Tah ieu pisan anu sakedahna diantisipasi ku Pamarentah teh. Apan cenah salah sahiji visi Presiden ayeuna teh nyaeta "kamandirian jeung katahanan pangan"(lian ti kamandirian jeung katahanan energi jeung industri pertahanan). Sedengkeun ari pangan anu jadi pangabutuh sapopoe masyarakat urang kacida gumantungna kana iklim atawa cuaca atawa kayaan musim.
Sabenerna, danget ieu geus aya hiji kajian ngeunaan iklim ekstrim anu ngarupakeun akibat tina fenonena La Nina (umumna sok dihubungkeun jeung iklim ekstrikm baseuh atawa loba hujan) jeung El Nina (umumna sok dipakaitkeun jeung iklim ekstrim garing atawa halodo panjang). Iklim ekstrim (extrime climate event) sorangan ngarupakeun bagian tina indikasi fenomena perubahan iklim climate change). Anu ektrim di dieu nyaeta intensitasna (badagna) jeung frekuensina (mindengna kajadian). Hasil kajian di luhur, pancen gawe ti Bappenas, diwangun ku hasil pemodelan sea level rise pakait jeung pangaruhna kana iklim ekstrim (peryogi kauninga yen La Nina jeung El Nina teh pakait jeung parobahan2 beungeut cai laut) pikeun kondisi ayeuna (current condition - anu ngawengku kaayaan sababaraha tahu katukang, ayeuna, jeung sababaraha taun ka hareup), kondisi near future (sababaraha periode ka hareup, jeung future (nepi ka taun 2011), pikeun kondisi ayeuna geus kabuktian (ketepatanana). Kabeneran si kuring deukeut jeung tim anu ngalakukeun kajinana. Lamun diperlukeun pikeun Jabar si kuring Insya Alloh bisa ngahubungkeun ka ahli anu geus nyieun eta analisis anu dimaksud (misalna pikeun presentasi jst). Hiji pajemuhan anu diluuhan ku isntansi anu pakait oge wawakil masyarakat anu paduli sigana payus dilakukeun dina akhir taun ieu atawa awal taun hareup pikeun nolih kana iklim jeung pangaruhna kana katahanan pangan. Ku mikawanoh hasil prediksi iklim nepi ka taun 2100 ceuk pipiikiran mah baris loba manfaatna pikeun antisipasi jst. Cag heula. baktosna, manar 2010/12/28 Waluya <[email protected]> > > > Naon nu ku kuring dipikaresep di bulan "ber-beran" unggal taun? Pesta dahar > bubuahan. Mimiti biasana musim buah (mangga). Buah dijual dimana-mana, mani > ngaleuya. Hargana murah. Geus musim buah, ganti ku musim rambutan biasana > tepika januari/ februari. Bulan-bulan ieu, bulan dahareun "sehat" bari > hargana murah. Tapi carita ieu, lain carita taun ieu, sabab di taun ayeuna, > sigana tangkal buah teu baruahan, kuring teu ningali nu dagang buah dadakan > di jalan-jalan. Buah ukur aya di super market atawa di pasar gede, jeung > hargana sasankleng. Di ujung taun biasana geus diramekeun kunu dagang > rambutan dadakan di sisi-sisi jalan di Bandung, tapi ayeuna mah katingalina > tiiseun wae. Naha tangkal rambutan oge sarua "pundung" embung buahan siga > tangkal buah? Sigana mah kitu. > > Cuaca cenah ayeuna keur ekstrim, mangaruhan tutuwuhan, tepika teu baruahan. > Ari sugan teh bangsa buah mangga jeung rambutan wae nu kapangaruhan ku musim > teh, sihoreng oge cabe jeung cengek. Cenah cengek (Cabe rawit) nu alus > mutuna hargana sakilo tepika 80.000 perak!. Luar biasa .....hargana geus > ngaleuwihan ladana. > > Nu kuring salempang, lamun cuaca terus-terusan ekstrim, terus tutuwuhan > kabeh parundung teu baruahan atawa teu sarikian, timana bangsa manusa > dalaharna nya? > > Baktos, > WLY > > >
