Jahil ti baheula. Anehna teu leungit nepi ka ayeuna. Perbawa alam rupina nya?
On Jum, 18 Mar 2011 09:21 ICT Roza R. Mintaredja wrote:
>wah kang Eminx, meni sono lawas, teu tepang kana wungkul?
>
>teu wasa uin ngaku geus umroh mah,
>paling ge studi banding, embung bisi disebut euceuk jeung beja
>naha bet kitu?
>kumaha teu tambah yakin,
>yen kanjeng nabi Muhammad saw kudu diturunkeun di Mekah teh.?
>alam arab sakitu werit jeung ganas
>kabawa ka sipat umum jelemana, tukang hoghag/pasea
>tukang perkosa, tukang dagang sabari pinuh ku tipu tipu jrrd.
>da tiap turun di hijiwewengkon, eta anu ngaran guide, mindeng pasea,
>pa haok haok, jeung jelema diditu.
>aya we masalahna teh, ceuk guide asal ulah nepi ka gelut we ,
>da pasti urg nu dianggap salahna mun ka pangadilan teh.
>buktina?
>harita uin keur ngawal ibu2 limaan(jg pamajikan) di mekkah, *sight seing*,
>barang asup ka hiji toko, laha loho.....
>naaaa ari pek teh salah saurang ibu ngajorowok
>kang oca, kang ocaaaaa......!!!!
>aya naon bu imas(samaran)?.....
>ieu imbit abdi, di rames2 kunu boga toko??!!!!!
>{kabeneran si ibuna rada bahenol mencrang.)
>atuuuuh, uin nyarekan laklak dasar ka nu boga toko (ku basa sunda)
>nya puguh teu ngartieun manehna , sarangah serengeh weeee
>nyarekan sawareh ku basa indonesia, sawareh ku basa arab sakapanggihna.
>sabari nyampeurkeun, ngabebenjokeun,.... manehna mere tasbeh kristal!
>kasarnamah sasadu menta hampura, meureun
>tuluy uin dibawa ka juru, sabari nerangkeun mahalna tasbeh kristal
>mangga candak keur kenang2an, kitu cigana mah
>da manehna geh aya saeutik bisa basa indonesia.
>ngan etaaaa..... sabari mikeun, ....sabari ngarames anu uin!
>cenah cigana gede, hayangeun nempo!
>ku uin didorong sabari ditampiling (kahayangmah di cacag diwalang-walang,
>tapi jadi masalah jeung , pasti eleh wae ari geus ka pangadilan mah)
>harita ibu2 rombongan uin mah geus paburisat kaluar toko.
>
>(kiwari tasbehna aya keneh, jadi gantungan dina spion mobil, kenang2-an).
>
>
>2011/3/15 eminx <[email protected]>
>
>>
>>
>> wah si abah ,,, hebat tos umeroh mah hehehe
>>
>> kumaha mun Fuhrer alias Hitler terus ngaca ?
>> plek pisan urang NAZI nya sampurna estuning sampurna
>> BALUKARNA ??
>>
>>
>> nyanggakeun acccchhhh
>>
>>
>>
>> 2011/3/14 Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>>
>>
>>>
>>> mangH,lan baraya sadaya........................
>>> apan* kiwari geus mimiti kabaruka tah, topeng2na ku putri anu genep teh.*
>>> kunaon putri anu katujuh can turun?
>>> sabab nungguan dikawin ku nu jadi pisalakieun, ti seuweu siwi Padjadjaran
>>> keur nyambut/ Mapag Padjadajaran Anyar
>>>
>>> marikitahayu, ngalamar putri ArumWiyaga
>>> ngeunah we, ngalamar,... gawe heula atuh!
>>> naon gawe urg?
>>> nya ngalaksanakeun UGA, UrangGAwean
>>> nyahona ngan kawinna weee.....
>>> kabeh boga hak keur ngalamar putri
>>> nya digawe, sabari mapay raratan, nutur galur nu sa estu
>>> ngan ku nu rancage hate bisa ka taekan.
>>>
>>> naon* rancage* teh?
>>> anu WAWUH ka DIRIna jeung anu WANOH ka GUSTINA
>>> kuma carana?
>>> neanganna atuh, ka *Jero Diri* urg,...geura ngaca-Diri
>>> mun neanganana ka luar, pasti bakal....... ngaca-pruk!
>>> jadi enasna anu tujuh, sakabeh sipatna aya di DIRI urang.
>>> balik kajero deui,.......................
>>> keur ngawinkeun, lahir jeung batin na
>>>
>>> ongkoh* lahirna Sunda*, ari *batin*na Eropah/Amrik/India/Cina/Arab rek
>>> kumaha dikawinna atuh?
>>> cangkang jeung eusi teu nyekrup!
>>> mending geh, lahirna Amrik, tapi batinna Sunda, eta leuwih alus.
>>> (emh, ciga nu heueuh)
>>>
>>> tah Arum, teh lain H arum/wangi?( aya kembang Ganda Aruman)
>>> naon deui iwal ti ageman Siliwangi tea
>>> TRI.SILAS.
>>>
>>> (tong didenge lah, obrolan si oca mah, bisi kabawa ngacapruk deuih).
>>> hn*R3M
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> 2011/3/14 Ki Hasan <[email protected]>
>>>
>>>>
>>>>
>>>> Mun noong pedaran eta naskah tuluyanana, nu TUJUH bidadari teh
>>>> masing-masing boga karakter khusus.
>>>> Bisa jadi angka tujuh teh angka SAKTI, ngagambarkeun kamotekaran karuhun
>>>> pikeun memahami karakter
>>>> kapribadian manungsa, nu diguruntulkeun jadi tujuh karakter. Sugan kitu
>>>> ge. Hehehe.
>>>>
>>>>
>>>> 2011/3/14 Jalak Pakuan <[email protected]>
>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>> 7 putri bidadari ngemutkeun kana carita Jaka Tarub.....naha 7 bidadari
>>>>> ti kahyangan teh pola baku dina carita2 rakyat kalebet carita2 di tatar
>>>>> sunda? Para wargi panginten aya nu uninga naon hartosna 7 bidadari? Naha
>>>>> nya
>>>>> kituna (as is) atanapi aya hartos sanes, atanapi ditalikeun kana 7 warna
>>>>> katumbiri?
>>>>>
>>>>> salam
>>>>> JP
>>>>>
>>>>> Makarya Mawa Raharja
>>>>>
>>>>>
>>>>> ------------------------------
>>>>> *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
>>>>> *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda <
>>>>> [email protected]>
>>>>> *Terkirim:* Sen, 14 Maret, 2011 06:08:50
>>>>> *Judul:* [kisunda] Pantun - Ronggeng Tujuh Kala Sirna - 2
>>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>> Ronggeng Tujuh Kala Sirna ( Bagan Kadua )
>>>>> by Rall Lians
>>>>> D'Antares<http://www.facebook.com/The.Adventurers.from.Pasundan>on
>>>>> Saturday, October 2, 2010 at 7:56pm
>>>>>
>>>>>
>>>>> .........................................................................
>>>>>
>>>>>
>>>>> .........................................................................
>>>>>
>>>>> (12)
>>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>> Urang mah, urang mapag. Urang papag nu deuk datang !
>>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>> Urang longok heula anu miang ti Karang Pamulang, nu keur nindak ka
>>>>> lunta-lunta, nu dijurung ka Gunung Gorowong nu ngajemblong di Pajajaran.
>>>>> Pajajaran ..... di Pajajaran nu ngamparna kaurugan jaman, nu ceceluk ti
>>>>> awun-awun .... nu jaga baris diguar, dijajarkeun deui ku nu sarunda dina
>>>>> sukmana, jeung sarunda dina lampahna.
>>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>
>>
>>
>> --
>> .................
>> 8-| 8| B-| B|
>>
>>
>>
>>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/