Assalamualaikum .....
Cep Nurul, nitip dina studi sajarah Tasikmalaya aya tragedi-tragedi sapertos 
"dalem Tamela" , lajeng kumaha walanda ngeruk kauntungan, dugi lalakon kumaha 
para demang Tasik (tangtos nu digajih ku walanda ari demang mah ) nangkep 
Dipati 
Ukur, nanging naha leres dipiwarang ku Sultan Agung ? sapertos nu parantos 
dipedar ku ibu Nina Lubis dina "sajarah kota-kota besar" di Jawa Barat.
Bapa insya Allah ngagaduhan silsilah Sukapura.
Wasalam 





________________________________
From: nurul <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tue, February 8, 2011 3:53:43 PM
Subject: [kisunda] Skripsi nu pantes kanggo Tasikmalaya, naonnya?

  
Assalamualaikum...
Akang-akang, Teteh-teteh sadayana...
Kumaha daramang^^?

Sim Abdi, NURUL IMAN tea urang Tasik....
Kieu kang,Teh... Sim abdi teh ayeuna tos semester 6 di Jurusan Ilmu Sejarah UI 
Depok.
Tah, ayeuna teh tos mulai fokus nyiapkeun skripsi.
Sim abdi teh kabita hoyong nyusun Sejarah tentang Tasikmalaya.
Namung, sim abdi masih ngumpulkeun topik sinareng tema nu pantes kanggo 
skripsi. 
Kinten-kinten akang, Teteh gaduh saran masukan kanggo skripsi sim abdi???
Mudah2an we sim abdi teh tertarik kana saran ti sadayana.

Judul buku/tulisan nu ku sim abdi  terang teh: Sejarah Sukapura (Disertasi UI), 
Mikung Tasikmalaya, Sejarah Berkoarnya Api di Tasikmalaya (mun teu lepat), 
sinareng buku Kuliner Funtastic Tasikmalaya (teu acan baca). 


Sim abdi tos ka Perpustakaan Tasik, boh Kota boh Kabupaten, tapina teu aya tah 
nu ngabahas tentang sejarah Tasik teh, ngan di Perpus Kota aya LPJ Walikota 
Tasik taun 2000-an, teras mun di Perpustakaan  Kabupaten teh ngan aya tulisan 
singkat Tasikmalaya, eta oge ngan sababaraha lembar nu di tulis ku urang Luar 
Tasik.
Mani menyedihkan,"ONGKOH URANG TASIK, TAPI TEU APAL SAJARAH TASIK"

Ku kituna sim abdi ka tantang hoyong nyusun skripsi tengtang Sejarah 
Tasikmalaya, namung masih luas bahasanna, jabi sumber2na sim abdi kirang 
terang. 
Langki mendak tah sumberna. Kinten2 akang/teteh gaduh sumberna? Boh tulisan boh 
lisan (pakar Tasikmalaya)....

Hoyongna mah sim abdi teh ngabahas tentang Sejarah Kota Tasikmalaya nu 
didirikeun 2001 dugi ka ayeuna alias sejarah Tasik kontemporer. Da sim abdi teh 
dilahirkeun di Kota Tasik tercinta. Mun teh enya janten, sim abdi teh hoyong 
dihadiahkeun tah tulisan teh kanggo urang Tasik, disebar ka sababraha tempat di 
Tasik, khususna Perpustakaannana nu kalintang saalit bukuna tentang Tasik.

Salian ti eta, sim abdi oge kabita ngabahas tentang widang ekonomi Tasikmalaya 
saatos maos buku "MIKUNG TASIKMALAYA".

Kumargi kitu, sim abdi nyuhunkeun saran masukanna ti akang2 sareng teteh2 
sadayana...

Puntennya Kang,Teh wartosan mun gaduh elmu/bahan/pakar Tasikmalaya...
Kalintang bungahna sim abdi mun Akang,Teteh tiasa ngabantosan.

Haturnuhun kasadayana nu tos maca sinareng bade ngabantosan.
Haturnuhun pisannn....
Wassalamualaikum.

(^^ DIANTOS PISAN KANA BANTOSANNANA^^)

Nurul Iman

Mahasiswa jurusan ILMU SEJARAH FIB UI

No. HP : 085223398509

Email : naufal_aziz89@ yahoo.co. id

Alamat : Jalan Leuwidahu no.91 RT.01 RW.04 Kota Tasikmalaya


 


      

Kirim email ke