Aya nu can kasebut nyaeta Awi Buta, ruasana parondok bari euweuh solobongan jeung ukuranana sagede pringgadani.
Sent from my iPhone On Feb 23, 2011, at 0:40, oman abdurahman <[email protected]> wrote: > Nambahan saeutik: Awi Ater (toponimi: Ciater). Ku dalitna urang Sunda jeung > awi, loba ngaran lembur atawa patempatan anu diaranan make atawa nyokot tina > aran awi. Contona wae; Ciater, Citamiang, Ciawi, Ciawi Tali, Geger Bitung, > Cibitung, Kandang Haur, Haur geulis. Tacan deui, loba kacida aran peralatan > atawa hasil budidaya anu bahanna tina awi: Angklung, Calung, Dingkul jeung > pakakas rumah tangga lianna, kaasup calengka (toponomi: Cicalengka). > Katerangan tambahan: Awi Eul-eul eta endemis (sadunya ngan aya di) > Pangalengan. > > Heranna, sanajan angklung ayeuna geus asup kana world heritage, tapi, > pangbagea ti Pamarentah Jabar mah tiis wae. Sugan aya acara anu ditujukeun > pikeun ngahargaan budaya awi atawa ngaronjatkeun ajen awi dina pangwangunan, > henteu, rehe combrek. > > Heranna deui, tumbila-na kang Imun dina kasus awi mah teu aya guay, > ngahep-hep wae siga anu teu walakaya, matak talibra anu sare dina luhureun > bugang awi teh. > > manar > > > > > > > 2011/2/22 Roza R. Mintaredja <[email protected]> > > wah kaleresan nuju ngalangkung, aya dulur anu nyabit2 kana AWI, > ieu mah sakadada sakadugana we, sa emut nu kapanggih diantawisna ARAN AWI: > -BITUNG, GOMBONG, TAMIANG, HAUR , TALI, EUL-EUL, NGARAMBAT, BUTA, > SEURAT, KENDANG, KONENG, HIDEUNG, BEUREUM, PRINGGADANI, CINA, > JEPANG jsbna. > hn*R3M > > > > On 2/21/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote: > > Aya tukang Awi teh Kang Oza, arsitek. Tah geura ngadongeng Kang Oza. > > Tah aya urang Banten, Kang TRL, tangtu ngabalad jeung dunya awi mah. > > > > 2011/2/21 <[email protected]> > > > >> > >> > >> Cing aya nuapal ngaran2 jenis awi dina basa sunda? (Masalah jeung bah imun > >> ke urang teraskeun deui) :p > >> > >> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar > >> teyusss..... > >> > > > >
