ha33x! meni cau molen pisan jeung cau kulub, mang Ndud. kumaha mun cauna asak di ampos? masalah civilization(peradaban) beda jeung culture(budaya) kadang sok rada pacampur, dina kanyataannana memang sok pacampur. memang peryogi pisan nalungtik ngupayakeun kumaha milah benang merah antara budaya pituin jeung budaya luar. oge peradabanana, dina masalah teknologi jeung elmu pangaweruhna *budaya jg peradaban karuhun Sunda pituin teh primitip, kitu?* sedihna, data kurang ngadukung kana hal kasebut. data anu aya ngan bukti kalender Sunda pangkolotna sadunya.(17.000 taun katukang) hartina budaya *maca tulis jeung ngitung* geus ilahar dipake sapopoe. kusabab euweuh data tinulis sejenna, disebut jadina BUDAYA LISAN???? aya misteri/missing link dina masalah *sajarah budaya jeung peradaban Sunda* tapi ulah jadi kecing, bukti artefak2 Sunda geus mimiti bermunculan, ciga candi Jiwa abad katilu. tuluy teori kecenderungan atlantis jeung teori parahu samudra anu ka madagascar. tenang we. loba urang Sunda anu teu percaya legenda, mitos jeung kapercayaan ka siliwangi. uin sorangan pernah debat langsung dina hiji pasamoan jeung DR HC AR anu teu percaya! sawios, dina masalah ieu, lakum dienukum we uin mah. perjalanan mitos kuda Troyan anu ngabukti jadi sajarah, eta salah sahiji conto. urang tingali we kahareup, nuturkeun prediksi make kalaSunda, dina april 2012 bakal aya naon? hn*R3M
2011/1/20 Dudi Herlianto <[email protected]> > > > ambu richa kungsi mapandekeun punden berundak atawa dina basa majalah > balebat mah babalayan ieu ku cau. kira-kira saur anjeunna teh beuki kulon > cauna beuki 'asli' (kirang momones). ibaratna patilasan karuhun beh kulon > mah cau asakna tangkal, ka wetan mah bisa jadi cau kulub atawa cau molen. > > babalayan di kulon mah henteu loba ngarobah bentuk alam. nu ngaranna pasir > teh angger mirupa pasir, minangka momonesna teh paling ukur digangseng. di > beh wetan babalayan nu basajan teh aya nu diropea, nepi ka salin jinis jadi > candi. > > mj (mang jamal) di milis ieu (atawa di milis sabeulah nya?) kungsi nulis nu > mirip jeung bah oca, beuki basajan hiji peradaban beuki kuno. ngan mun di > hiji peradaban patilasan nu kapanggih ukur nu basajan nu jadi patarosanana > naha eta peradaban teh henteu ligar? naha bangsa nu nyieunna teh bangsa nu > kuuleun (sadrah kana pamere alam)? > > mun ningali sajarah bangsa-bangsa di eropa, patilasan teh lengkep ti mimiti > rorongkong manusa purba nenderthal nu boga irung kacida beukah nepi ka > kastil/kuil nu agreng. malah f-16, f-117 ge ayeuna geus jadi patilasan > peradaban ieu bangsa. jeung kabukti kiwari, pawangasa dunya datangna ti > bangsa eta. > > ku kituna ngaruntuykeun ngaligarna (perkembangan) hiji bangsa cek kuring > mah penting kacida. ieu ngabuktikeun yen bangsa eta ge bisa maju ku nete > hambalan jieunan sorangan. teu jiga kiwari, bangsa sunda ngarasa lewang > mateaan jaman. sabab aya jarak titincakan nu anggang teuing antara patilasan > karuhun jeung titincakan nu kudu disanghareupan. eta cenah bisa ngadopsi > peradaban ti luar, cara urang eropa ngadopsi kristen, islam, atawa afrika? > bisa, ngan resiko nu disanghareupan bangsa jiga sunda bakal leuwih gede. > peluang leungitna ciri mandiri sunda kabuka lebar. sabab juntina leuwih teas > manan jati. > > 2011/1/19 Roza R. Mintaredja <[email protected]> > > >> >> di nusantara geus teu bireuk deui kana anu disebut 'punden berundak' >> conto di situs gunung padang, kac. campaka cianjur kaasup punden berundak. >> eta cikal bakal piramida. anu umurna jauh leuwih kolot ti batan teknologi >> piramida dijaman megalithikum, kl 10.000 taun katukang. >> hn*R3M >> >> 2011/1/19 Dudi Herlianto <[email protected]> >> >> >>> >>> mimitina ti babaturan basa ngobrol di pipir pakulen (tempat gawe) nu >>> diteruskeun dina sejen waktu manehna mere tumbu (link) ka youtube nu >>> milmkeun upaya inyana saparakanca dina ngaidentifikasi eta piramid, oge >>> sababara tumbu ka artikel jeung gambar nu pakait jeung masalah eta. nu >>> mimiti liwat dina pikiran sanggeus ningali/maca teori eta: rohaka! enya >>> lamun bener di tatar sunda (nusantara umumna) aya piramid nu leuwih badag ti >>> piramid paraoh nu aya di giza bakal jadi warta nu pirohakaeun. bakal >>> ngagemparkeun dunya persilatan :p . dunya kang ouw bakal geunjleung, da nu >>> nepi ka kiwari sumebar di kalangan urang sorangan pan di ieu tatar mah >>> henteu loba peninggalan karuhun nu gigantik, nu bisa jadi kareueus boh keur >>> urang oge keur anak incu. pamikiran eta teh nu salawasna nyangkaruk hususna >>> di kalangan jiga kuring nu muhit paham pisikisme, yen pisik kacida >>> pentingna. awewe disebut hade deuleu teh pan nu gaduh bemper payun tukang >>> gigantik haha, eh punten kacaletot, anggap we kuring nuju heureuy nya? >>> >>> tah kulantaran kitu, kuring hayang terang pamendak sadayana jenuk milis. >>> jeung mudah-mudahan we, lamun hal ieu diileng bisa narik ati ahli elmu nu >>> biasa (sains), jenuk sadaya tiasa masihan embar ka inyanya. susuganan >>> aranjeunna, ahli elmu biasa eta tiasa ngayakeun panalungtikan nu langkung >>> teleb. da naon nu dilakukeun ku babaturan saparakanca teh, cek aranjeunna >>> mah ngangge elmuning karuhun. jeung mangsa maranehna menta bantuan ahli elmu >>> biasa biasana mah direspon kurang alus. malah nepi ka katingalina mah >>> aranjeunna teh penggas harepan ka ahli elmu biasa, nepi ka kedal 'maca buku >>> sajarah nu nyampak mah matak kasarung'. >>> >>> kangge bahan awal ieu aya film sareng artikel-artikel nu pakait jeung >>> piramit eta: >>> >>> - http://www.youtube.com/watch?v=PoH625INWi4&feature=player_embedded >>> - http://www.youtube.com/watch?v=Mm4YZoeS-4w&feature=related >>> - http://www.lakubecik.org/ >>> >>> nuhun >>> >>> -- >>> d-: dudi herlianto :-q >>> paciringan.wordpress.com >>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk >>> >>> > > -- > d-: dudi herlianto :-q > paciringan.wordpress.com > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > >
