kang Maman, umumna nulis di koran, disaluyukeun sareng widang akademik urang. basa legegna mah, atribusi tea. jadi mun hiji dokter nulis soal pulitik, moal dimuat. da widangna soal kasehatan hehe.
On 3/5/11, Maman <[email protected]> wrote: > > > Hayang Diajar Nulis di Koran > > > > Fokus we kana hiji hal, tong loba nulis > berbagai hal, tong loba omong berbagai hal. > > > > Dina kaping 15 Januari 2011 kuring ngilu ”Pelatihan Nasional Menulis > Artikel, di Kantor Galamedia Bandung”. Kuring > sumanget pisan ngilu eta pelatihan sabab boga cita-cita hayang sakali-kali > bisa > nulis dina media koran. Kaduana kuring oge hayang boga kabisa tulas tulis > dina > media Korang. Katiluna kataji oge ku > iklanna pedah nu mere pelatihan teh gegedug anu sapopoe aktif dina koran > Pikiran Rakyat. > > > > Saenggeus diumumkan di Harian Umum Pikiran Rakyat tanggal 29 Desember 2010, > dina poe Senen tanggal 3 Januari 2011 kuring buru-buru daftar jadi > peserta. Hariwang bisi teu > kabagean tempat, pas daftar geuningan karek aya 3 urang anu daftar. Dina > poe H na, kuring datang pang isuk-isukna. Nu ngilu pelatihan kirang > langkung aya kana 40 jalmian. > > > > Dina sesi kahiji dibenjerbeaskeun pasualan pentingna nulis-kalimah > ngagunakeun cara anu lugas teu bulat-beulit ngejelimet. Kusabab kaayaan > katerbatasan rohangan anu aya > dina lembaran kertas koran, nulis teu meunang ngayayay. Dipaparkan oge > pentingna migunakeun basa Indonesia ’yang > baik dan benar’ sesuai jeung aturan Ejaan Yang Disempurnakan (EYD). Wajib > ceuk > hukum jeung penting ngahargaan basa nasional Indonesia jeung sabisa-bisa > ngahindarkeun make istilah basa deungeun. Saha deui anu ngahargaan basa > Indonesia lamun lain ku bangsana sorangan. > > > > Wah, geuningan loba pisan aturan serat sinerat atanapi tulis menulis dina > media > koran teh. Umpamana kumaha nu bener dina ngantetkeun awalan jeung akhiran > me-an, pe-an, kumaha nu bener ngagunakeun awal ber, me, di, ke, dari. Aturan > konsonan, diftong, phonem jste. Lieur we lah. Jadi asa inget kuring baheula > keur jaman kuliah diajar basa > Indonesia. Suganteh gampang tulas-tulis na koran teh. > > > > Dina sesi kedua sumanget kuring hayang diajar nulis artikel (ilmiah > populer) > dina koran jadi rada tambah lungse. Penyaji kedua jentre nyaritakeun secara > filosofis yen syarat mutlak keur jadi penulis artikel aya 4 hal. Hiji, > boga otoritas atanapi kompetensi > anu nyoko saluyu jeung bidangna. Kadua boga pengaweruh anu luas jeung jero > dina > bidangna. Katiluna boga kamampuan ngilo hal-hal anu aktual atanapi keur > rame(haneut) > dipadungdengkeun di masyarakat. Kaopat mampu nyampeikeun kanyahona ku basa > anu > dipikaharti ku jelema umum/publik bari teu make rumus-rumus anu rumit > pabeulit bin pabaliut. > > > > Ceuk penyaji kadua, konsumen media > koran taya sanes masyarakat anu beragam mun diklasifikasikeun aya tilu > kalangan > : 1 umum, 2 semi akademis 3. kalangan akademi. Ngarana oge harian umum, > tulisan > anu alus kudu bisa ngajangkau kalangan anu disebut di luhur. Lamun tulisan > akademis lewih cocok keur > kalangan na we. Penyaji kadua nedeskeun soal pentingna kompetensi. Umpamana > aya jelema > lulusan Sakola Peternakan, terus manehna boga kanyaho soal peminyakan, > sanajan > loba kanyaho soal minyak, secara etika teu cocok lamun manehna nulis soal > perminyakan. Atanapi lulusan Teknik Kimia ari nulis soal Astronomi, teu > nyambung, kitu oge umpamana sarjana Sosial > Politik, sanajan manehanana boga kanyaho soal > obat-obatan jeung panyakit, tetep manehna teu boga hak lamun nulis > artikel soal farmasi atawa kedokteran. > > > > Persyaratan otoritas jeung > kompetensi nyadarkeun kuring kanu pendidikan jeung pangalaman hirup kuring > dina > hirup kumbuh kahirupan sapopoe. Lamun > kitu, umpamana kuring hayang nulis dina > koran, kuring kudu nulis anu aya kaitanna jeung pangalaman naon wae anu ku > kuring nggeus kaalaman, tangtungna sesuai jeung latar pendidikan. Kuring > lulusan Fakultas Sosial Politik > Jurusan Administrasi Publik (Negara) Unpad, ngan ari kahirupan sapopoe > kuring sibuk dina > bidang IT, jeung kabeneran kuring oge lulusan Senior Programmer Komputer. > > > > Beda jeung babaturan kuring, ti Sospol anu loloba jadi PNS, ari kuring mah > wirasuadma we, di bidang IT, Percetakan jeung Penerbitan. Teuing kusabab > bakat kabutuh, kuring gawe diluar jalur anu umum sakuduna ti > Sospol biasana arasup jadi PNS. Baheula > kuring teu wani neruskeun gawe jadi PNS , kusabab ditempatkeun di Sajira > Serang Banten, asa jauh pisan ti Bandung. > Sieun ditigas mastaka. J > > > > Kuayana persyaratan di luhur minat > kuring jadi penulis di koran jadi rada turun , padahal minat kuring asa > loba pisan, umpamana nulis soal filsafat, > sastra, puisi, astronomi, politik, > ekonomi, agama, fisika jeung nu lain-lainna. > Ceuk budak ayeunamah meureun, ”Sok teu jeung sok nyaho”. Kajeun. > > > > Dina sesi 3, Penyaji anu katilu ngaderes soal Kode Etik Jurnalistik > Wartawan. > Dicaritakeun soal ’suka-duka’ jadi wartawan. Ceunah beurat boga profesi > jadi wartawan, resikona bisa leungit nyawa > kusabab nyalabarkeun hiji berita. Tapi aya oge ceunah wartawan ’Amplop’. > Wartawan > anu jual beuli info nyaeta wartawan anu > nyilidik, nyinyidik ku make jalan investigasi langsung ka lapangan naliti > kalakuan > jeung sepak terjang pajabat. Difoto jeung direkam bari nyumput ti kajauhan. > Geus meunang info jeung datana, ku manehna ditingalikeun ka Pajabat nu > bersangkutan. > > > > Ngakuna mah moal arek meres, ngan ngomong diplomatis, ’Bapa abdi gaduh data > anu bade disiarkeun dina koran, kumaha teu sawios-wios’. Tangtu wae atuh si > Pajabat teh reuwaseun, teu > nyangka manehna aya nu nutur-nutur jeung ngarekam kalakuan manehna > (tangtunga > berita aib), resiko jabatan manehna bisa > leungit. Teuing sabaraha duit eta wartawan dibere ku pajabat, da beritana > teu jadi disiarkeun. > Data nu aya diolah jadi informasi, nyaeta jadi duit, tapi duit keur > kapentingan > sorangan. > > > > Ku ngilu pelatihan nulis eta, kuring jadi aya minat pikeun nulis soal > politik. Kapikir ku uing geuningan loba pejabat publik dina mangsa kiwari > anu > teu kompeten. Fakta di lapangan nunjukan hampir setengah na ti Kepala > Daerah di Indonesia boga masalah. > > CUNO, masalah ieu timbul kusabab Pajabat Publik, nu mangrupakeun hasil tina > Pemilihan Umum Kepala Daerah (berita Kompas, 18 Januari 2011), teu boga > dasar > pendidikan politik jeung kebijakan publik anu memadai. Maenya artis jadi > pejabat publik anu boga tanggung jawab gede pikeun urusan masyarakat. Asa > araraneh. > > > > Sanajan syaratna kitu, kudu aya kompetensi, > kuring mah embung ”terpenjara”, da nu penting jang sadirieun kuring > mah kuring boga sudut pandang tertentu, > anu haneut, unik jeung menarik. Ceuk penyaji katilu, nulis teh ibarat > ngojay. > Sakumaha jelema dibere teori ngojay, nepi ka belel letah ceuli rebing oge, > moal > bisa ngojay lamun nu diajar ngojay teu ancrub ngagejebur ka balong. Jelama > bisa > nulis alus lamun manehanana leukeun jeung junun terus latihan nulis. > > ---00--- > > > > > > Punten Ki Hasan, ieu mah langkung ti sakaca. > > --- On Sat, 3/5/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote: > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > Kang ERN, sok atuh geura ngadongeng pangalamanana, ngarah tambah > euyeub. > Tong panjang-panjang, sakaca we geura. > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
