Kuring baheula boga babaturan anu damel di tempat kang Ilen ayeuna, namina Cholidmas, istrina Erdefi Rakun. Kumaha tah saur kang Ilen eta batur kuring teh?
mrachmatrawyani ________________________________ From: ilen kardani <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thu, February 24, 2011 1:59:15 AM Subject: Re: [kisunda] Wawancara Kang Sulkan, Ieu mah keur babandingan we nya kang. Ukuran gajih tenaga ahli di dunia minyak mah teu kauger ku pamarentah jadi make standar internasional, ngan antara bule jeung melayu sok rada dibedakeun sautak seutik mah. Contona, mun si bule dibere gajih poko USD6000 jeung bonus lapangan USD650 sapoe, si melayu mah gajih pokona USD4000 tapi bonus mah sarua USD650 sapoe. Jadi tina sabulan bisa kagajih kurang leuwih USD20000........itung we mun dirupiahkeun mah. Aya oge nu teu make gajih poko, nyaeta tenaga lepas, gajihna antara USD950 - USD1400 sapoe, ari total gajih bulananana mah ampir sarua wae. Bangsa urang anu digarawe didieu lolobana milih gajih harian, jadi mareuli imah di Kota Baru Parahyangan oge dibayar kontan. Kitu tah kang Sulkan.............lumayan keur bahan babandingan. si ilen kardani ________________________________ From: "Sulkan, Muhamad (D&DTooling)" <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thu, February 24, 2011 5:26:09 PM Subject: RE: [kisunda] Wawancara Euleuh……na kasabna naon eta teh, meuni. . . . . . . rieut maosna, untuk teu nawis Nol na heheh Thanks. Sulkan, M MTI-Engineering. Dept, X-9394 From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of ilen kardani Sent: Thursday, February 24, 2011 4:17 PM To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Wawancara Baruh kang ii oge nuju lapar ieu teh? mangga atuh bade ngiringan diwawancara mah. Bieu oge karek beres ngawawancara budak awewe lajang keneh....india deui wae......manehna boga gajih 75 juta sabulan....hayang menta leuwihna cenah jeung pagawean nu rada enteng. Mangkaning nu ieu mah can lawan, ngan manehna hiji-hijina calon. Jadi mung kang ii nyalonkeun teh peluangna 50-50. ________________________________ From:Ii Sumirat <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thu, February 24, 2011 4:11:00 PM Subject: RE: [kisunda] Wawancara Abah ilen abdi tiasa teu atuh ngiring diwawancara… kabita From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of ilen kardani Sent: Thursday, February 24, 2011 2:03 PM To: [email protected] Subject: [kisunda] Wawancara Dulur, Reueus pisan kamari ngayakeun wawancara keur pianakbuaheun, tina sababaraha urang nu di wawancara teh pang unggulna nu asal ti Bandung. Budakna rada kalem, umur 30an bujangan keneh, nyarita handap asor tapi mere jawaban anu keuna satiap ditanya. Sakali-kali mah ku kuring ditanya bari disentak, ngahaja arek nguji kategeran mental, tapi hade manehna teu kaluar tina jalur pikiran anu normal, teu kabawa ku emosi. Ieu nu diteangan teh, ceuk hate. Manehna ayeuna narima gajih sabulan 150 juta ti pagawean nu ayeuna, jadi kuring kudu bisa mere leuwihna mun arek narima manehna. Tetela geningan nu boga panghasilan 150 juta sabulan oge masih keneh lapar, lain lapar beuteungna, tapi lapar ku kamajuan, lapar ku dihargaan, lapar ku perobahan, jeung lapar ku jabatan/pangaruh. Beda deui jeung calon urang Malayu jeung India, nu India mah sanajan teu nyaho oge terus ngacapruk kamana karep bari nembongkeun percaya diri anu luhur, orokaya si ilen kardani teu bisa diekolan kitu bae. Mendingan nu Malayu, mun ditanya teu nyaho jawabanana teh terus terang ngomong teu nyaho, jujur tea nu ieu mah. Ngan jujur oge teu cukup, pan kudu pinter jeung bener karek disebutna masagi. Panghasilan anak buah rupa-rupa sabulana, ti nu panghandapna 15 juta nepi ka pang luhurna 350 juta, naon nu ngabedakeunana? Taya lian ti KAHAYANG, jalma nu ahayangna gede, hasilna oge gede. Sing percaya, ieu mah kanyataan, lain ideologi. Kitu pangalaman paramitra. ilen kardani
