Mun tea mah jurus nu haben unggal usik ku uing dialungkeun ka milis, aya nu ngawaro, meureun padungdengan teh bakal leuwih beunghar ambahanana.
Jurusna tea: Baroga HP lin? HP araya kameraan lin? Barisa moto lin? Barisa make Internet lin? Hehehe Cing mun ngulampreng ka lembur, diajar kokod monongeun, ngarah ateul leungeun, fotoan tah tangkal awi teh, terus gambarna kirimkeun ka Ki Sunda, Ka Youtube, ka Flickr. Meureun mun ieu jurus diamalkeun, tiap balik ti lembur teh marawa oleh-oleh nu rebo, urang bakal bisa ngadongeng: Tah nu ieu awi haur teh Tah nu eta awi temen teh Tuh nu itu regang awi teh, Tah ieu mah dalumpit keur nyieun kolecer Hehehe Tetela geuning nya, najan teknologi geus sakitu canggihna, najan fasilitas sayaga nyampak oge, ari taya guam, taya kadaek mah, urusan awi ge urang teh bati kerung-kerung wae. 2011/2/23 oman abdurahman <[email protected]> > > > Aya sababaraha dina buku ngeunaan awi. Tp buku anu di abdi teh fotocopy an, > anu jelasna di Kang Oca tangtu sayogi. Teu kitu, kumaha lamun milist kisunda > ngadamel "Album Awi Tatar Sunda"? sok lah diketuaan ku kang Taji, Insya > Alloh seueur pangriojong timana-mana geura. > > salam baktos, > manar > > 2011/2/23 Akang Tajimalela <[email protected]> > > >> >> Mang Oman...aya foto2na kanggo awi anu disebat ku Mamang?? >> >> >> TM >> >> --- Pada *Sel, 22/2/11, oman abdurahman <[email protected]>* menulis: >> >> >> Dari: oman abdurahman <[email protected]> >> Judul: Re: AWI ==> Re: [kisunda] Bah Imun nu provokatip >> Kepada: [email protected] >> Tanggal: Selasa, 22 Februari, 2011, 4:40 PM >> >> >> >> >> Nambahan saeutik: Awi Ater (toponimi: Ciater). Ku dalitna urang Sunda >> jeung awi, loba ngaran lembur atawa patempatan anu diaranan make atawa >> nyokot tina aran awi. Contona wae; Ciater, Citamiang, Ciawi, Ciawi Tali, >> Geger Bitung, Cibitung, Kandang Haur, Haur geulis. Tacan deui, loba kacida >> aran peralatan atawa hasil budidaya anu bahanna tina awi: Angklung, Calung, >> Dingkul jeung pakakas rumah tangga lianna, kaasup calengka (toponomi: >> Cicalengka). Katerangan tambahan: Awi Eul-eul eta endemis (sadunya ngan aya >> di) Pangalengan. >> >> Heranna, sanajan angklung ayeuna geus asup kana world heritage, tapi, >> pangbagea ti Pamarentah Jabar mah tiis wae. Sugan aya acara anu ditujukeun >> pikeun ngahargaan budaya awi atawa ngaronjatkeun ajen awi dina pangwangunan, >> henteu, rehe combrek. >> >> Heranna deui, tumbila-na kang Imun dina kasus awi mah teu aya guay, >> ngahep-hep wae siga anu teu walakaya, matak talibra anu sare dina luhureun >> bugang awi teh. >> >> manar >> >> >> >> >> >> 2011/2/22 Roza R. Mintaredja >> <[email protected]<http://mc/[email protected]> >> > >> >> >> >> wah kaleresan nuju ngalangkung, aya dulur anu nyabit2 kana AWI, >> ieu mah sakadada sakadugana we, sa emut nu kapanggih diantawisna ARAN AWI: >> -BITUNG, GOMBONG, TAMIANG, HAUR , TALI, EUL-EUL, NGARAMBAT, BUTA, >> SEURAT, KENDANG, KONENG, HIDEUNG, BEUREUM, PRINGGADANI, CINA, >> JEPANG jsbna. >> hn*R3M >> >> >> On 2/21/11, Ki Hasan >> <[email protected]<http://mc/compose?to=khs579%40gmail.com>> >> wrote: >> > Aya tukang Awi teh Kang Oza, arsitek. Tah geura ngadongeng Kang Oza. >> > Tah aya urang Banten, Kang TRL, tangtu ngabalad jeung dunya awi mah. >> > >> > 2011/2/21 <[email protected] <http://mc/compose?to=enjebe%40yahoo.com>> >> > >> >> >> >> >> >> Cing aya nuapal ngaran2 jenis awi dina basa sunda? (Masalah jeung bah >> imun >> >> ke urang teraskeun deui) :p >> >> >> >> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar >> >> teyusss..... >> >> >> > >> >>
