Taun 80-an, waktu masih keneh resep kukurusukan ka nu bala, ka leueung
sekitar Tangkuban Parahu, Situ Lembang, masih keneh osok manggihan hayam
cangehgar teh. Duka teuing ayeuna mah, masih aya keneh atawa henteu.

2010/12/29 Jalak Pakuan <[email protected]>

>
>
> Kahade kang Sultan bisi salah harti ngeunaan hayam mah....kedah teges sanes
> hayam mall atanapi hayam kampus. Nu sok panasaran mah mun aya hayam
> leuweung/cangehgar.....naha masih aya keneh henteu nya. Baheula taun 79-80an
> lamun ka pangandaran lebah tepung kanjut atawa mun ka jateng di sekitar
> majenang sok masih aya nempo cangehgar. Ayeuna mah tara ningal tah, geus
> kasedek leuweungna meureun nya.
>
>
> JP
>
> Makarya Mawa Raharja
>
>
> ------------------------------
> *Dari:* mh <[email protected]>
> *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]>
> *Terkirim:* Rab, 29 Desember, 2010 10:37:49
> *Judul:* [kisunda] Pakanci Tungtung Taun?
>
>
>
> Baraya, rek pakanci kamarana tungtung taun ieu?
> Marudik ka lembur, atawa ngadon piknik ka gunung, ka basisir?
> Tong hilap oleh-olehna nya, sabangsaning dongeng lalakon pakanci, gambar
> tempat piknik, atawa naon wae.
>
> Mun arulin ka lembur, cing cobaan tewak hayam, ucing, atawa naon wae nu
> kapanggih.
> Heug fotoan nya, ngarah apal nu kumaha ari hayam bulu hiris, borontok,
> atawa carambang teh.
> Upama leukeun jiga kieu meureun jigana urang bakal boga database koleksi
> hazanah lembur urang.
>
> Tong hilap kintunkeun ka Ki Sunda nya.
>
> Nuhun,
> -mh-
>
>
>

Kirim email ke