Kela nya Mang, Tunjangan Konvensional, Tunjangan Tradisional jeung Tunjangan Pakansinya acan turun keneh. Sugan awal taun. :) Nu puguh mah urang lembur siga kuring, << taun 2011, 1 januari, jam 00 >>, pajek fiskal ka luar nagrek di leungitkeun. Tah lamun kitu sigana lamun ulin ka Malaysia, cukup nyadiakeun ongkos jeung beaya keur pamondokan.
--- On Wed, 12/29/10, mh <[email protected]> wrote Baraya, rek pakanci kamarana tungtung taun ieu? Marudik ka lembur, atawa ngadon piknik ka gunung, ka basisir? Tong hilap oleh-olehna nya, sabangsaning dongeng lalakon pakanci, gambar tempat piknik, atawa naon wae. Mun arulin ka lembur, cing cobaan tewak hayam, ucing, atawa naon wae nu kapanggih. Heug fotoan nya, ngarah apal nu kumaha ari hayam bulu hiris, borontok, atawa carambang teh. Upama leukeun jiga kieu meureun jigana urang bakal boga database koleksi hazanah lembur urang. Tong hilap kintunkeun ka Ki Sunda nya. Nuhun, -mh-
