mimitina ti babaturan basa ngobrol di pipir pakulen (tempat gawe) nu diteruskeun dina sejen waktu manehna mere tumbu (link) ka youtube nu milmkeun upaya inyana saparakanca dina ngaidentifikasi eta piramid, oge sababara tumbu ka artikel jeung gambar nu pakait jeung masalah eta. nu mimiti liwat dina pikiran sanggeus ningali/maca teori eta: rohaka! enya lamun bener di tatar sunda (nusantara umumna) aya piramid nu leuwih badag ti piramid paraoh nu aya di giza bakal jadi warta nu pirohakaeun. bakal ngagemparkeun dunya persilatan :p . dunya kang ouw bakal geunjleung, da nu nepi ka kiwari sumebar di kalangan urang sorangan pan di ieu tatar mah henteu loba peninggalan karuhun nu gigantik, nu bisa jadi kareueus boh keur urang oge keur anak incu. pamikiran eta teh nu salawasna nyangkaruk hususna di kalangan jiga kuring nu muhit paham pisikisme, yen pisik kacida pentingna. awewe disebut hade deuleu teh pan nu gaduh bemper payun tukang gigantik haha, eh punten kacaletot, anggap we kuring nuju heureuy nya?
tah kulantaran kitu, kuring hayang terang pamendak sadayana jenuk milis. jeung mudah-mudahan we, lamun hal ieu diileng bisa narik ati ahli elmu nu biasa (sains), jenuk sadaya tiasa masihan embar ka inyanya. susuganan aranjeunna, ahli elmu biasa eta tiasa ngayakeun panalungtikan nu langkung teleb. da naon nu dilakukeun ku babaturan saparakanca teh, cek aranjeunna mah ngangge elmuning karuhun. jeung mangsa maranehna menta bantuan ahli elmu biasa biasana mah direspon kurang alus. malah nepi ka katingalina mah aranjeunna teh penggas harepan ka ahli elmu biasa, nepi ka kedal 'maca buku sajarah nu nyampak mah matak kasarung'. kangge bahan awal ieu aya film sareng artikel-artikel nu pakait jeung piramit eta: - http://www.youtube.com/watch?v=PoH625INWi4&feature=player_embedded - http://www.youtube.com/watch?v=Mm4YZoeS-4w&feature=related - http://www.lakubecik.org/ nuhun -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
