Nuhun kang Taji, kang Maman sim kuring jadi panasaran ngaguar filosofi kembang urang sunda buhun nya paling ayeuna mah mana dugi ka mana.Nya kapaksa mesekna make conto ti luar, didieu jepang tea nu sukses nepi ka boga Ikebana, seni/filosofi ngarangkey kembang.
Punten di awal ku abdi tos dicegat ngeunaan karuhun/sunda buhun margi panasaran lamun geus nalian sorangan ngan ngaku 5 kembang. JP NB 1. Timur tengah? duka tah lamun na oasis aya kembang nu wedel kawas bougenvilke 2. Perkara jurig/jin resep babauan mah nafsi2 we lah nya 3. Lia Eden? Nu hade mah Suzanna atuh nu sok dahar kekembangan boa2 jibril ge sieuneun panggih he he Makarya Mawa Raharja ________________________________ Dari: Maman <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rab, 22 Desember, 2010 10:43:48 Judul: Re: Bls: [kisunda] Mitologi kembang jeung urang sunda Di Timur tengah, sigana moal aya tradisi kekembangan, nya heu euh da taneuhna tandus, kembang kaktus aya na oge. (aya kitu nu sanesna ?)Nu matak moal wawuh kanu tradisi kembang tujuh rupa, boro-boro 7, hiji oge hese, tah lamun menyan mah aya. he.he.he. Makhluk-makhluk halus (he.he.he balik deui ka dunia ghoib), raresepeun kanu babauan, ieu anu jadi media makhluk nyata jeung makhluk teu nyata, da anu ngarana haseup(gas), bisa disebut euweuh tapi aya, aya tapi euweuh (sifat dzat anu salamina memenuhi ruangan/rohangan nu aya). Emut ka ajaran Salimulleh na Lia Eden atanapi Lia Aminudin, numutkeun abdi mah anjeuna gaduh katiasa kontak sareng "jibril"(numutkeun kayakinan anjeuna) kusabab anjeuna ti ngawitan alit dugi ka dewasa resep kanu kekembangan, sigana ku sering ngangseu haseup(wawangi) kembang anjeuna jenten tiasa kontak sareng 'dunia lain' (der we di aku jibril tea) baktos mz from: Jalak Pakuan .Bah Taji boa-boa karuhun can salse kitu nyerat kembang2 sejena atawa catetan2 kembang sejena kantos diserat ngan tos leungit? .Lebar seueur kekembangan fenomental di tatar sunda naha bet diheureutkeun jadi 5. Contona wae kembang malati nu tahan banting ku hujan ku halodo tetep sumeleber nyambuang, kitu oge nu kamari dibahas kembang samoja. Eta conto 2 kembang naha teu aya filosofina? (tacan kaserat sang pujangga??). Padma mah langkung caket kana lambang budha/hindu, lambang kasampurnaan, janten sanes tiongkok/oriental sentris sareng deuih da jepang mah nyekel kembang seruni, lambang nu diangge kaisar. baktos JP
