tasik sok kasebat oge, sukapura aya embohna dina uga ' sukapura ngadaun ngora'? carita tasik pasti moal leupas ti wewengkon karajaan galuh justru sajarah galuh ieu anu poekeun dina harti pinuh ku legenda sedengkeun data otentikna minim carita tasik garut ciamis banjar jeung sabudereunana kaasup wewengkon galuh hing agung, alias galunggung tea. urang terang carita kendan, anu asalna ti tarumanagara, abad 5(sunda) urg terang karang kamulyan, carita ciung jeung haryang banga abad 6 urg terang carita panjalu, jaman prabu borosngora kawali, prasasti jaman entragan darmasiksa, wastukancana bibit buitna rundayan sribaduga ratuhaji di pakuan bogor. aya *missing link* anu ngajadikeun carita asa sewang2an padahal tingali candi jiwa di karawang jaman tarumanagara candi bojong menje abad ka VI di bandung carita sajarah anu saestu pasti ngaguluyur naratas jaman ngan kusabab anu kadatana wawarehan jadi weh ciga carita sosoranganan, asa pisah padahal mun ditelik sandi, aya tilu kawasan gede sa tatar sunda jawabarat anu kawengku ku tilu wewengkon gunung, mangrupa kawasan wilayah 'kabuyutan' hiji, wewengkon *salak/gede/pangrango*; dua; wewengkon *galunggung/sawal/cakrabuana* tilu wewengkon gunung *cereme* anu museurna di wewengkon gunung *sunda/parahu/burangrang* eta tilu wewengkon sabenerna mangrupakeun rundayan carita anu 'muter' eta eta keneh. satuluyna sumebar ka wetankeun nepi ka *bali* *tah kunaon bali, nyongcolangna nk sadunya ?* kusabab sarara relatip masih keneh ngalakonan tetekon karuhun sacara konsisten sakabeh pagawean ritual anu 'musyrik', sampurna dipakena tug nepi ka kiwari numatak uga 'ka bali geusan ngajadi' teh perlu ditengetan sacara daria sacara fisik, kumaha nitenen ka 'murni'an bali, atawa tali ari ari anu nyambungkeun bali jeung janin. yen *bali teh sabenerna dulur papat kalima pancerna sunda.* lamun carita tasik sacara partial . pasti moal panggih kusabab wewengkon administrasi kiwari , ngaheureutkeun budaya sajarahna conto; unggal kota hayoh pada ribut ngitung harijadina numatak teu heran , aya kota nu umur ratusan taun, aya nu umur karak puluhan taun??? jadi kacindekkaanana carita sajarah tasik mo leupas ti kaitan sajarah sunda jeung galuh wilujeng maluruh huh............. hn*R3M
2011/2/8 nurul <[email protected]> > > > Assalamualaikum... > Akang-akang, Teteh-teteh sadayana... > Kumaha daramang^^? > > Sim Abdi, NURUL IMAN tea urang Tasik.... > Kieu kang,Teh... Sim abdi teh ayeuna tos semester 6 di Jurusan Ilmu Sejarah > UI Depok. > Tah, ayeuna teh tos mulai fokus nyiapkeun skripsi. > Sim abdi teh kabita hoyong nyusun Sejarah tentang Tasikmalaya. > Namung, sim abdi masih ngumpulkeun topik sinareng tema nu pantes kanggo > skripsi. Kinten-kinten akang, Teteh gaduh saran masukan kanggo skripsi sim > abdi??? > Mudah2an we sim abdi teh tertarik kana saran ti sadayana. > > Judul buku/tulisan nu ku sim abdi terang teh: Sejarah Sukapura (Disertasi > UI), Mikung Tasikmalaya, Sejarah Berkoarnya Api di Tasikmalaya (mun teu > lepat), sinareng buku Kuliner Funtastic Tasikmalaya (teu acan baca). > > Sim abdi tos ka Perpustakaan Tasik, boh Kota boh Kabupaten, tapina teu aya > tah nu ngabahas tentang sejarah Tasik teh, ngan di Perpus Kota aya LPJ > Walikota Tasik taun 2000-an, teras mun di Perpustakaan Kabupaten teh ngan > aya tulisan singkat Tasikmalaya, eta oge ngan sababaraha lembar nu di tulis > ku urang Luar Tasik. > Mani menyedihkan,"ONGKOH URANG TASIK, TAPI TEU APAL SAJARAH TASIK" > > Ku kituna sim abdi ka tantang hoyong nyusun skripsi tengtang Sejarah > Tasikmalaya, namung masih luas bahasanna, jabi sumber2na sim abdi kirang > terang. Langki mendak tah sumberna. Kinten2 akang/teteh gaduh sumberna? Boh > tulisan boh lisan (pakar Tasikmalaya).... > > Hoyongna mah sim abdi teh ngabahas tentang Sejarah Kota Tasikmalaya nu > didirikeun 2001 dugi ka ayeuna alias sejarah Tasik kontemporer. Da sim abdi > teh dilahirkeun di Kota Tasik tercinta. Mun teh enya janten, sim abdi teh > hoyong dihadiahkeun tah tulisan teh kanggo urang Tasik, disebar ka sababraha > tempat di Tasik, khususna Perpustakaannana nu kalintang saalit bukuna > tentang Tasik. > > Salian ti eta, sim abdi oge kabita ngabahas tentang widang ekonomi > Tasikmalaya saatos maos buku "MIKUNG TASIKMALAYA". > > Kumargi kitu, sim abdi nyuhunkeun saran masukanna ti akang2 sareng teteh2 > sadayana... > > Puntennya Kang,Teh wartosan mun gaduh elmu/bahan/pakar Tasikmalaya... > Kalintang bungahna sim abdi mun Akang,Teteh tiasa ngabantosan. > > Haturnuhun kasadayana nu tos maca sinareng bade ngabantosan. > Haturnuhun pisannn.... > Wassalamualaikum. > > (^^ DIANTOS PISAN KANA BANTOSANNANA^^) > > Nurul Iman > > Mahasiswa jurusan ILMU SEJARAH FIB UI > > No. HP : 085223398509 > > Email : naufal_aziz89@ yahoo.co. id > > Alamat : Jalan Leuwidahu no.91 RT.01 RW.04 Kota Tasikmalaya > > >
