Abah ilen  abdi tiasa teu atuh ngiring diwawancara. kabita 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
ilen kardani
Sent: Thursday, February 24, 2011 2:03 PM
To: [email protected]
Subject: [kisunda] Wawancara

 

  

Dulur,

 

Reueus pisan kamari ngayakeun wawancara keur pianakbuaheun, tina sababaraha
urang nu di wawancara teh pang unggulna nu asal ti Bandung. Budakna rada
kalem, umur 30an bujangan keneh, nyarita handap asor tapi mere jawaban anu
keuna satiap ditanya. Sakali-kali mah ku kuring ditanya bari disentak,
ngahaja arek nguji kategeran mental, tapi hade manehna teu kaluar tina jalur
pikiran anu normal, teu kabawa ku emosi. Ieu nu diteangan teh, ceuk hate.
Manehna ayeuna narima gajih sabulan 150 juta ti pagawean nu ayeuna, jadi
kuring kudu bisa mere leuwihna mun arek narima manehna. Tetela geningan nu
boga panghasilan 150 juta sabulan oge masih keneh lapar, lain lapar
beuteungna, tapi lapar ku kamajuan, lapar ku dihargaan, lapar ku perobahan,
jeung lapar ku jabatan/pangaruh.

 

Beda deui jeung calon urang Malayu jeung India, nu India mah sanajan teu
nyaho oge terus ngacapruk kamana karep bari nembongkeun percaya diri anu
luhur, orokaya si ilen kardani teu bisa diekolan kitu bae. Mendingan nu
Malayu, mun ditanya teu nyaho jawabanana teh terus terang ngomong teu nyaho,
jujur tea nu ieu mah. Ngan jujur oge teu cukup, pan kudu pinter jeung bener
karek disebutna masagi.

 

Panghasilan anak buah rupa-rupa sabulana, ti nu panghandapna 15 juta nepi ka
pang luhurna 350 juta, naon nu ngabedakeunana? Taya lian ti KAHAYANG, jalma
nu ahayangna gede, hasilna oge gede. Sing percaya, ieu mah kanyataan, lain
ideologi.

 

 

Kitu pangalaman paramitra.

 

ilen kardani

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke