Muhun kang Willy.. Mungkin diantara kita semua sudah pernah nonton film 2012, film yang begitu fenomenal dan membuat pro dan kontra, film yang penuh adegan2 mengerikan bagaimana dunia itu kiamat.
Tapi ceuk kuring mah lain kiamat 2012 anu paling dasyat mah, tapi kiamat batin.Kiamat batin kulantaran robahna perilaku jelema, kulantaran kalakuan jelema2 keneh wae. Tos heula...aya gangguan yeuh TM --- Pada Sel, 28/12/10, Waluya <[email protected]> menulis: Dari: Waluya <[email protected]> Judul: [kisunda] Duh Cuaca ....... Kepada: [email protected] Tanggal: Selasa, 28 Desember, 2010, 5:52 AM Naon nu ku kuring dipikaresep di bulan "ber-beran" unggal taun? Pesta dahar bubuahan. Mimiti biasana musim buah (mangga). Buah dijual dimana-mana, mani ngaleuya. Hargana murah. Geus musim buah, ganti ku musim rambutan biasana tepika januari/ februari. Bulan-bulan ieu, bulan dahareun "sehat" bari hargana murah. Tapi carita ieu, lain carita taun ieu, sabab di taun ayeuna, sigana tangkal buah teu baruahan, kuring teu ningali nu dagang buah dadakan di jalan-jalan. Buah ukur aya di super market atawa di pasar gede, jeung hargana sasankleng. Di ujung taun biasana geus diramekeun kunu dagang rambutan dadakan di sisi-sisi jalan di Bandung, tapi ayeuna mah katingalina tiiseun wae. Naha tangkal rambutan oge sarua "pundung" embung buahan siga tangkal buah? Sigana mah kitu. Cuaca cenah ayeuna keur ekstrim, mangaruhan tutuwuhan, tepika teu baruahan. Ari sugan teh bangsa buah mangga jeung rambutan wae nu kapangaruhan ku musim teh, sihoreng oge cabe jeung cengek. Cenah cengek (Cabe rawit) nu alus mutuna hargana sakilo tepika 80.000 perak!. Luar biasa .....hargana geus ngaleuwihan ladana. Nu kuring salempang, lamun cuaca terus-terusan ekstrim, terus tutuwuhan kabeh parundung teu baruahan atawa teu sarikian, timana bangsa manusa dalaharna nya? Baktos, WLY
