ari kangaranan parentah agama, teu bisa diwilah-wilah. nu ieu rek dilakonan nu itu mah moal, iwal mun memang saratna can kacumponan. teu bisa daripada pasea urusan ibadah, mending paalus2 lampah. sakumaha teu bisa palekoh-lekoh ngaji kajeun tetep judi. pan agama mah kudu sagemlengna. diajar solat bari memener kalakuan sakaligus. iwal mun urang rek nempona ti kadunyaan, nu penting boga kalakuan hade, teu solat ge teu nanaon, dalah teu ngaku boga Gusti sembaheun ge pek teh teuing.
2011/2/9 JeBe > > pami dibaca deui bulak balik, naha pemikiran kang jalal teh nu tiasa > disimpulkeun ku kuring mah, tiasa mangrupakeun upaya sinkretisme dina hal > agama, nu dina ringkesna mah mangrupakeun proses milari persamaan2 di > antawis ajaran/agama ditambih proses "mengingkari" perbedaan2 di antawis > ajaran/agama eta. nu ayeuna mah sabagean sok aya nu nyebat teologi pluralis. > pami maos artikel2 mah, pemikiran ieu teh tos aya ti abad 13-14 an, janten > sanes mangrupakeun hal anyar saleresna mah. > nyaaa ari ditingal ka payunna mah, upami pemikiran ieu ditampi, meureun > engke mah moal aya islam, kristen, hindu, budha, konghucu, agama sunda, > jrrd. >
