hahaha....justru abdi mah bade diajar...ka "bengawan" awi atanapi tatanen naon wae di milis ieu. Lumayan sugan tiasa kanggo nambihan haseup dapur plus pemberdayaan ka masyarakat sakuliling urang utama kanggo urang sunda. Nu rada lucu, ayeuna teh di lembur keur usum miara lele anu kasebat lele sangkuriang tea (duka lele jenis naon eta teh?).Diantara sakabeh peternak anu miara ,aneh na teu boga cara anu sarua. Kanggo bibitna oge teu aya nu puguh..aya nu nyebat ti sukabumi alus, ti parung bogor alus, malah aya anu nyadak ti subang sagala bibitna....jadi lieur...hahah. Kedahna emang tugas penyuluh ti pemerentah nu turun ka lapangan. Sugan aya anu pangalaman? kaleresan aya kolam 3x7 keur "nganggur" di pengker bumi.
TM --- Pada Rab, 23/2/11, oman abdurahman <[email protected]> menulis: Dari: oman abdurahman <[email protected]> Judul: Re: AWI ==> Re: [kisunda] Bah Imun nu provokatip Kepada: [email protected] Tanggal: Rabu, 23 Februari, 2011, 2:42 AM Aya sababaraha dina buku ngeunaan awi. Tp buku anu di abdi teh fotocopy an, anu jelasna di Kang Oca tangtu sayogi. Teu kitu, kumaha lamun milist kisunda ngadamel "Album Awi Tatar Sunda"? sok lah diketuaan ku kang Taji, Insya Alloh seueur pangriojong timana-mana geura. salam baktos, manar 2011/2/23 Akang Tajimalela <[email protected]> Mang Oman...aya foto2na kanggo awi anu disebat ku Mamang?? TM --- Pada Sel, 22/2/11, oman abdurahman <[email protected]> menulis: Dari: oman abdurahman <[email protected]> Judul: Re: AWI ==> Re: [kisunda] Bah Imun nu provokatip Kepada: [email protected] Tanggal: Selasa, 22 Februari, 2011, 4:40 PM Nambahan saeutik: Awi Ater (toponimi: Ciater). Ku dalitna urang Sunda jeung awi, loba ngaran lembur atawa patempatan anu diaranan make atawa nyokot tina aran awi. Contona wae; Ciater, Citamiang, Ciawi, Ciawi Tali, Geger Bitung, Cibitung, Kandang Haur, Haur geulis. Tacan deui, loba kacida aran peralatan atawa hasil budidaya anu bahanna tina awi: Angklung, Calung, Dingkul jeung pakakas rumah tangga lianna, kaasup calengka (toponomi: Cicalengka). Katerangan tambahan: Awi Eul-eul eta endemis (sadunya ngan aya di) Pangalengan. Heranna, sanajan angklung ayeuna geus asup kana world heritage, tapi, pangbagea ti Pamarentah Jabar mah tiis wae. Sugan aya acara anu ditujukeun pikeun ngahargaan budaya awi atawa ngaronjatkeun ajen awi dina pangwangunan, henteu, rehe combrek. Heranna deui, tumbila-na kang Imun dina kasus awi mah teu aya guay, ngahep-hep wae siga anu teu walakaya, matak talibra anu sare dina luhureun bugang awi teh. manar 2011/2/22 Roza R. Mintaredja <[email protected]> wah kaleresan nuju ngalangkung, aya dulur anu nyabit2 kana AWI, ieu mah sakadada sakadugana we, sa emut nu kapanggih diantawisna ARAN AWI: -BITUNG, GOMBONG, TAMIANG, HAUR , TALI, EUL-EUL, NGARAMBAT, BUTA, SEURAT, KENDANG, KONENG, HIDEUNG, BEUREUM, PRINGGADANI, CINA, JEPANG jsbna. hn*R3M On 2/21/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote: > Aya tukang Awi teh Kang Oza, arsitek. Tah geura ngadongeng Kang Oza. > Tah aya urang Banten, Kang TRL, tangtu ngabalad jeung dunya awi mah. > > 2011/2/21 <[email protected]> > >> >> >> Cing aya nuapal ngaran2 jenis awi dina basa sunda? (Masalah jeung bah imun >> ke urang teraskeun deui) :p >> >> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar >> teyusss..... >> >
