ambu richa kungsi mapandekeun punden berundak atawa dina basa majalah
balebat mah babalayan ieu ku cau. kira-kira saur anjeunna teh beuki kulon
cauna beuki 'asli' (kirang momones). ibaratna patilasan karuhun beh kulon
mah cau asakna tangkal, ka wetan mah bisa jadi cau kulub atawa cau molen.

babalayan di kulon mah henteu loba ngarobah bentuk alam. nu ngaranna pasir
teh angger mirupa pasir, minangka momonesna teh paling ukur digangseng. di
beh wetan babalayan nu basajan teh aya nu diropea, nepi ka salin jinis jadi
candi.

mj (mang jamal) di milis ieu (atawa di milis sabeulah nya?) kungsi nulis nu
mirip jeung bah oca, beuki basajan hiji peradaban beuki kuno. ngan mun di
hiji peradaban patilasan nu kapanggih ukur nu basajan nu jadi patarosanana
naha eta peradaban teh henteu ligar? naha bangsa nu nyieunna teh bangsa nu
kuuleun (sadrah kana pamere alam)?

mun ningali sajarah bangsa-bangsa di eropa, patilasan teh lengkep ti mimiti
rorongkong manusa purba nenderthal nu boga irung kacida beukah nepi ka
kastil/kuil nu agreng. malah f-16, f-117 ge ayeuna geus jadi patilasan
peradaban ieu bangsa. jeung kabukti kiwari, pawangasa dunya datangna ti
bangsa eta.

ku kituna ngaruntuykeun ngaligarna (perkembangan) hiji bangsa cek kuring mah
penting kacida. ieu ngabuktikeun yen bangsa eta ge bisa maju ku nete
hambalan jieunan sorangan. teu jiga kiwari, bangsa sunda ngarasa lewang
mateaan jaman. sabab aya jarak titincakan nu anggang teuing antara patilasan
karuhun jeung titincakan nu kudu disanghareupan. eta cenah bisa ngadopsi
peradaban ti luar, cara urang eropa ngadopsi kristen, islam, atawa afrika?
bisa, ngan resiko nu disanghareupan bangsa jiga sunda bakal leuwih gede.
peluang leungitna ciri mandiri sunda kabuka lebar. sabab juntina leuwih teas
manan jati.

2011/1/19 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

>
>
> di nusantara geus teu bireuk deui kana anu disebut 'punden berundak'
> conto di situs gunung padang, kac. campaka cianjur kaasup punden berundak.
> eta cikal bakal piramida. anu umurna jauh leuwih kolot ti batan teknologi
> piramida dijaman megalithikum, kl 10.000 taun katukang.
> hn*R3M
>
> 2011/1/19 Dudi Herlianto <[email protected]>
>
>
>>
>> mimitina ti babaturan basa ngobrol di pipir pakulen (tempat gawe) nu
>> diteruskeun dina sejen waktu manehna mere tumbu (link) ka youtube nu
>> milmkeun upaya inyana saparakanca dina ngaidentifikasi eta piramid, oge
>> sababara tumbu ka artikel jeung gambar nu pakait jeung masalah eta. nu
>> mimiti liwat dina pikiran sanggeus ningali/maca teori eta: rohaka! enya
>> lamun bener di tatar sunda (nusantara umumna) aya piramid nu leuwih badag ti
>> piramid paraoh nu aya di giza bakal jadi warta nu pirohakaeun. bakal
>> ngagemparkeun dunya persilatan :p . dunya kang ouw bakal geunjleung, da nu
>> nepi ka kiwari sumebar di kalangan urang sorangan pan di ieu tatar mah
>> henteu loba peninggalan karuhun nu gigantik, nu bisa jadi kareueus boh keur
>> urang oge keur anak incu. pamikiran eta teh nu salawasna nyangkaruk hususna
>> di kalangan jiga kuring nu muhit paham pisikisme, yen pisik kacida
>> pentingna. awewe disebut hade deuleu teh pan nu gaduh bemper payun tukang
>> gigantik haha, eh punten kacaletot, anggap we kuring nuju heureuy nya?
>>
>> tah kulantaran kitu, kuring hayang terang pamendak sadayana jenuk milis.
>> jeung mudah-mudahan we, lamun hal ieu diileng bisa narik ati ahli elmu nu
>> biasa (sains), jenuk sadaya tiasa masihan embar ka inyanya. susuganan
>> aranjeunna, ahli elmu biasa eta tiasa ngayakeun panalungtikan nu langkung
>> teleb. da naon nu dilakukeun ku babaturan saparakanca teh, cek aranjeunna
>> mah ngangge elmuning karuhun. jeung mangsa maranehna menta bantuan ahli elmu
>> biasa biasana mah direspon kurang alus. malah nepi ka katingalina mah
>> aranjeunna teh penggas harepan ka ahli elmu biasa, nepi ka kedal 'maca buku
>> sajarah nu nyampak mah matak kasarung'.
>>
>> kangge bahan awal ieu aya film sareng artikel-artikel nu pakait jeung
>> piramit eta:
>>
>>    - http://www.youtube.com/watch?v=PoH625INWi4&feature=player_embedded
>>    - http://www.youtube.com/watch?v=Mm4YZoeS-4w&feature=related
>>    - http://www.lakubecik.org/
>>
>> nuhun
>>
>> --
>> d-: dudi herlianto :-q
>> paciringan.wordpress.com
>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>
>>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke