wah kang Eminx, meni sono lawas, teu tepang kana wungkul?
teu wasa uin ngaku geus umroh mah,
paling ge studi banding, embung bisi disebut euceuk jeung beja
naha bet kitu?
kumaha teu tambah yakin,
yen kanjeng nabi Muhammad saw kudu diturunkeun di Mekah teh.?
alam arab sakitu werit jeung ganas
kabawa ka sipat umum jelemana, tukang hoghag/pasea
tukang perkosa, tukang dagang sabari pinuh ku tipu tipu jrrd.
da tiap turun di hijiwewengkon, eta anu ngaran guide, mindeng pasea,
pa haok haok, jeung jelema diditu.
aya we masalahna teh, ceuk guide asal ulah nepi ka gelut we ,
da pasti urg nu dianggap salahna mun ka pangadilan teh.
buktina?
harita uin keur ngawal ibu2 limaan(jg pamajikan) di mekkah, *sight seing*,
barang asup ka hiji toko, laha loho.....
naaaa ari pek teh salah saurang ibu ngajorowok
kang oca, kang ocaaaaa......!!!!
aya naon bu imas(samaran)?.....
ieu imbit abdi, di rames2 kunu boga toko??!!!!!
{kabeneran si ibuna rada bahenol mencrang.)
atuuuuh, uin nyarekan laklak dasar ka nu boga toko (ku basa sunda)
nya puguh teu ngartieun manehna , sarangah serengeh weeee
nyarekan sawareh ku basa indonesia, sawareh ku basa arab sakapanggihna.
sabari nyampeurkeun, ngabebenjokeun,.... manehna mere tasbeh kristal!
kasarnamah sasadu menta hampura, meureun
tuluy uin dibawa ka juru, sabari nerangkeun mahalna tasbeh kristal
mangga candak keur kenang2an, kitu cigana mah
da manehna geh aya saeutik bisa basa indonesia.
ngan etaaaa..... sabari mikeun, ....sabari ngarames anu uin!
cenah cigana gede, hayangeun nempo!
ku uin didorong sabari ditampiling (kahayangmah di cacag diwalang-walang,
tapi jadi masalah jeung , pasti eleh wae ari geus ka pangadilan mah)
harita ibu2 rombongan uin mah geus paburisat kaluar toko.
(kiwari tasbehna aya keneh, jadi gantungan dina spion mobil, kenang2-an).
2011/3/15 eminx <[email protected]>
>
>
> wah si abah ,,, hebat tos umeroh mah hehehe
>
> kumaha mun Fuhrer alias Hitler terus ngaca ?
> plek pisan urang NAZI nya sampurna estuning sampurna
> BALUKARNA ??
>
>
> nyanggakeun acccchhhh
>
>
>
> 2011/3/14 Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>
>
>>
>> mangH,lan baraya sadaya........................
>> apan* kiwari geus mimiti kabaruka tah, topeng2na ku putri anu genep teh.*
>> kunaon putri anu katujuh can turun?
>> sabab nungguan dikawin ku nu jadi pisalakieun, ti seuweu siwi Padjadjaran
>> keur nyambut/ Mapag Padjadajaran Anyar
>>
>> marikitahayu, ngalamar putri ArumWiyaga
>> ngeunah we, ngalamar,... gawe heula atuh!
>> naon gawe urg?
>> nya ngalaksanakeun UGA, UrangGAwean
>> nyahona ngan kawinna weee.....
>> kabeh boga hak keur ngalamar putri
>> nya digawe, sabari mapay raratan, nutur galur nu sa estu
>> ngan ku nu rancage hate bisa ka taekan.
>>
>> naon* rancage* teh?
>> anu WAWUH ka DIRIna jeung anu WANOH ka GUSTINA
>> kuma carana?
>> neanganna atuh, ka *Jero Diri* urg,...geura ngaca-Diri
>> mun neanganana ka luar, pasti bakal....... ngaca-pruk!
>> jadi enasna anu tujuh, sakabeh sipatna aya di DIRI urang.
>> balik kajero deui,.......................
>> keur ngawinkeun, lahir jeung batin na
>>
>> ongkoh* lahirna Sunda*, ari *batin*na Eropah/Amrik/India/Cina/Arab rek
>> kumaha dikawinna atuh?
>> cangkang jeung eusi teu nyekrup!
>> mending geh, lahirna Amrik, tapi batinna Sunda, eta leuwih alus.
>> (emh, ciga nu heueuh)
>>
>> tah Arum, teh lain H arum/wangi?( aya kembang Ganda Aruman)
>> naon deui iwal ti ageman Siliwangi tea
>> TRI.SILAS.
>>
>> (tong didenge lah, obrolan si oca mah, bisi kabawa ngacapruk deuih).
>> hn*R3M
>>
>>
>>
>>
>>
>> 2011/3/14 Ki Hasan <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> Mun noong pedaran eta naskah tuluyanana, nu TUJUH bidadari teh
>>> masing-masing boga karakter khusus.
>>> Bisa jadi angka tujuh teh angka SAKTI, ngagambarkeun kamotekaran karuhun
>>> pikeun memahami karakter
>>> kapribadian manungsa, nu diguruntulkeun jadi tujuh karakter. Sugan kitu
>>> ge. Hehehe.
>>>
>>>
>>> 2011/3/14 Jalak Pakuan <[email protected]>
>>>
>>>>
>>>>
>>>> 7 putri bidadari ngemutkeun kana carita Jaka Tarub.....naha 7 bidadari
>>>> ti kahyangan teh pola baku dina carita2 rakyat kalebet carita2 di tatar
>>>> sunda? Para wargi panginten aya nu uninga naon hartosna 7 bidadari? Naha
>>>> nya
>>>> kituna (as is) atanapi aya hartos sanes, atanapi ditalikeun kana 7 warna
>>>> katumbiri?
>>>>
>>>> salam
>>>> JP
>>>>
>>>> Makarya Mawa Raharja
>>>>
>>>>
>>>> ------------------------------
>>>> *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
>>>> *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda <
>>>> [email protected]>
>>>> *Terkirim:* Sen, 14 Maret, 2011 06:08:50
>>>> *Judul:* [kisunda] Pantun - Ronggeng Tujuh Kala Sirna - 2
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> Ronggeng Tujuh Kala Sirna ( Bagan Kadua )
>>>> by Rall Lians
>>>> D'Antares<http://www.facebook.com/The.Adventurers.from.Pasundan>on
>>>> Saturday, October 2, 2010 at 7:56pm
>>>>
>>>>
>>>> .........................................................................
>>>>
>>>>
>>>> .........................................................................
>>>>
>>>> (12)
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> Urang mah, urang mapag. Urang papag nu deuk datang !
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> Urang longok heula anu miang ti Karang Pamulang, nu keur nindak ka
>>>> lunta-lunta, nu dijurung ka Gunung Gorowong nu ngajemblong di Pajajaran.
>>>> Pajajaran ..... di Pajajaran nu ngamparna kaurugan jaman, nu ceceluk ti
>>>> awun-awun .... nu jaga baris diguar, dijajarkeun deui ku nu sarunda dina
>>>> sukmana, jeung sarunda dina lampahna.
>>>>
>>>
>>>
>>>
>>
>
>
> --
> .................
> 8-| 8| B-| B|
>
>
>
>