Hayang Diajar Nulis di Koran



Fokus we kana hiji hal, tong loba nulis
berbagai hal, tong loba omong berbagai hal.

 

Dina kaping 15 Januari 2011 kuring ngilu ”Pelatihan Nasional Menulis
Artikel,  di Kantor Galamedia Bandung”. Kuring
sumanget pisan ngilu eta pelatihan sabab boga cita-cita hayang sakali-kali bisa
nulis dina media koran. Kaduana kuring oge hayang boga kabisa tulas tulis dina
media Korang. Katiluna kataji  oge ku
iklanna pedah nu mere pelatihan teh gegedug anu sapopoe aktif dina koran
Pikiran Rakyat.

 

Saenggeus diumumkan di Harian Umum Pikiran Rakyat tanggal 29 Desember 2010,
dina poe  Senen  tanggal 3 Januari 2011 kuring buru-buru  daftar jadi peserta. 
Hariwang bisi teu
kabagean tempat,  pas daftar  geuningan karek aya 3 urang anu daftar. Dina
poe H na, kuring datang pang isuk-isukna. Nu ngilu  pelatihan kirang langkung 
aya kana 40 jalmian.

 

Dina sesi kahiji dibenjerbeaskeun pasualan pentingna nulis-kalimah
ngagunakeun cara anu lugas teu bulat-beulit ngejelimet.  Kusabab kaayaan 
katerbatasan rohangan anu aya
dina lembaran kertas koran, nulis teu meunang ngayayay. Dipaparkan  oge 
pentingna migunakeun basa Indonesia ’yang
baik dan benar’  sesuai jeung aturan  Ejaan Yang Disempurnakan (EYD). Wajib ceuk
hukum jeung penting ngahargaan basa nasional Indonesia jeung sabisa-bisa
ngahindarkeun make istilah basa deungeun. Saha deui anu ngahargaan basa
Indonesia lamun lain ku bangsana sorangan. 

                                             

Wah, geuningan loba pisan aturan  serat sinerat atanapi tulis menulis dina media
koran teh. Umpamana kumaha nu bener dina ngantetkeun awalan jeung akhiran
me-an, pe-an, kumaha nu bener ngagunakeun awal ber, me, di, ke, dari. Aturan
konsonan, diftong, phonem jste. Lieur we lah. Jadi asa  inget kuring baheula 
keur jaman kuliah diajar basa
Indonesia. Suganteh gampang tulas-tulis na koran teh.

 

Dina sesi  kedua  sumanget kuring  hayang diajar nulis artikel (ilmiah populer)
dina koran jadi rada tambah lungse. Penyaji kedua jentre nyaritakeun secara
filosofis  yen  syarat mutlak keur jadi penulis artikel aya 4  hal. Hiji, boga 
otoritas atanapi kompetensi
anu nyoko saluyu jeung bidangna. Kadua boga pengaweruh anu luas jeung jero dina
bidangna. Katiluna boga kamampuan ngilo hal-hal anu aktual atanapi keur 
rame(haneut)
dipadungdengkeun di masyarakat. Kaopat mampu nyampeikeun kanyahona ku basa anu
dipikaharti ku jelema umum/publik bari teu make rumus-rumus  anu rumit  
pabeulit  bin pabaliut. 

 

Ceuk penyaji kadua,  konsumen media
koran taya sanes masyarakat anu beragam mun diklasifikasikeun aya tilu kalangan
: 1 umum, 2 semi akademis 3. kalangan akademi. Ngarana oge harian umum, tulisan
anu alus kudu bisa ngajangkau kalangan anu disebut di luhur.  Lamun tulisan 
akademis lewih cocok keur
kalangan na we. Penyaji kadua nedeskeun  soal pentingna kompetensi. Umpamana 
aya jelema
lulusan Sakola Peternakan, terus manehna boga kanyaho soal peminyakan, sanajan
loba kanyaho soal minyak, secara etika teu cocok lamun manehna nulis soal
perminyakan. Atanapi lulusan Teknik Kimia ari nulis soal Astronomi, teu
nyambung, kitu oge umpamana  sarjana Sosial
Politik, sanajan manehanana boga kanyaho soal 
obat-obatan jeung panyakit, tetep manehna teu boga hak lamun nulis
artikel soal farmasi atawa kedokteran. 

