Perkara Adam anu diaku sabage "bapa" na turunan Urang Kanekes (Baduy), kuring kantos ngobrol sareng Prof. Kusnaka Guru Besar Unpad dina hiji acara. Ceuk inyana teh, cenah bisa jadi luluhur Urang Kanekes pernah ngobrol sareng saurang ulama anu ngajelaskeun perkara Islam, tapi can rengse obrolan kana inti pasualan agama Islam. Ti dinya jigana dikenal istilah Adam teh. Hal ieu teh nunjukkeun yen ti jaman baheula Urang Kanekes teh tos aya "interaksi" jeung dunya luar. Teu matak heran, soalna pan Kanekes teh jauh ti laut, tapi kabutuhan uyah pasti dipasok ti luar wewengkon Kanekes.
Kadua bandingkeun carita mitos Urang Dayak, sakumaha anu dipedar ku (alm) Abah Surya waktos acara seminar/konferensi di Bogor, luluhurna Urang Dayak teh cenah asalna teh ti luluhurna Urang Sunda. Mitos ieu oge aya, jigana hasil tina interaksi luluhur urang Dayak jeung sukubangsa di luar Dayak. Kacindekanana, sok sanajan hiji sukubangsa terasing atawa "mengasingkan diri" ti dunya peradaban umumna, pasti wae aya interaksi jeung suku sejen, anu tiasa katingali tina carita/mitos, bahasa, pakaian, peralatan sjb. mrachmatrawyani ________________________________ From: Roza R. Mintaredja <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tue, February 15, 2011 6:41:29 PM Subject: Re: [kisunda] Re: Sunda
