Insya Alloh kang Oca, aya anu neruskeun. Buku kumpulan tulisan2 anu aya ngeunaan Atlantis Sundaland keur diedit, mugia wae gancang medal. Pon kitu keneh, ngeunaan film panaratas keur dijieun script na. Sugan wae geus jadi mah bahanna jul-jol anu seja ngabeayaan.
salam atlantis. manar 2011/3/1 Roza R. Mintaredja <[email protected]> > > > ah, etamah tinggal bukti buktina we anu bakal bermunculanan terus, > keur penguatan data. pokona ATLANTIS GEUS AKSIOMA AYA DI SUNDALAND!, > KITU WE. di nagara batur mah, karak issue Atlantis, geus bisa > ngadatangkeun piduiteun make sagala cara. NAAAAA..... ari di urang mah > ngan saukur "padurenyomna" wungkul. ciiik atuh baraya, buruan geura > nyieun pilem "science fiktif" ngeunaan SUNDALAND tempatna kawasan > ATLANTIS. moal teu burung payu geura. cukup ku Tilu sumber. kaHiji, > data ti Aryoso Santos. kaDua data ti Stephen Opheneimer, data2 gn > SUNDA jsbna. kaTilu, data ti Puun Cibeo"KABEH GEH ASAL TI SUNDA; PEK > PALURUH KU DIA!; KU NGAING DITAPAAN!" cukup bisa jadi carita anu hebat > pan? maenya carita dewa2 Yunani anu leuwih fiktip tibatan Atlantis > bisa payu, ari carita Sundaland anu leuwih ilmiah teu bisa payu? > carita siKabayan, Lutung Kasarung, Sangkuriang etamah 'lokalan' > teuing. cik atuh geura nyieun anu 'interlokal'na. kamarana sih Urang > Sunda? Rek nungguan urg Malaysia deui wae anu ngalaksanakeun, ciga > carita Upin jg Ipin buatan urg anu dibeuli ku manehna? cigana mah kudu > kitu boa. Cag,Rampes! hn*R3M > > > On 2/26/11, oman abdurahman <[email protected]> wrote: > > Baraya, > > > > Kang Samantho anu rajin neruskeun panalungtikann ngeunaan Atlantis > > teh, utamana ngaliwatan link jeung kajian tulisan2 (dekstop study). > > Patali jeung isu "Atlantis", aya sababara panalungtikan ngeunaan > > hadirna sababara piramid ti mangsa anu geus kaliwat di Bumi Nusantara > > (prak pariksaan deui riset2 ti Turangga Seta). Anu matak narik, eta > > panalungtikan ayeuna geus lain ukur ti beungeutna (permukaan alias > > morfologi) wae, malah geus mimiti nalungtik kumaha kaayaan sturktur > > taneuh/batuan di jerona make teknik indirect survey tea, diantarana: > > survei geolistrik. > > > > Salah sahiji hasil survei geolistrik ka hiji pasir (bukit) atawa > > gunung leutik anu wangunna memang siga piramid anu aya di wewengkon > > Bandung kidul (Jelegong, Kotawaringin/baheula mah Soreang, Bandung). > > Gunung Lalakon ngaranna teh. Warta salengkepna ngeunaan eta survei, > > hasil jeung diskusina bisa dipaluruh di alamat website kang Samantho > > di handap ieu: > > > http://ahmadsamantho.wordpress.com/2011/02/26/berburu-piramida-nusantara-atlantis/ > > > > Dina link eta warta, aya peta lokasi-lokasi gunung wangun piramid anu > > "nyurigakeun" di Nusantara, oge hasil survei geolistrik di gunung > > Lalakon leuwih rinci (upamana: > > > http://sorot.vivanews.com/news/read/206600-infografik--menjelajahi-jejak-piramida > ) > > > > Aya deui lokasi anu rada dicurigaan teh nyaeta di daerah Sukahurip, > > Pengatikan, Kabupaten Garut, Jawa Barat, sakumaha dina cutatan tina > > warta di luhur ieu: "Tapi Andang kemudian mengaku, selain ke Gunung > > Lalakon di Bandung, juga ia mendampingi tim Turangga Seta menguji > > bukit serupa di daerah Sukahurip, Pengatikan, Kabupaten Garut, Jawa > > Barat.". Andang teh nami lengkepna Dr. Andang Bachtiar, ketua IAGI > > manten (IAGI = Ikatan Ahli Geologi Indonesia). Memang, anjeunna tacan > > percaya pisan kana isu gunung salaku pependeman piramid Nusantara > > baheula atawa Nusantara Atlantis teh, tapi, keur panalungtikan mah > > anjeunna kacida nyimpen perhatianana. > > > > Jadi, usaha pikeun neangan manfaat tina isu Atlantis Sundaland teh teu > > eureun pikeun anu aya minat mah. > > > > manar > > > >
