Naon nu ku kuring dipikaresep di bulan "ber-beran" unggal taun? Pesta dahar
bubuahan. Mimiti biasana musim buah (mangga). Buah dijual dimana-mana, mani
ngaleuya. Hargana murah. Geus musim buah, ganti ku musim rambutan biasana
tepika januari/ februari. Bulan-bulan ieu, bulan dahareun "sehat" bari hargana
murah. Tapi carita ieu, lain carita taun ieu, sabab di taun ayeuna, sigana
tangkal buah teu baruahan, kuring teu ningali nu dagang buah dadakan di
jalan-jalan. Buah ukur aya di super market atawa di pasar gede, jeung hargana
sasankleng. Di ujung taun biasana geus diramekeun kunu dagang rambutan dadakan
di sisi-sisi jalan di Bandung, tapi ayeuna mah katingalina tiiseun wae. Naha
tangkal rambutan oge sarua "pundung" embung buahan siga tangkal buah? Sigana
mah kitu.
Cuaca cenah ayeuna keur ekstrim, mangaruhan tutuwuhan, tepika teu baruahan. Ari
sugan teh bangsa buah mangga jeung rambutan wae nu kapangaruhan ku musim teh,
sihoreng oge cabe jeung cengek. Cenah cengek (Cabe rawit) nu alus mutuna
hargana sakilo tepika 80.000 perak!. Luar biasa .....hargana geus ngaleuwihan
ladana.
Nu kuring salempang, lamun cuaca terus-terusan ekstrim, terus tutuwuhan kabeh
parundung teu baruahan atawa teu sarikian, timana bangsa manusa dalaharna nya?
Baktos,
WLY
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/