 

Persyaratan  otoritas jeung
kompetensi nyadarkeun kuring kanu pendidikan jeung pangalaman hirup kuring dina
hirup kumbuh kahirupan sapopoe.  Lamun
kitu,  umpamana kuring hayang nulis dina
koran, kuring kudu nulis anu aya kaitanna jeung pangalaman naon wae anu ku
kuring nggeus kaalaman, tangtungna sesuai jeung latar pendidikan.  Kuring 
lulusan Fakultas Sosial Politik
Jurusan Administrasi Publik (Negara) Unpad,  ngan ari kahirupan sapopoe kuring 
sibuk dina
bidang IT,  jeung kabeneran kuring oge  lulusan Senior Programmer Komputer. 

 

Beda jeung babaturan kuring, ti Sospol anu loloba jadi PNS, ari kuring mah
wirasuadma we, di bidang IT, Percetakan jeung Penerbitan.  Teuing kusabab bakat 
kabutuh,  kuring gawe diluar jalur anu umum sakuduna ti
Sospol biasana arasup jadi PNS.  Baheula
kuring teu wani neruskeun gawe jadi PNS , kusabab ditempatkeun di Sajira  
Serang Banten, asa jauh pisan ti Bandung.
Sieun ditigas mastaka.  J  

 

Kuayana persyaratan di luhur  minat
kuring jadi penulis di koran jadi rada turun , padahal minat kuring  asa loba 
pisan, umpamana nulis soal filsafat,
sastra,  puisi, astronomi, politik,
ekonomi,  agama, fisika jeung nu lain-lainna.
Ceuk budak ayeunamah meureun, ”Sok teu jeung sok nyaho”. Kajeun. 

 

Dina  sesi 3, Penyaji  anu katilu  ngaderes soal Kode Etik Jurnalistik Wartawan.
Dicaritakeun soal ’suka-duka’ jadi wartawan. Ceunah beurat boga profesi  jadi 
wartawan, resikona bisa leungit nyawa
kusabab nyalabarkeun hiji berita. Tapi aya oge ceunah wartawan ’Amplop’. 
Wartawan
anu  jual beuli info nyaeta wartawan anu
nyilidik, nyinyidik ku make jalan investigasi langsung ka lapangan naliti 
kalakuan
jeung sepak terjang pajabat. Difoto jeung direkam bari nyumput ti kajauhan.  
Geus meunang info jeung datana,  ku manehna ditingalikeun ka Pajabat nu
bersangkutan. 

 

Ngakuna mah moal arek meres, ngan ngomong diplomatis, ’Bapa abdi gaduh data
anu bade disiarkeun dina koran, kumaha teu sawios-wios’.  Tangtu wae atuh si 
Pajabat teh reuwaseun, teu
nyangka manehna aya nu nutur-nutur jeung ngarekam kalakuan manehna (tangtunga
berita aib), resiko jabatan  manehna bisa
leungit. Teuing sabaraha duit eta wartawan dibere  ku pajabat, da beritana teu 
jadi disiarkeun.
Data nu aya diolah jadi informasi, nyaeta jadi duit, tapi duit keur kapentingan
sorangan.

 

Ku ngilu pelatihan nulis eta, kuring jadi aya minat pikeun nulis soal
politik. Kapikir ku uing geuningan loba pejabat publik dina mangsa kiwari anu
teu kompeten. Fakta di lapangan nunjukan hampir setengah na ti  Kepala Daerah 
di Indonesia boga masalah.

CUNO, masalah ieu timbul kusabab Pajabat Publik, nu mangrupakeun hasil tina
Pemilihan Umum Kepala Daerah (berita Kompas, 18 Januari 2011), teu boga dasar
pendidikan politik jeung kebijakan publik anu memadai. Maenya artis jadi
pejabat publik anu boga tanggung jawab gede pikeun urusan masyarakat. Asa
araraneh.

 

Sanajan syaratna kitu, kudu aya kompetensi, 
kuring mah embung ”terpenjara”, da nu penting jang sadirieun kuring
mah  kuring boga sudut pandang tertentu,
anu haneut, unik jeung menarik. Ceuk penyaji katilu, nulis teh ibarat ngojay.
Sakumaha jelema dibere teori ngojay, nepi ka belel letah ceuli rebing oge, moal
bisa ngojay lamun nu diajar ngojay teu ancrub ngagejebur ka balong. Jelama bisa
nulis alus lamun manehanana leukeun jeung junun terus latihan nulis.

---00---





Punten Ki Hasan, ieu mah langkung ti sakaca. 

--- On Sat, 3/5/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote:















 
 



  


    
      
      
      Kang ERN, sok atuh geura ngadongeng pangalamanana, ngarah tambah euyeub.
Tong panjang-panjang, sakaca we geura.




      

Kirim email ke