Kumaha Candi Ceto di Jateng, Kang? Ningal bentukna mah siga pisan wangun
kuil suku Maya-Aztec.

Lamun hayang mastikeun naha eta bentuk gunung2 anu siga candi di Indonesia
(di Bandung jeung di Garut aya, sakumaha dina dokumen2/video2 jero link anu
ti kang Dudi) teh piramid jieunan nu ti heula, disurvei wae atuh. Sababaraha
metode survei geologi bisa digunakeun pikeun eta tujuan.

manar

2011/1/20 Dudi Herlianto <[email protected]>

>
>
> ambu richa kungsi mapandekeun punden berundak atawa dina basa majalah
> balebat mah babalayan ieu ku cau. kira-kira saur anjeunna teh beuki kulon
> cauna beuki 'asli' (kirang momones). ibaratna patilasan karuhun beh kulon
> mah cau asakna tangkal, ka wetan mah bisa jadi cau kulub atawa cau molen.
>
> babalayan di kulon mah henteu loba ngarobah bentuk alam. nu ngaranna pasir
> teh angger mirupa pasir, minangka momonesna teh paling ukur digangseng. di
> beh wetan babalayan nu basajan teh aya nu diropea, nepi ka salin jinis jadi
> candi.
>
> mj (mang jamal) di milis ieu (atawa di milis sabeulah nya?) kungsi nulis nu
> mirip jeung bah oca, beuki basajan hiji peradaban beuki kuno. ngan mun di
> hiji peradaban patilasan nu kapanggih ukur nu basajan nu jadi patarosanana
> naha eta peradaban teh henteu ligar? naha bangsa nu nyieunna teh bangsa nu
> kuuleun (sadrah kana pamere alam)?
>
> mun ningali sajarah bangsa-bangsa di eropa, patilasan teh lengkep ti mimiti
> rorongkong manusa purba nenderthal nu boga irung kacida beukah nepi ka
> kastil/kuil nu agreng. malah f-16, f-117 ge ayeuna geus jadi patilasan
> peradaban ieu bangsa. jeung kabukti kiwari, pawangasa dunya datangna ti
> bangsa eta.
>
> ku kituna ngaruntuykeun ngaligarna (perkembangan) hiji bangsa cek kuring
> mah penting kacida. ieu ngabuktikeun yen bangsa eta ge bisa maju ku nete
> hambalan jieunan sorangan. teu jiga kiwari, bangsa sunda ngarasa lewang
> mateaan jaman. sabab aya jarak titincakan nu anggang teuing antara patilasan
> karuhun jeung titincakan nu kudu disanghareupan. eta cenah bisa ngadopsi
> peradaban ti luar, cara urang eropa ngadopsi kristen, islam, atawa afrika?
> bisa, ngan resiko nu disanghareupan bangsa jiga sunda bakal leuwih gede.
> peluang leungitna ciri mandiri sunda kabuka lebar. sabab juntina leuwih teas
> manan jati.
>
> 2011/1/19 Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>
>
>>
>> di nusantara geus teu bireuk deui kana anu disebut 'punden berundak'
>> conto di situs gunung padang, kac. campaka cianjur kaasup punden berundak.
>> eta cikal bakal piramida. anu umurna jauh leuwih kolot ti batan teknologi
>> piramida dijaman megalithikum, kl 10.000 taun katukang.
>> hn*R3M
>>
>> 2011/1/19 Dudi Herlianto <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> mimitina ti babaturan basa ngobrol di pipir pakulen (tempat gawe) nu
>>> diteruskeun dina sejen waktu manehna mere tumbu (link) ka youtube nu
>>> milmkeun upaya inyana saparakanca dina ngaidentifikasi eta piramid, oge
>>> sababara tumbu ka artikel jeung gambar nu pakait jeung masalah eta. nu
>>> mimiti liwat dina pikiran sanggeus ningali/maca teori eta: rohaka! enya
>>> lamun bener di tatar sunda (nusantara umumna) aya piramid nu leuwih badag ti
>>> piramid paraoh nu aya di giza bakal jadi warta nu pirohakaeun. bakal
>>> ngagemparkeun dunya persilatan :p . dunya kang ouw bakal geunjleung, da nu
>>> nepi ka kiwari sumebar di kalangan urang sorangan pan di ieu tatar mah
>>> henteu loba peninggalan karuhun nu gigantik, nu bisa jadi kareueus boh keur
>>> urang oge keur anak incu. pamikiran eta teh nu salawasna nyangkaruk hususna
>>> di kalangan jiga kuring nu muhit paham pisikisme, yen pisik kacida
>>> pentingna. awewe disebut hade deuleu teh pan nu gaduh bemper payun tukang
>>> gigantik haha, eh punten kacaletot, anggap we kuring nuju heureuy nya?
>>>
>>> tah kulantaran kitu, kuring hayang terang pamendak sadayana jenuk milis.
>>> jeung mudah-mudahan we, lamun hal ieu diileng bisa narik ati ahli elmu nu
>>> biasa (sains), jenuk sadaya tiasa masihan embar ka inyanya. susuganan
>>> aranjeunna, ahli elmu biasa eta tiasa ngayakeun panalungtikan nu langkung
>>> teleb. da naon nu dilakukeun ku babaturan saparakanca teh, cek aranjeunna
>>> mah ngangge elmuning karuhun. jeung mangsa maranehna menta bantuan ahli elmu
>>> biasa biasana mah direspon kurang alus. malah nepi ka katingalina mah
>>> aranjeunna teh penggas harepan ka ahli elmu biasa, nepi ka kedal 'maca buku
>>> sajarah nu nyampak mah matak kasarung'.
>>>
>>> kangge bahan awal ieu aya film sareng artikel-artikel nu pakait jeung
>>> piramit eta:
>>>
>>>    - http://www.youtube.com/watch?v=PoH625INWi4&feature=player_embedded
>>>    - http://www.youtube.com/watch?v=Mm4YZoeS-4w&feature=related
>>>    - http://www.lakubecik.org/
>>>
>>> nuhun
>>>
>>> --
>>> d-: dudi herlianto :-q
>>> paciringan.wordpress.com
>>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>>
>>>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>  
>

Kirim email ke