Suadma
Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message-----
From: ilen kardani <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 23 Feb 2011 23:03:10
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Wawancara
Dulur,
Reueus pisan kamari ngayakeun wawancara keur pianakbuaheun, tina sababaraha
urang nu di wawancara teh pang unggulna nu asal ti Bandung. Budakna rada kalem,
umur 30an bujangan keneh, nyarita handap asor tapi mere jawaban anu keuna
satiap
ditanya. Sakali-kali mah ku kuring ditanya bari disentak, ngahaja arek nguji
kategeran mental, tapi hade manehna teu kaluar tina jalur pikiran anu normal,
teu kabawa ku emosi. Ieu nu diteangan teh, ceuk hate. Manehna ayeuna narima
gajih sabulan 150 juta ti pagawean nu ayeuna, jadi kuring kudu bisa mere
leuwihna mun arek narima manehna. Tetela geningan nu boga panghasilan 150 juta
sabulan oge masih keneh lapar, lain lapar beuteungna, tapi lapar ku kamajuan,
lapar ku dihargaan, lapar ku perobahan, jeung lapar ku jabatan/pangaruh.
Beda deui jeung calon urang Malayu jeung India, nu India mah sanajan teu nyaho
oge terus ngacapruk kamana karep bari nembongkeun percaya diri anu luhur,
orokaya si ilen kardani teu bisa diekolan kitu bae. Mendingan nu Malayu, mun
ditanya teu nyaho jawabanana teh terus terang ngomong teu nyaho, jujur tea nu
ieu mah. Ngan jujur oge teu cukup, pan kudu pinter jeung bener karek disebutna
masagi.
Panghasilan anak buah rupa-rupa sabulana, ti nu panghandapna 15 juta nepi ka
pang luhurna 350 juta, naon nu ngabedakeunana? Taya lian ti KAHAYANG, jalma
nu ahayangna gede, hasilna oge gede. Sing percaya, ieu mah kanyataan, lain
ideologi.
Kitu pangalaman paramitra.
ilen kardani