eta mah parongpong tapi eusi kulan....

2011/3/1 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

>
>
> ah, etamah tinggal bukti buktina we anu bakal bermunculanan terus,
> keur penguatan data. pokona ATLANTIS GEUS AKSIOMA AYA DI SUNDALAND!,
> KITU WE. di nagara batur mah, karak issue Atlantis, geus bisa
> ngadatangkeun piduiteun make sagala cara. NAAAAA..... ari di urang mah
> ngan saukur "padurenyomna" wungkul. ciiik atuh baraya, buruan geura
> nyieun pilem "science fiktif" ngeunaan SUNDALAND tempatna kawasan
> ATLANTIS. moal teu burung payu geura. cukup ku Tilu sumber. kaHiji,
> data ti Aryoso Santos. kaDua data ti Stephen Opheneimer, data2 gn
> SUNDA jsbna. kaTilu, data ti Puun Cibeo"KABEH GEH ASAL TI SUNDA; PEK
> PALURUH KU DIA!; KU NGAING DITAPAAN!" cukup bisa jadi carita anu hebat
> pan? maenya carita dewa2 Yunani anu leuwih fiktip tibatan Atlantis
> bisa payu, ari carita Sundaland anu leuwih ilmiah teu bisa payu?
> carita siKabayan, Lutung Kasarung, Sangkuriang etamah 'lokalan'
> teuing. cik atuh geura nyieun anu 'interlokal'na. kamarana sih Urang
> Sunda? Rek nungguan urg Malaysia deui wae anu ngalaksanakeun, ciga
> carita Upin jg Ipin buatan urg anu dibeuli ku manehna? cigana mah kudu
> kitu boa. Cag,Rampes! hn*R3M
>
>
> On 2/26/11, oman abdurahman <[email protected]> wrote:
> > Baraya,
> >
> > Kang Samantho anu rajin neruskeun panalungtikann ngeunaan Atlantis
> > teh, utamana ngaliwatan link jeung kajian tulisan2 (dekstop study).
> > Patali jeung isu "Atlantis", aya sababara panalungtikan ngeunaan
> > hadirna sababara piramid ti mangsa anu geus kaliwat di Bumi Nusantara
> > (prak pariksaan deui riset2 ti Turangga Seta). Anu matak narik, eta
> > panalungtikan ayeuna geus lain ukur ti beungeutna (permukaan alias
> > morfologi) wae, malah geus mimiti nalungtik kumaha kaayaan sturktur
> > taneuh/batuan di jerona make teknik indirect survey tea, diantarana:
> > survei geolistrik.
> >
> > Salah sahiji hasil survei geolistrik ka hiji pasir (bukit) atawa
> > gunung leutik anu wangunna memang siga piramid anu aya di wewengkon
> > Bandung kidul (Jelegong, Kotawaringin/baheula mah Soreang, Bandung).
> > Gunung Lalakon ngaranna teh. Warta salengkepna ngeunaan eta survei,
> > hasil jeung diskusina bisa dipaluruh di alamat website kang Samantho
> > di handap ieu:
> >
> http://ahmadsamantho.wordpress.com/2011/02/26/berburu-piramida-nusantara-atlantis/
> >
> > Dina link eta warta, aya peta lokasi-lokasi gunung wangun piramid anu
> > "nyurigakeun" di Nusantara, oge hasil survei geolistrik di gunung
> > Lalakon leuwih rinci (upamana:
> >
> http://sorot.vivanews.com/news/read/206600-infografik--menjelajahi-jejak-piramida
> )
> >
> > Aya deui lokasi anu rada dicurigaan teh nyaeta di daerah Sukahurip,
> > Pengatikan, Kabupaten Garut, Jawa Barat, sakumaha dina cutatan tina
> > warta di luhur ieu: "Tapi Andang kemudian mengaku, selain ke Gunung
> > Lalakon di Bandung, juga ia mendampingi tim Turangga Seta menguji
> > bukit serupa di daerah Sukahurip, Pengatikan, Kabupaten Garut, Jawa
> > Barat.". Andang teh nami lengkepna Dr. Andang Bachtiar, ketua IAGI
> > manten (IAGI = Ikatan Ahli Geologi Indonesia). Memang, anjeunna tacan
> > percaya pisan kana isu gunung salaku pependeman piramid Nusantara
> > baheula atawa Nusantara Atlantis teh, tapi, keur panalungtikan mah
> > anjeunna kacida nyimpen perhatianana.
> >
> > Jadi, usaha pikeun neangan manfaat tina isu Atlantis Sundaland teh teu
> > eureun pikeun anu aya minat mah.
> >
> > manar
> >
>  
>



-- 
.................
8-| 8| B-| B|

Kirim email ke