Kapungkur tahun 1991 kantos mendakkan di daerah Ciawi tasik duka tah pami 
kiwari masih keneh aya kitu

hayam nu buntutna tukung, hayam naonnya ngaranna? 

Maenya hayam tukung kitu pingaraneunna.

 

Hayam tukung => hayam anu palebah buntutna kahandap ciga nu taya tungirna, mun 
seug teh eta hayam nagkarak teu bisa hudang, meureun sigana pedah ku tukung 
tungirna tea.

 

Baktos.
Sulkan, M
MTI-Engineering. Dept, X-9394

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of mh
Sent: Wednesday, December 29, 2010 9:38 AM
To: Ki Sunda
Subject: [kisunda] Pakanci Tungtung Taun?

 

  

Baraya, rek pakanci kamarana tungtung taun ieu?
Marudik ka lembur, atawa ngadon piknik ka gunung, ka basisir?
Tong hilap oleh-olehna nya, sabangsaning dongeng lalakon pakanci, gambar tempat 
piknik, atawa naon wae.

Mun arulin ka lembur, cing cobaan tewak hayam, ucing, atawa naon wae nu 
kapanggih. 
Heug fotoan nya, ngarah apal nu kumaha ari hayam bulu hiris, borontok, atawa 
carambang teh.
Upama leukeun jiga kieu meureun jigana urang bakal boga database koleksi 
hazanah lembur urang.

Tong hilap kintunkeun ka Ki Sunda nya.

Nuhun,
-mh-  



Kirim email ke