Nulis heula sakaca panaglaman hirup geura. Nu ieu ge can keneh jalan. Hehehe
2011/3/7 <[email protected]> > Cik usul ka sadayana, kumaha lamun milis kisunda gaduh kolom nulis dikoran. > Eusina disesuaikeun conto kasehatan ku ang milis anu luyu srg propesina. > (Sami srg usul mang jamal) janten milis kisunda oge teu wunngkul adu renyom > dina milis, tapi aya output keur masy umum. > Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar > teyusss..... > > -----Original Message----- > From: mang jamal <[email protected]> > Sender: [email protected] > Date: Mon, 7 Mar 2011 12:40:00 > To: <[email protected]> > Reply-To: [email protected] > Subject: Re: [kisunda] Hayang Diajar Nulis di Koran > > kang Maman, umumna nulis di koran, disaluyukeun sareng widang akademik > urang. basa legegna mah, atribusi tea. jadi mun hiji dokter nulis soal > pulitik, moal dimuat. da widangna soal kasehatan hehe. > > On 3/5/11, Maman <[email protected]> wrote: > > > > > > Hayang Diajar Nulis di Koran > > > > > > > > Fokus we kana hiji hal, tong loba nulis > > berbagai hal, tong loba omong berbagai hal. > > > > > > > > Dina kaping 15 Januari 2011 kuring ngilu ”Pelatihan Nasional Menulis > > Artikel, di Kantor Galamedia Bandung”. Kuring > > sumanget pisan ngilu eta pelatihan sabab boga cita-cita hayang > sakali-kali > > bisa > > nulis dina media koran. Kaduana kuring oge hayang boga kabisa tulas tulis > > dina > > media Korang. Katiluna kataji oge ku > > iklanna pedah nu mere pelatihan teh gegedug anu sapopoe aktif dina koran > > Pikiran Rakyat. > > > > > > > > Saenggeus diumumkan di Harian Umum Pikiran Rakyat tanggal 29 Desember > 2010, > > dina poe Senen tanggal 3 Januari 2011 kuring buru-buru daftar jadi > > peserta. Hariwang bisi teu > > kabagean tempat, pas daftar geuningan karek aya 3 urang anu daftar. > Dina > > poe H na, kuring datang pang isuk-isukna. Nu ngilu pelatihan kirang > > langkung aya kana 40 jalmian. > > > > > > > > Dina sesi kahiji dibenjerbeaskeun pasualan pentingna nulis-kalimah > > ngagunakeun cara anu lugas teu bulat-beulit ngejelimet. Kusabab kaayaan > > katerbatasan rohangan anu aya > > dina lembaran kertas koran, nulis teu meunang ngayayay. Dipaparkan oge > > pentingna migunakeun basa Indonesia ’yang > > baik dan benar’ sesuai jeung aturan Ejaan Yang Disempurnakan (EYD). > Wajib > > ceuk > > hukum jeung penting ngahargaan basa nasional Indonesia jeung sabisa-bisa > > ngahindarkeun make istilah basa deungeun. Saha deui anu ngahargaan basa > > Indonesia lamun lain ku bangsana sorangan. > > > > > > > > Wah, geuningan loba pisan aturan serat sinerat atanapi tulis menulis > dina > > media > > koran teh. Umpamana kumaha nu bener dina ngantetkeun awalan jeung akhiran > > me-an, pe-an, kumaha nu bener ngagunakeun awal ber, me, di, ke, dari. > Aturan > > konsonan, diftong, phonem jste. Lieur we lah. Jadi asa inget kuring > baheula > > keur jaman kuliah diajar basa > > Indonesia. Suganteh gampang tulas-tulis na koran teh. > > > > > > > > Dina sesi kedua sumanget kuring hayang diajar nulis artikel (ilmiah > > populer) > > dina koran jadi rada tambah lungse. Penyaji kedua jentre nyaritakeun > secara > > filosofis yen syarat mutlak keur jadi penulis artikel aya 4 hal. Hiji, > > boga otoritas atanapi kompetensi > > anu nyoko saluyu jeung bidangna. Kadua boga pengaweruh anu luas jeung > jero > > dina > > bidangna. Katiluna boga kamampuan ngilo hal-hal anu aktual atanapi keur > > rame(haneut) > > dipadungdengkeun di masyarakat. Kaopat mampu nyampeikeun kanyahona ku > basa > > anu > > dipikaharti ku jelema umum/publik bari teu make rumus-rumus anu rumit > > pabeulit bin pabaliut. > > > > > > > > Ceuk penyaji kadua, konsumen media > > koran taya sanes masyarakat anu beragam mun diklasifikasikeun aya tilu > > kalangan > > : 1 umum, 2 semi akademis 3. kalangan akademi. Ngarana oge harian umum, > > tulisan > > anu alus kudu bisa ngajangkau kalangan anu disebut di luhur. Lamun > tulisan > > akademis lewih cocok keur > > kalangan na we. Penyaji kadua nedeskeun soal pentingna kompetensi. > Umpamana > > aya jelema > > lulusan Sakola Peternakan, terus manehna boga kanyaho soal peminyakan, > > sanajan > > loba kanyaho soal minyak, secara etika teu cocok lamun manehna nulis soal > > perminyakan. Atanapi lulusan Teknik Kimia ari nulis soal Astronomi, teu > > nyambung, kitu oge umpamana sarjana