Aslm kang gaduh tulisan/bahan tentang perkembangan industri di Tasikmalaya? 
Utamina karajinan Tasik

haturnuhun




________________________________
Dari: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kam, 10 Februari, 2011 10:00:47
Judul: Re: [kisunda] Skripsi nu pantes kanggo Tasikmalaya, naonnya?

  
tasik sok kasebat oge, sukapura
aya embohna dina uga  ' sukapura ngadaun ngora'?
carita tasik pasti moal leupas ti wewengkon karajaan galuh
justru sajarah galuh ieu anu poekeun
dina harti pinuh ku legenda
sedengkeun data otentikna minim
carita tasik garut ciamis banjar jeung sabudereunana
kaasup wewengkon galuh hing agung, alias galunggung tea.
urang terang carita kendan, anu asalna ti tarumanagara, abad 5(sunda)
urg terang karang kamulyan, carita ciung jeung haryang banga abad 6
urg terang carita panjalu, jaman prabu borosngora
kawali, prasasti jaman entragan  darmasiksa, wastukancana
bibit buitna rundayan sribaduga ratuhaji di pakuan bogor.
aya missing link anu ngajadikeun carita asa sewang2an
padahal tingali candi jiwa di karawang jaman tarumanagara
candi bojong menje abad ka VI di bandung
carita sajarah anu saestu pasti ngaguluyur naratas jaman
ngan kusabab anu kadatana  wawarehan
jadi weh ciga carita sosoranganan, asa pisah
padahal mun ditelik sandi, aya tilu kawasan gede sa tatar sunda jawabarat
anu kawengku ku tilu wewengkon gunung, mangrupa kawasan wilayah 'kabuyutan'
hiji, wewengkon salak/gede/pangrango; 
dua; wewengkon galunggung/sawal/cakrabuana
tilu wewengkon gunung cereme
anu museurna di wewengkon gunung sunda/parahu/burangrang
eta tilu wewengkon sabenerna mangrupakeun rundayan carita anu 'muter'
eta eta keneh. 
satuluyna sumebar ka wetankeun nepi ka bali
tah kunaon bali, nyongcolangna nk sadunya ?
kusabab sarara relatip masih keneh ngalakonan tetekon karuhun sacara konsisten
sakabeh pagawean ritual anu 'musyrik', sampurna dipakena tug nepi ka kiwari
numatak uga 'ka bali geusan ngajadi' teh perlu ditengetan sacara daria
sacara fisik, kumaha nitenen ka 'murni'an bali, atawa 
tali ari ari anu nyambungkeun bali jeung janin.
yen bali teh sabenerna dulur papat kalima pancerna sunda.
lamun carita tasik sacara partial . pasti moal panggih 
kusabab wewengkon administrasi kiwari , ngaheureutkeun budaya sajarahna
conto; unggal kota hayoh pada ribut ngitung harijadina
numatak teu heran , 
aya kota nu umur ratusan taun, aya nu umur karak puluhan taun???
jadi kacindekkaanana
carita sajarah tasik mo leupas ti kaitan sajarah sunda jeung galuh
wilujeng maluruh
huh.............
hn*R3M






2011/2/8 nurul <[email protected]>

  
>Assalamualaikum...
>Akang-akang, Teteh-teteh sadayana...
>Kumaha daramang^^?
>
>Sim Abdi, NURUL IMAN tea urang Tasik....
>Kieu kang,Teh... Sim abdi teh ayeuna tos semester 6 di Jurusan Ilmu Sejarah UI 
>Depok.
>Tah, ayeuna teh tos mulai fokus nyiapkeun skripsi.
>Sim abdi teh kabita hoyong nyusun Sejarah tentang Tasikmalaya.
>Namung, sim abdi masih ngumpulkeun topik sinareng tema nu pantes kanggo 
>skripsi. 
>Kinten-kinten akang, Teteh gaduh saran masukan kanggo skripsi sim abdi???
>Mudah2an we sim abdi teh tertarik kana saran ti sadayana.
>
>Judul buku/tulisan nu ku sim abdi  terang teh: Sejarah Sukapura (Disertasi 
>UI), 
>Mikung Tasikmalaya, Sejarah Berkoarnya Api di Tasikmalaya (mun teu lepat), 
>sinareng buku Kuliner Funtastic Tasikmalaya (teu acan baca). 
>
>
>Sim abdi tos ka Perpustakaan Tasik, boh Kota boh Kabupaten, tapina teu aya tah 
>nu ngabahas tentang sejarah Tasik teh, ngan di Perpus Kota aya LPJ Walikota 
>Tasik taun 2000-an, teras mun di Perpustakaan  Kabupaten teh ngan aya tulisan 
>singkat Tasikmalaya, eta oge ngan sababaraha lembar nu di tulis ku urang Luar 
>Tasik.
>Mani menyedihkan,"ONGKOH URANG TASIK, TAPI TEU APAL SAJARAH TASIK"
>
>Ku kituna sim abdi ka tantang hoyong nyusun skripsi tengtang Sejarah 
>Tasikmalaya, namung masih luas bahasanna, jabi sumber2na sim abdi kirang 
>terang. 
>Langki mendak tah sumberna. Kinten2 akang/teteh gaduh sumberna? Boh tulisan 
>boh 
>lisan (pakar Tasikmalaya)....
>
>Hoyongna mah sim abdi teh ngabahas tentang Sejarah Kota Tasikmalaya nu 
>didirikeun 2001 dugi ka ayeuna alias sejarah Tasik kontemporer. Da sim abdi 
>teh 
>dilahirkeun di Kota Tasik tercinta. Mun teh enya janten, sim abdi teh hoyong 
>dihadiahkeun tah tulisan teh kanggo urang Tasik, disebar ka sababraha tempat 
>di 
>Tasik, khususna Perpustakaannana nu kalintang saalit bukuna tentang Tasik.
>
>Salian ti eta, sim abdi oge kabita ngabahas tentang widang ekonomi Tasikmalaya 
>saatos maos buku "MIKUNG TASIKMALAYA".
>
>Kumargi kitu, sim abdi nyuhunkeun saran masukanna ti akang2 sareng teteh2 
>sadayana...
>
>Puntennya Kang,Teh wartosan mun gaduh elmu/bahan/pakar Tasikmalaya...
>Kalintang bungahna sim abdi mun Akang,Teteh tiasa ngabantosan.
>
>Haturnuhun kasadayana nu tos maca sinareng bade ngabantosan.
>Haturnuhun pisannn....
>Wassalamualaikum.
>
>(^^ DIANTOS PISAN KANA BANTOSANNANA^^)
>
>Nurul Iman
>
>Mahasiswa jurusan ILMU SEJARAH FIB UI
>
>No. HP : 085223398509
>
>Email : naufal_aziz89@ yahoo.co. id
>
>Alamat : Jalan Leuwidahu no.91 RT.01 RW.04 Kota Tasikmalaya
>
>

 

Kirim email ke