masalah urang sunda >nu jadi pejabat/ keur kawasa, biasana sok rada hese mere lolongkrang ka >urang sunda deui, sieun disebut teu nasionalis. Tapi teu bisa nyalahkeun, >sabab memang aya trauma di urang Sunda baheula di taun 1950-1960'an soal >perkara ieu teh. Bisa dibaca dibukuna Ayip Rosyidi "Hurip Waras", aya >kajadian politik naon di tatar Sunda ditaun 1950-1960'an. > > no 1-5, teu aya dasar argumentasi nu kuat, Lamun kuring meunang nambahan, salah sahiji kalemahan urang sunda teh nyaeta >resep NELUH MANEH, ngajejeleh etnik sorangan, bebeakan. Lamun carana >terus-terusan kieu, urang sunda lain "hudang", malah tambah minder jeung >tikerelep. Intropeksi perlu, tapi ulah kaleuleuwihi. > > tah mun nu ieu, uing satuju, paling henteu bisa kabaca dina tulisan di milis
