Aya begawan UNPAD nu sok remen ngabahas sajarah Tasikmalaya atawa
Suka-pura-pura teh. Diantarana pangersa A. Sobana Hardjasaputra.

Toong salah sahiji artikelna

http://resources.unpad.ac.id/unpad-content/uploads/publikasi_dosen/hari_jadi_kabupaten_tasikmalaya.pdf

Sakadar saran, sing rajin ngotektak di Internet, asana cukup euyeub info nu
pakait jeung Tasik.

2011/2/8 nurul <[email protected]>

>
>
> Assalamualaikum...
> Akang-akang, Teteh-teteh sadayana...
> Kumaha daramang^^?
>
> Sim Abdi, NURUL IMAN tea urang Tasik....
> Kieu kang,Teh... Sim abdi teh ayeuna tos semester 6 di Jurusan Ilmu Sejarah
> UI Depok.
> Tah, ayeuna teh tos mulai fokus nyiapkeun skripsi.
> Sim abdi teh kabita hoyong nyusun Sejarah tentang Tasikmalaya.
> Namung, sim abdi masih ngumpulkeun topik sinareng tema nu pantes kanggo
> skripsi. Kinten-kinten akang, Teteh gaduh saran masukan kanggo skripsi sim
> abdi???
> Mudah2an we sim abdi teh tertarik kana saran ti sadayana.
>
> Judul buku/tulisan nu ku sim abdi terang teh: Sejarah Sukapura (Disertasi
> UI), Mikung Tasikmalaya, Sejarah Berkoarnya Api di Tasikmalaya (mun teu
> lepat), sinareng buku Kuliner Funtastic Tasikmalaya (teu acan baca).
>
> Sim abdi tos ka Perpustakaan Tasik, boh Kota boh Kabupaten, tapina teu aya
> tah nu ngabahas tentang sejarah Tasik teh, ngan di Perpus Kota aya LPJ
> Walikota Tasik taun 2000-an, teras mun di Perpustakaan Kabupaten teh ngan
> aya tulisan singkat Tasikmalaya, eta oge ngan sababaraha lembar nu di tulis
> ku urang Luar Tasik.
> Mani menyedihkan,"ONGKOH URANG TASIK, TAPI TEU APAL SAJARAH TASIK"
>
> Ku kituna sim abdi ka tantang hoyong nyusun skripsi tengtang Sejarah
> Tasikmalaya, namung masih luas bahasanna, jabi sumber2na sim abdi kirang
> terang. Langki mendak tah sumberna. Kinten2 akang/teteh gaduh sumberna? Boh
> tulisan boh lisan (pakar Tasikmalaya)....
>
> Hoyongna mah sim abdi teh ngabahas tentang Sejarah Kota Tasikmalaya nu
> didirikeun 2001 dugi ka ayeuna alias sejarah Tasik kontemporer. Da sim abdi
> teh dilahirkeun di Kota Tasik tercinta. Mun teh enya janten, sim abdi teh
> hoyong dihadiahkeun tah tulisan teh kanggo urang Tasik, disebar ka sababraha
> tempat di Tasik, khususna Perpustakaannana nu kalintang saalit bukuna
> tentang Tasik.
>
> Salian ti eta, sim abdi oge kabita ngabahas tentang widang ekonomi
> Tasikmalaya saatos maos buku "MIKUNG TASIKMALAYA".
>
> Kumargi kitu, sim abdi nyuhunkeun saran masukanna ti akang2 sareng teteh2
> sadayana...
>
> Puntennya Kang,Teh wartosan mun gaduh elmu/bahan/pakar Tasikmalaya...
> Kalintang bungahna sim abdi mun Akang,Teteh tiasa ngabantosan.
>
> Haturnuhun kasadayana nu tos maca sinareng bade ngabantosan.
> Haturnuhun pisannn....
> Wassalamualaikum.
>
> (^^ DIANTOS PISAN KANA BANTOSANNANA^^)
>
> Nurul Iman
>
> Mahasiswa jurusan ILMU SEJARAH FIB UI
>
> No. HP : 085223398509
>
> Email : naufal_aziz89@ yahoo.co. id
>
> Alamat : Jalan Leuwidahu no.91 RT.01 RW.04 Kota Tasikmalaya
>
>  
>

Kirim email ke