hehe, cek hiji situs (http://www.citraindahrumahku.com/bunga-wijaya-kusuma/),
kembang wijayakusumah sarupaning kakaktusan malah.

nu jadi panasaran kuring kana kekembangan sunda nyaeta, dina carita buhun
mana ieu kekembangan ayana? misalkeun kembang panonpoe kasebut dina carita
naon? da nu karasa ku kuring ngaran ieu kembang ukur tarjamah tina aran basa
indonesiana, bunga matahari.

nuhun sareng punten pami lepat,

2010/12/22 Maman <[email protected]>

>
>
> Di Timur tengah, sigana moal aya tradisi kekembangan, nya heu euh da
> taneuhna tandus, kembang kaktus aya na oge. (aya kitu nu sanesna ?)Nu matak
> moal wawuh kanu tradisi kembang tujuh rupa, boro-boro 7, hiji oge hese, tah
> lamun menyan mah aya. he.he.he.
> Makhluk-makhluk halus (he.he.he balik deui ka dunia ghoib), raresepeun kanu
> babauan, ieu anu jadi media
> makhluk nyata jeung makhluk teu nyata, da anu ngarana haseup(gas), bisa
> disebut euweuh tapi aya, aya tapi euweuh (sifat dzat anu salamina memenuhi
> ruangan/rohangan nu aya).
> Emut ka ajaran Salimulleh na Lia Eden atanapi Lia Aminudin, numutkeun abdi
> mah anjeuna gaduh katiasa kontak
> sareng "jibril"(numutkeun kayakinan anjeuna) kusabab anjeuna ti ngawitan
> alit dugi ka dewasa resep kanu
> kekembangan, sigana ku sering ngangseu haseup(wawangi) kembang anjeuna
> jenten tiasa kontak sareng 'dunia lain' (der we di aku jibril tea)
>
> baktos
> mz
>
>
> from: Jalak Pakuan
>
> .Bah Taji boa-boa karuhun can salse kitu nyerat kembang2 sejena atawa
> catetan2
> kembang sejena kantos diserat ngan tos leungit? .Lebar seueur kekembangan
> fenomental di tatar sunda naha bet diheureutkeun jadi 5. Contona wae
> kembang
> malati nu tahan banting ku hujan ku halodo tetep sumeleber nyambuang, kitu
> oge
> nu kamari dibahas kembang samoja. Eta conto 2 kembang naha teu aya
> filosofina?
> (tacan kaserat sang pujangga??).
>
> Padma mah langkung caket kana lambang budha/hindu, lambang kasampurnaan,
> janten
> sanes tiongkok/oriental sentris sareng deuih da jepang mah nyekel kembang
> seruni, lambang nu diangge kaisar.
>
> baktos
> JP
>
>  
> ___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke