Baraya, rek pakanci kamarana tungtung taun ieu?
Marudik ka lembur, atawa ngadon piknik ka gunung, ka basisir?
Tong hilap oleh-olehna nya, sabangsaning dongeng lalakon pakanci, gambar
tempat piknik, atawa naon wae.

Mun arulin ka lembur, cing cobaan tewak hayam, ucing, atawa naon wae nu
kapanggih.
Heug fotoan nya, ngarah apal nu kumaha ari hayam bulu hiris, borontok, atawa
carambang teh.
Upama leukeun jiga kieu meureun jigana urang bakal boga database koleksi
hazanah lembur urang.

Tong hilap kintunkeun ka Ki Sunda nya.

Nuhun,
-mh-

Kirim email ke