Jadi kaingetan, tina basa buhun, aya istilah "saeundan", nepi ka lamun
kurang saeundan, jadi bahaya sabab jadi mentally disorder alias teu waras
tea. Sabaraha ari saeundan? Naha eta teh bilangan/angka atawa ukuran
panjang, beurat, atawa ukuran lianna?

manar

2011/1/22 Sulkan, Muhamad (D&DTooling) <[email protected]>

>
>
> Nambihan deui…..
>
>
>
> -          Sapikul
>
> -          Sasiku
>
>
>
>
>
> Baktoss.
>
> *Sulkan, M*
> *MTI-Engineering. Dept, X-9394*
>
>
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *oman abdurahman
> *Sent:* Saturday, January 22, 2011 10:58 AM
> *To:* [email protected]
> *Subject:* Re: [kisunda] Bilangan ==> Re: Basa Sunda jeung Matematika?
>
>
>
>
>
> Hadirrr....,
>
> Aya Mh. Baheula keur leutik, mindeng nguping istilah-istilah ieu:
> - sadacin
> - saketi
> - salaksa
>
> Naon tah maksudna, mangga ka anu terang diantos dadarana.
>
> manar
>
> 2011/1/22 mh <[email protected]>
>
>
>
> Asana mah loba kosakecap basa Sunda nu pakait jeung istilah matematika,
> ngan duka teuing kunaon ieu topik sepi. Hehehe. Naha ieu teh ciciren yen
> memang urang leuwih dominan budaya lisan tinimbang budaya tulis kitu?
>
> Mun usum pangeling-ngeling poe bahasa indung, sok rame pating koceak na
> koran, nu ngabahas kumaha kaayaan basa indung kiwari. Tapi kadituna mah
> biasa deui wae.
>
> Cing baraya ketrukeun, istilah basa Sunda nu pakait jeung bilangan alias
> angka.
>
> Urang mimitian.
>
> Bilangan dasar: hiji, dua, tilu, opat, lima, genep, tujuh, dalapan,
> salapan, sapuluh,
> Belasan: sa-belas, dua-belas, tilu-belas, ..., salapan-belas
> Puluhan: sa-puluh, dua-puluh, tilu-puluh, ..., salapan-puluh
> Ratusan: sa-ratus, dua-ratus, tilu-ratus, ... salapan-ratus
>
> Istilah husus
> sa-likur, dua-likur, tilu-likur, opat-likur, lima-likur (salawe), ...,
> salapan-likur
>
> Aya istilah husus lain teu nya?
>
> 2011/1/18 mh <[email protected]>
>
> Survey noongan istilah basa Sunda nu pakait jeung kedokteran, lumayan
> geuning cukup euyeub kosakecap nu pakait.
> Palebah survey basa Sunda nu pakait jeung ekonomi mah, rada minim geuning.
> Boa-boa aya pakaitna jeung watek
> urang Sunda, nu teu pati moncorong dina urusan kadunyaan nya? Jigana perlu
> ditoong leuwih teleb deui.
>
> Cing, ayeuna urang toong, kosakecap basa Sunda nu pakait jeung matematika,
> naon wae nya?
>
> Keur pamuka lawang, urang toong nu pakait jeung nombor.
>
> hiji,
> dua,
> tilu,
> opat,
> lima
> genep,
> tujuh,
> dalapan,
> salapan,
> sapuluh,
> ....
> jst
>
> Cing baraya, lengkepan daftarna
>
>
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke