aeh nuhun kg rifky kana wincikanana
2011/2/16 Tubagus Rifki L <[email protected]> > > > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > (Semoga Yang Maha Kuasa memaafkan, Hamba berdoa mohon keselamatan --- > Three Old Sundanese Poems, J. Noordyun -- A. Teeuw) > > --- In [email protected], "Roza R. Mintaredja" <roza.kalasunda@...> > wrote: > > > > ongkarana jsbna teh naon hartosna kg rifky? > > > > 2011/2/11 Tubagus Rifki L <tbrifki@...> > > > > > > > > > > > Masian wates atanapi definisi etnisitas 'Sunda' numutkeun kana > teks/naskah > > > Bujangga Manik teu tiasa janten patokan anu mutlak pami ngemut kana > kaayaan > > > demografi ayeuna di hiji wewengkon. Basa jeung jelema nu aya dina hiji > > > wewengkon geus pacampur baur, kitu deui 'DNA-na.' > > > > > > Ciciren nu masih keneh teges nu jadi 'artifak' budaya Sunda, nya basa > nu > > > dipake sapopoe. Tapi ieu oge teu mutlak jadi ukuran, sabab si Gian Hok > ti > > > gardujati Bandung, lahir hirup di Bandung, basana Sunda, teu langsung > di > > > sebut Sunda, malah bisa jadi lain Sunda. > > > > > > Komo ngukur kana ageman 'kayakinan' sapertos, Islam contona, pan eta > teh > > > PBU (Partly Built Unit) nu di import ka wewengkon Sunda. Teu sadaya nu > > > nyarios Sunda ngagem Islam. Baduy oge nembe 'Slam Sunda Wiwitan???' > 'I'-na > > > teu diasupkeun. 'Trik' urang Baduy, bisi disakompet daunkeun jeung > > > Ahmadiyah. Paribasa, kamimah teu kabagean dititah sholat! Ngan wayahna > > > nabina, Adam, rek dipaten di Baduy, jadi Adam Tunggal. Teu aya > dulur-dulurna > > > nu ngarasa ka hina. Bisaan eta Baduy! > > > > > > Jadi saha ari urang Sunda teh? Kula diaku teu jadi urang Sunda, kang > Asev? > > > Pan ngaran kula euweuh pisan ciciren Sundana (matak bisi teu diaku > Sunda, di > > > profil fb kukula ditambahan 'Kartadireja' ngaran aki nu urang Cibatu, > > > Garut.) Mun ti Bapa campur, Baduy jeung Arab. > > > > > > Hiji deui, naon kitu identitas 'Sunda' masih relevan? > > > > > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > > > TiRiLiK > > > > > > > > > --- In [email protected], halimun_an@ wrote: > > > > > > > > Keun we antep nu boga pendapat kitu mah, sunda mah jelas mayoritas > islam, > > > jadi nu teu ngagem islam nya lain sunda, kitukeun we hehehehehe > > > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > > > > > > > > > > > -----Original Message----- > > > > From: Aschev Schuraschev <aschevetea@> > > > > Sender: [email protected] > > > > Date: Fri, 11 Feb 2011 21:34:27 > > > > To: <[email protected]> > > > > Reply-To: [email protected] > > > > Subject: [kisunda] Sunda > > > > > > > > Nurutkeun Bujangga Manik, Sunda teh wewengkon nu beulah wetanna di > > > watesan ku Cipamali jeung Cisarayu. Bujangga Manik ge nyebutkeun carek > > > (basa) Sunda beda jeung carek Jawa. Jadi Sunda teh ngaran wewengkon > jeung > > > ngaran sagolongan manusa nu nempatan eta wewengkon kalayan basa nu > mandiri. > > > Naon agamana? Teu disebutkeun dina eta naskah teh. Tapi upama ningali > > > titilar di ieu wewengkon, aya batu menhir, candi Budha, aya candi > Hindu, oge > > > aya makam urang Islam. Jadi agama nu diagem di ieu wewengkon geus > rupa-rupa. > > > > Kumaha carana ngayakinkeun lamun urang turunan manusa Sunda eta? > Bangsa > > > batur mah make tes DNA. Cenah DNA markers can tell what "race" you > are. > > > > Kiwari mayoritas urang Sunda ngagem Islam. Teu hade lamun aya > sagolongan > > > jalam nu nyaratkeun urang Sunda teh kudu ngagem nu diagem ku karuhunna. > > > > > > > > >
