Euleuh……na kasabna naon eta teh, meuni. . . . . . . rieut maosna, untuk teu 
nawis Nol na heheh

 

Thanks.
Sulkan, M
MTI-Engineering. Dept, X-9394

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
ilen kardani
Sent: Thursday, February 24, 2011 4:17 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Wawancara

 

  

Baruh kang ii oge nuju lapar ieu teh? mangga atuh bade ngiringan diwawancara 
mah. Bieu oge karek beres ngawawancara budak awewe lajang keneh....india deui 
wae......manehna boga gajih 75 juta sabulan....hayang menta leuwihna cenah 
jeung pagawean nu rada enteng. Mangkaning nu ieu mah can lawan, ngan manehna 
hiji-hijina calon. Jadi mung kang ii nyalonkeun teh peluangna 50-50.

 

________________________________

From: Ii Sumirat <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thu, February 24, 2011 4:11:00 PM
Subject: RE: [kisunda] Wawancara

  

Abah ilen  abdi tiasa teu atuh ngiring diwawancara… kabita 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
ilen kardani
Sent: Thursday, February 24, 2011 2:03 PM
To: [email protected]
Subject: [kisunda] Wawancara

 

  

Dulur,

 

Reueus pisan kamari ngayakeun wawancara keur pianakbuaheun, tina sababaraha 
urang nu di wawancara teh pang unggulna nu asal ti Bandung. Budakna rada kalem, 
umur 30an bujangan keneh, nyarita handap asor tapi mere jawaban anu keuna 
satiap ditanya. Sakali-kali mah ku kuring ditanya bari disentak, ngahaja arek 
nguji kategeran mental, tapi hade manehna teu kaluar tina jalur pikiran anu 
normal, teu kabawa ku emosi. Ieu nu diteangan teh, ceuk hate. Manehna ayeuna 
narima gajih sabulan 150 juta ti pagawean nu ayeuna, jadi kuring kudu bisa mere 
leuwihna mun arek narima manehna. Tetela geningan nu boga panghasilan 150 juta 
sabulan oge masih keneh lapar, lain lapar beuteungna, tapi lapar ku kamajuan, 
lapar ku dihargaan, lapar ku perobahan, jeung lapar ku jabatan/pangaruh.

 

Beda deui jeung calon urang Malayu jeung India, nu India mah sanajan teu nyaho 
oge terus ngacapruk kamana karep bari nembongkeun percaya diri anu luhur, 
orokaya si ilen kardani teu bisa diekolan kitu bae. Mendingan nu Malayu, mun 
ditanya teu nyaho jawabanana teh terus terang ngomong teu nyaho, jujur tea nu 
ieu mah. Ngan jujur oge teu cukup, pan kudu pinter jeung bener karek disebutna 
masagi.

 

Panghasilan anak buah rupa-rupa sabulana, ti nu panghandapna 15 juta nepi ka 
pang luhurna 350 juta, naon nu ngabedakeunana? Taya lian ti KAHAYANG, jalma nu 
ahayangna gede, hasilna oge gede. Sing percaya, ieu mah kanyataan, lain 
ideologi.

 

 

Kitu pangalaman paramitra.

 

ilen kardani

 

 



Kirim email ke