2010/12/17 JeBe <[email protected]>

>
>
> pakait sareng pernyataan abah: *no 1-5, teu aya dasar argumentasi nu kuat*
> sumuhun pisan eta mah, sadar pisan sim kuring ge. hapunten sim kuring teu
> ngalakukeun survey atanapi penelitian nu ilmiah. eta mah sakadar pangalaman
> kahirupan pribadi tur nu karasa dina kahirupan sim kuring.
> hapunten bilih kirang merenah, sanes bade nyakompetdaunkeun. seueur nu sae
> di US oge, mung pan saurna seueur nu gaduh patarosan: NAHA US teu boga
> panggung di Indonesia. dalah DPRD di Jabar ge seueur non-US.
>


Tenang Kang JB, hehehe, tuh Kang Manar nyerengeh deui.
Teu kedah hahapuntenan sagala, maksud uing mah najan teu make survey, cing
bere argumen.

Patali jeung patarosan "NAHA US teu boga panggung di Indonesia. dalah DPRD
di Jabar ge seueur non-US." Uing boga jawaban sementara. Kaayaan US ayeuna
jiga nu "gering", boga kahayang tapi teu daek usaha ku cara nu ilahar jeung
batur. Geura toong,
urang boga kahayang aya US nu jadi presiden, tapi urang teu daek nyieun
partey pulitik keur ngudag kahayangna. Naon nu dilakukeun ku US, persis jiga
nu digambarkeun dina uga Siliwangi, nu netelakeun cenah engke baris pada
nyarambat deui. Nu hartina urang ukur ngadagoan panyambat batur. Nu ngaranna
disambat batur, tangtuna he ukur keur batur keueung, moal kungsi kajadian
nyambat bari nyanggakeun korsi mahkota.

Tah mun hayang jadi presiden, geura nyarieun parpol atuh.

Kirim email ke