Jigana usum buah kiwari geus "pundung" ka tanah besar Cina. Dua minggu ka tukang uing ngalanglang ka Borneo Kidul, aya pamandangan anyar, nu sasari tacan kungsi kapanggih. Sapanjang jalan ti Kota Sarebu Walungan ka Pangapungan manuk beusi, pinuh ku nu dagang buah jeruk Mandarin nu kulitna umyang koneng jiga kulit amoy. Ku bisaan ari batur, tatanen jeruk bisa dipanen diolah kulitna teuing ku mulus. Beda jeung jeruk lokal nu kulitna koromod jiga urut jurig kuris. Teuing nyarieun naon eta sakola tani sakola leuweung di urang, padahal sakitu balatakna aya di unggal madhab. Jeruk impor, beas impor, na naon atuh nu bisa dijueun ku urang nya?
2010/12/28 Waluya <[email protected]> > > > Naon nu ku kuring dipikaresep di bulan "ber-beran" unggal taun? Pesta dahar > bubuahan. Mimiti biasana musim buah (mangga). Buah dijual dimana-mana, mani > ngaleuya. Hargana murah. Geus musim buah, ganti ku musim rambutan biasana > tepika januari/ februari. Bulan-bulan ieu, bulan dahareun "sehat" bari > hargana murah. Tapi carita ieu, lain carita taun ieu, sabab di taun ayeuna, > sigana tangkal buah teu baruahan, kuring teu ningali nu dagang buah dadakan > di jalan-jalan. Buah ukur aya di super market atawa di pasar gede, jeung > hargana sasankleng. Di ujung taun biasana geus diramekeun kunu dagang > rambutan dadakan di sisi-sisi jalan di Bandung, tapi ayeuna mah katingalina > tiiseun wae. Naha tangkal rambutan oge sarua "pundung" embung buahan siga > tangkal buah? Sigana mah kitu. > > Cuaca cenah ayeuna keur ekstrim, mangaruhan tutuwuhan, tepika teu baruahan. > Ari sugan teh bangsa buah mangga jeung rambutan wae nu kapangaruhan ku musim > teh, sihoreng oge cabe jeung cengek. Cenah cengek (Cabe rawit) nu alus > mutuna hargana sakilo tepika 80.000 perak!. Luar biasa .....hargana geus > ngaleuwihan ladana. > > Nu kuring salempang, lamun cuaca terus-terusan ekstrim, terus tutuwuhan > kabeh parundung teu baruahan atawa teu sarikian, timana bangsa manusa > dalaharna nya? > > Baktos, > WLY > >
