Edun pisan kang Oman resep teh, eta nu kudu digedekeun keur urang saanak turunan
________________________________ From: oman abdurahman <[email protected]> To: [email protected] Sent: Fri, December 17, 2010 1:33:36 PM Subject: Re: [kisunda] Kelemahan Kekuatan US Sacara mental, 4 paharaman oge kudu asup kana kelemahan US. Anu 4 teh: babarian, kukulutus, humandeuar, jeung pundungan. Babarian kudu diganti ku tahan uji jeung tekun; kukulutus kudu diganti ku ngalobakeun gawe anu hade; humandeuar kudu diganti ku usaha anu soson; pundungan kudu diganti ku ngalobakeun silaturahmi. manar 2010/12/17 mh <[email protected]> > > > >2010/12/17 Waluya <[email protected]> > > > >>> Kelemahan: >>> 1. teu wanian => sanes dina konteks gelut nya hehe >>WLY: Satuju, urang Sunda kurang wani nyokot resiko, tapi teu kabeh, aya >>sabagian oge nu wanian. >> >> >>> 2. teu atawa kurang suka amun baraya (seler sunda) maju >>WLY: Wah eta mah manusiawi, najan di etnik sejen oge aya wae nu sirik pidik >>mah. >> >>> 3. kurang bersaing >>WLY : Satengahna satuju >> >>> 4. kedul >>WLY: Mungkin, nu jelas urang sunda mah resep heureuy, tepika sakapeung salah >>nempatkeun dimana kudu heureuy, dimana kudu serieus. Lamun kabeh dipake >>heureuy, hasilna oge ukur "heureuy", teu ngajadi. >> >>> 5. ewang ewangan >>WLY: Ah eta oge manusiawi, etnik sejen oge sarua, katempona we kompak. Nu >>jelas akar rumput urang Sunda teu ewang-ewangan, contona para padagang >>non-formal di kota gede, maranehna sok ngajak batur salemburna ngajak usaha >>nu sarua. Contona tukang mie rebus di Jakarta. Ngan nu masalah urang sunda >>nu jadi pejabat/ keur kawasa, biasana sok rada hese mere lolongkrang ka >>urang sunda deui, sieun disebut teu nasionalis. Tapi teu bisa nyalahkeun, >>sabab memang aya trauma di urang Sunda baheula di taun 1950-1960'an soal >>perkara ieu teh. Bisa dibaca dibukuna Ayip Rosyidi "Hurip Waras", aya >>kajadian politik naon di tatar Sunda ditaun 1950-1960'an. >> >> >no 1-5, teu aya dasar argumentasi nu kuat, > > >Lamun kuring meunang nambahan, salah sahiji kalemahan urang sunda teh nyaeta >>resep NELUH MANEH, ngajejeleh etnik sorangan, bebeakan. Lamun carana >>terus-terusan kieu, urang sunda lain "hudang", malah tambah minder jeung >>tikerelep. Intropeksi perlu, tapi ulah kaleuleuwihi. >> >> >tah mun nu ieu, uing satuju, paling henteu bisa kabaca dina tulisan di milis > > >
