Di Timur tengah, sigana moal aya tradisi kekembangan, nya heu euh da taneuhna
tandus, kembang kaktus aya na oge. (aya kitu nu sanesna ?)Nu matak moal wawuh
kanu tradisi kembang tujuh rupa, boro-boro 7, hiji oge hese, tah lamun menyan
mah aya. he.he.he.
Makhluk-makhluk halus (he.he.he balik deui ka dunia ghoib), raresepeun kanu
babauan, ieu anu jadi media
makhluk nyata jeung makhluk teu nyata, da anu ngarana haseup(gas), bisa disebut
euweuh tapi aya, aya tapi euweuh (sifat dzat anu salamina memenuhi
ruangan/rohangan nu aya).
Emut ka ajaran Salimulleh na Lia Eden atanapi Lia Aminudin, numutkeun abdi mah
anjeuna gaduh katiasa kontak
sareng "jibril"(numutkeun kayakinan anjeuna) kusabab anjeuna ti ngawitan alit
dugi ka dewasa resep kanu
kekembangan, sigana ku sering ngangseu haseup(wawangi) kembang anjeuna jenten
tiasa kontak sareng 'dunia lain' (der we di aku jibril tea)
baktos
mz
from: Jalak Pakuan
.Bah Taji boa-boa karuhun can salse kitu nyerat kembang2 sejena atawa catetan2
kembang sejena kantos diserat ngan tos leungit? .Lebar seueur kekembangan
fenomental di tatar sunda naha bet diheureutkeun jadi 5. Contona wae kembang
malati nu tahan banting ku hujan ku halodo tetep sumeleber nyambuang, kitu oge
nu kamari dibahas kembang samoja. Eta conto 2 kembang naha teu aya filosofina?
(tacan kaserat sang pujangga??).
Padma mah langkung caket kana lambang budha/hindu, lambang kasampurnaan, janten
sanes tiongkok/oriental sentris sareng deuih da jepang mah nyekel kembang
seruni, lambang nu diangge kaisar.
baktos
JP
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/