aeh kg Ilen, kamanawae yeuh? asa meni sarono. rupina teu ka aos, eta awi *buta* tos katulis, saparantos awi *ngarambat*, sateuacan awi *seurat.* dupi ater memang brayana haur mang Oman, sabab haur sorangan aya sabaraha puluh species upami di wincik. aya deui awi TEMEN, tos hampir punah. saleresna eta anu pas kanggo wangunana mah.
2011/2/23 Ilen Kardani <[email protected]> > > > Aya nu can kasebut nyaeta Awi Buta, ruasana parondok bari euweuh solobongan > jeung ukuranana sagede pringgadani. > > Sent from my iPhone > > On Feb 23, 2011, at 0:40, oman abdurahman <[email protected]> wrote: > > > > Nambahan saeutik: Awi Ater (toponimi: Ciater). Ku dalitna urang Sunda jeung > awi, loba ngaran lembur atawa patempatan anu diaranan make atawa nyokot tina > aran awi. Contona wae; Ciater, Citamiang, Ciawi, Ciawi Tali, Geger Bitung, > Cibitung, Kandang Haur, Haur geulis. Tacan deui, loba kacida aran peralatan > atawa hasil budidaya anu bahanna tina awi: Angklung, Calung, Dingkul jeung > pakakas rumah tangga lianna, kaasup calengka (toponomi: Cicalengka). > Katerangan tambahan: Awi Eul-eul eta endemis (sadunya ngan aya di) > Pangalengan. > > Heranna, sanajan angklung ayeuna geus asup kana world heritage, tapi, > pangbagea ti Pamarentah Jabar mah tiis wae. Sugan aya acara anu ditujukeun > pikeun ngahargaan budaya awi atawa ngaronjatkeun ajen awi dina pangwangunan, > henteu, rehe combrek. > > Heranna deui, tumbila-na kang Imun dina kasus awi mah teu aya guay, > ngahep-hep wae siga anu teu walakaya, matak talibra anu sare dina luhureun > bugang awi teh. > > manar > > > > > > 2011/2/22 Roza R. Mintaredja < <[email protected]> > [email protected]> > >> >> >> wah kaleresan nuju ngalangkung, aya dulur anu nyabit2 kana AWI, >> ieu mah sakadada sakadugana we, sa emut nu kapanggih diantawisna ARAN AWI: >> -BITUNG, GOMBONG, TAMIANG, HAUR , TALI, EUL-EUL, NGARAMBAT, BUTA, >> SEURAT, KENDANG, KONENG, HIDEUNG, BEUREUM, PRINGGADANI, CINA, >> JEPANG jsbna. >> hn*R3M >> >> >> On 2/21/11, Ki Hasan < <khs579%40gmail.com>[email protected]> wrote: >> > Aya tukang Awi teh Kang Oza, arsitek. Tah geura ngadongeng Kang Oza. >> > Tah aya urang Banten, Kang TRL, tangtu ngabalad jeung dunya awi mah. >> > >> > 2011/2/21 < <enjebe%40yahoo.com>[email protected]> >> > >> >> >> >> >> >> Cing aya nuapal ngaran2 jenis awi dina basa sunda? (Masalah jeung bah >> imun >> >> ke urang teraskeun deui) :p >> >> >> >> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar >> >> teyusss..... >> >> >> > >> > > >
