wah si abah ,,, hebat tos umeroh mah hehehe

kumaha mun Fuhrer alias Hitler terus ngaca ?
plek pisan urang NAZI nya sampurna estuning sampurna
BALUKARNA ??


nyanggakeun acccchhhh



2011/3/14 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

>
>
> mangH,lan baraya sadaya........................
> apan* kiwari geus mimiti kabaruka tah, topeng2na ku putri anu genep teh.*
> kunaon putri anu katujuh can turun?
> sabab nungguan dikawin ku nu jadi pisalakieun, ti seuweu siwi Padjadjaran
> keur nyambut/ Mapag Padjadajaran Anyar
>
> marikitahayu, ngalamar putri ArumWiyaga
> ngeunah we, ngalamar,... gawe heula atuh!
> naon gawe urg?
> nya ngalaksanakeun UGA, UrangGAwean
> nyahona ngan kawinna weee.....
> kabeh boga hak keur ngalamar putri
> nya digawe, sabari mapay raratan, nutur galur nu sa estu
> ngan ku nu rancage hate bisa ka taekan.
>
> naon* rancage* teh?
> anu WAWUH ka DIRIna jeung anu WANOH ka GUSTINA
> kuma carana?
> neanganna atuh, ka *Jero Diri* urg,...geura ngaca-Diri
> mun neanganana ka luar, pasti bakal....... ngaca-pruk!
> jadi enasna anu tujuh, sakabeh sipatna aya di DIRI urang.
> balik kajero deui,.......................
> keur ngawinkeun, lahir jeung batin na
>
> ongkoh* lahirna Sunda*, ari *batin*na Eropah/Amrik/India/Cina/Arab rek
> kumaha dikawinna atuh?
> cangkang jeung eusi teu nyekrup!
> mending geh, lahirna Amrik, tapi batinna Sunda, eta leuwih alus.
> (emh, ciga nu heueuh)
>
> tah Arum, teh lain H arum/wangi?( aya kembang Ganda Aruman)
> naon deui iwal ti ageman Siliwangi tea
> TRI.SILAS.
>
> (tong didenge lah, obrolan si oca mah, bisi kabawa ngacapruk deuih).
> hn*R3M
>
>
>
>
>
> 2011/3/14 Ki Hasan <[email protected]>
>
>>
>>
>> Mun noong pedaran eta naskah tuluyanana, nu TUJUH bidadari teh
>> masing-masing boga karakter khusus.
>> Bisa jadi angka tujuh teh angka SAKTI, ngagambarkeun kamotekaran karuhun
>> pikeun memahami karakter
>> kapribadian manungsa, nu diguruntulkeun jadi tujuh karakter. Sugan kitu
>> ge. Hehehe.
>>
>>
>> 2011/3/14 Jalak Pakuan <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> 7 putri bidadari ngemutkeun kana carita Jaka Tarub.....naha 7 bidadari ti
>>> kahyangan teh pola baku dina carita2 rakyat kalebet carita2 di tatar sunda?
>>> Para wargi panginten aya nu uninga naon hartosna 7 bidadari? Naha nya kituna
>>> (as is) atanapi aya hartos sanes, atanapi ditalikeun kana 7 warna katumbiri?
>>>
>>> salam
>>> JP
>>>
>>> Makarya Mawa Raharja
>>>
>>>
>>>  ------------------------------
>>> *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
>>> *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda <
>>> [email protected]>
>>> *Terkirim:* Sen, 14 Maret, 2011 06:08:50
>>> *Judul:* [kisunda] Pantun - Ronggeng Tujuh Kala Sirna - 2
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>  Ronggeng Tujuh Kala Sirna ( Bagan Kadua )
>>>  by Rall Lians 
>>> D'Antares<http://www.facebook.com/The.Adventurers.from.Pasundan>on 
>>> Saturday, October 2, 2010 at 7:56pm
>>>
>>> .........................................................................
>>>
>>> .........................................................................
>>>
>>> (12)
>>>
>>>
>>>
>>> Urang mah, urang mapag. Urang papag nu deuk datang !
>>>
>>>
>>>
>>> Urang longok heula anu miang ti Karang Pamulang, nu keur nindak ka
>>> lunta-lunta, nu dijurung ka Gunung Gorowong nu ngajemblong di Pajajaran.
>>> Pajajaran ..... di Pajajaran nu ngamparna kaurugan jaman, nu ceceluk ti
>>> awun-awun .... nu jaga baris diguar, dijajarkeun deui ku nu sarunda dina
>>> sukmana, jeung sarunda dina lampahna.
>>>
>>
>>
>>
>  
>



-- 
.................
8-| 8| B-| B|

Kirim email ke