Sosial > > Politik, sanajan manehanana boga kanyaho soal > > obat-obatan jeung panyakit, tetep manehna teu boga hak lamun nulis > > artikel soal farmasi atawa kedokteran. > > > > > > > > Persyaratan otoritas jeung > > kompetensi nyadarkeun kuring kanu pendidikan jeung pangalaman hirup > kuring > > dina > > hirup kumbuh kahirupan sapopoe. Lamun > > kitu, umpamana kuring hayang nulis dina > > koran, kuring kudu nulis anu aya kaitanna jeung pangalaman naon wae anu > ku > > kuring nggeus kaalaman, tangtungna sesuai jeung latar pendidikan. Kuring > > lulusan Fakultas Sosial Politik > > Jurusan Administrasi Publik (Negara) Unpad, ngan ari kahirupan sapopoe > > kuring sibuk dina > > bidang IT, jeung kabeneran kuring oge lulusan Senior Programmer > Komputer. > > > > > > > > Beda jeung babaturan kuring, ti Sospol anu loloba jadi PNS, ari kuring > mah > > wirasuadma we, di bidang IT, Percetakan jeung Penerbitan. Teuing kusabab > > bakat kabutuh, kuring gawe diluar jalur anu umum sakuduna ti > > Sospol biasana arasup jadi PNS. Baheula > > kuring teu wani neruskeun gawe jadi PNS , kusabab ditempatkeun di Sajira > > Serang Banten, asa jauh pisan ti Bandung. > > Sieun ditigas mastaka. J > > > > > > > > Kuayana persyaratan di luhur minat > > kuring jadi penulis di koran jadi rada turun , padahal minat kuring asa > > loba pisan, umpamana nulis soal filsafat, > > sastra, puisi, astronomi, politik, > > ekonomi, agama, fisika jeung nu lain-lainna. > > Ceuk budak ayeunamah meureun, ”Sok teu jeung sok nyaho”. Kajeun. > > > > > > > > Dina sesi 3, Penyaji anu katilu ngaderes soal Kode Etik Jurnalistik > > Wartawan. > > Dicaritakeun soal ’suka-duka’ jadi wartawan. Ceunah beurat boga profesi > > jadi wartawan, resikona bisa leungit nyawa > > kusabab nyalabarkeun hiji berita. Tapi aya oge ceunah wartawan ’Amplop’. > > Wartawan > > anu jual beuli info nyaeta wartawan anu > > nyilidik, nyinyidik ku make jalan investigasi langsung ka lapangan naliti > > kalakuan > > jeung sepak terjang pajabat. Difoto jeung direkam bari nyumput ti > kajauhan. > > Geus meunang info jeung datana, ku manehna ditingalikeun ka Pajabat nu > > bersangkutan. > > > > > > > > Ngakuna mah moal arek meres, ngan ngomong diplomatis, ’Bapa abdi gaduh > data > > anu bade disiarkeun dina koran, kumaha teu sawios-wios’. Tangtu wae atuh > si > > Pajabat teh reuwaseun, teu > > nyangka manehna aya nu nutur-nutur jeung ngarekam kalakuan manehna > > (tangtunga > > berita aib), resiko jabatan manehna bisa > > leungit. Teuing sabaraha duit eta wartawan dibere ku pajabat, da > beritana > > teu jadi disiarkeun. > > Data nu aya diolah jadi informasi, nyaeta jadi duit, tapi duit keur > > kapentingan > > sorangan. > > > > > > > > Ku ngilu pelatihan nulis eta, kuring jadi aya minat pikeun nulis soal > > politik. Kapikir ku uing geuningan loba pejabat publik dina mangsa kiwari > > anu > > teu kompeten. Fakta di lapangan nunjukan hampir setengah na ti Kepala > > Daerah di Indonesia boga masalah. > > > > CUNO, masalah ieu timbul kusabab Pajabat Publik, nu mangrupakeun hasil > tina > > Pemilihan Umum Kepala Daerah (berita Kompas, 18 Januari 2011), teu boga > > dasar > > pendidikan politik jeung kebijakan publik anu memadai. Maenya artis jadi > > pejabat publik anu boga tanggung jawab gede pikeun urusan masyarakat. Asa > > araraneh. > > > > > > > > Sanajan syaratna kitu, kudu aya kompetensi, > > kuring mah embung ”terpenjara”, da nu penting jang sadirieun kuring > > mah kuring boga sudut pandang tertentu, > > anu haneut, unik jeung menarik. Ceuk penyaji katilu, nulis teh ibarat > > ngojay. > > Sakumaha jelema dibere teori ngojay, nepi ka belel letah ceuli rebing > oge, > > moal > > bisa ngojay lamun nu diajar ngojay teu ancrub ngagejebur ka balong. > Jelama > > bisa > > nulis alus lamun manehanana leukeun jeung junun terus latihan nulis. > > > > ---00--- > > > > > > > > > > > > Punten Ki Hasan, ieu mah langkung ti sakaca. > > > > --- On Sat, 3/5/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote: > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > Kang ERN, sok atuh geura ngadongeng pangalamanana, ngarah tambah > > euyeub. > > Tong panjang-panjang, sakaca we geura. > > > > > > > > > > > > > ------------------------------------ > > Yahoo! Groups Links > > > > > > ------------------------------------ > > Yahoo! Groups Links > > > >
