Dina sejarah Kerajaan Ternate oge aya Legenda "Tujuh Putri"... akang2 tos 
taterang meren nya^^? 

Sim abdi baca salah sahiji buku sejarahna, ari pek teh Legenda Tujuh Putri teh 
kawas carita Si Jaka Tarub nu maok salendang salah sahiji putri kayangan. 

Nu pati jelasna mah pilari we di internet atanapi pilari buku tentang sejarah 
Maluku/Ternate.
Hapunten teutiasa dijelaskeun ayeuna kumargi simkuring bade angkat heula, 
sakitu 
we ngiring ngisi di kisunda^^

Salam,
Nurul Iman, Oerang Taziekmalaya




________________________________
Dari: Roza R. Mintaredja <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Jum, 18 Maret, 2011 15:24:33
Judul: Re: Tujuh Putri Bidadari Bls: [kisunda] Pantun - Ronggeng Tujuh Kala 
Sirna - 2

  
nyeta atuh kang Manz, 
dua minggu di jazirah arab teh, meni asa bruh breh pating pucunghul di 
tingalikeun
rombongan ibu2na loba carita wae ngeunaan ditaripuan teh
naek onta sakuriling ditagihna dua kuriling, da embung ribut tea , dibayar weh, 
sabari kukulutus
emh anu karunya mah, mitoha uin sorangan keur ulak ilik barang , nepi ka 
disentak,
ceuk babasaana mah , DEUK MEULI ATW MOAL!?
atuh mitoha uin meni jadi teunggar kalongeun, aya sapoena.
hotel anu disarean dibejaan ku travel tourna dipindahkeun kanu leuwih murah
kusabab pas datang ujug2 ditaekkeun 30%!!!!
adi ipar uin pernah kapeutingan magrib, kapaksa salat di sisi teras hotel, 
ujug2 
di usir ku askar, ciga pkl.
emh gustiii, naha ku kabeneran ka rombongan uin wungkul eta tembong nu karitu 
teh?
ari romb sejen kumaha? da caritana na mah asa kadanguna aralus wae.
kadang2 sok kapikir, kumaha tukang beca rek jiarah ka imah gusti, hayang 
panggih 
jeung gusti
kudu jauh jauh ka nagri sejen, sok sanajan teu wajib ogen, naha kudu di pilah2 
sagala
nepi ka maksakeun jual itu jual ieu, da hayang panggih tea
emh gustiii nu agung.........................
naha enya kudu kitu carana , mun hayang panggih jeung anjeun teh?
apan sabenerna pejiarah teh, janten tamu anjeun didituna teh sanes?.
sesama muslim lain kudu geus dianggap dulur pan?
silih tulungan, silih rojong, gotong royong teh
cigana, ayana teh ,mung keur jaman kanjeng nabi hirup we di mangsa2 ahir 
hayatna.......................





2011/3/18 Maman <[email protected]>

  
>Jahil ti baheula. Anehna teu leungit nepi ka ayeuna. Perbawa alam rupina nya?
>
>
>On Jum, 18 Mar 2011 09:21 ICT Roza R. Mintaredja wrote:
>
>>wah kang Eminx, meni sono lawas, teu tepang kana wungkul?
>>
>>teu wasa uin ngaku geus umroh mah,
>>paling ge studi banding, embung bisi disebut euceuk jeung beja
>>naha bet kitu?
>>kumaha teu tambah yakin,
>>yen kanjeng nabi Muhammad saw kudu diturunkeun di Mekah teh.?
>>alam arab sakitu werit jeung ganas
>>kabawa ka sipat umum jelemana, tukang hoghag/pasea
>>tukang perkosa, tukang dagang sabari pinuh ku tipu tipu jrrd.
>>da tiap turun di hijiwewengkon, eta anu ngaran guide, mindeng pasea,
>>pa haok haok, jeung jelema diditu.
>>aya we masalahna teh, ceuk guide asal ulah nepi ka gelut we ,
>>da pasti urg nu dianggap salahna mun ka pangadilan teh.
>>buktina?
>>harita uin keur ngawal ibu2 limaan(jg pamajikan) di mekkah, *sight seing*,
>>barang asup ka hiji toko, laha loho.....
>>naaaa ari pek teh salah saurang ibu ngajorowok
>>kang oca, kang ocaaaaa......!!!!
>>aya naon bu imas(samaran)?.....
>>ieu  imbit abdi, di rames2 kunu boga toko??!!!!!
>>{kabeneran si ibuna rada bahenol  mencrang.)
>>atuuuuh, uin nyarekan laklak dasar ka nu boga toko (ku basa sunda)
>>nya puguh teu ngartieun manehna , sarangah serengeh weeee
>>nyarekan sawareh ku basa indonesia, sawareh ku basa arab sakapanggihna.
>>sabari nyampeurkeun, ngabebenjokeun,.... manehna mere tasbeh kristal!
>>kasarnamah sasadu menta hampura, meureun
>>tuluy uin dibawa ka juru, sabari nerangkeun mahalna tasbeh kristal
>>mangga candak keur kenang2an, kitu cigana mah
>>da manehna geh aya saeutik bisa basa indonesia.
>>ngan etaaaa..... sabari mikeun, ....sabari ngarames anu uin!
>>cenah cigana gede, hayangeun nempo!
>>ku uin didorong sabari ditampiling (kahayangmah di cacag diwalang-walang,
>>tapi jadi masalah jeung , pasti eleh wae ari geus ka pangadilan mah)
>>harita ibu2 rombongan uin mah geus paburisat kaluar toko.
>>
>>(kiwari tasbehna aya keneh, jadi gantungan dina spion mobil, kenang2-an).
>>
>>
>>2011/3/15 eminx <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> wah si abah ,,, hebat tos umeroh mah hehehe
>>>
>>> kumaha mun Fuhrer alias Hitler terus ngaca ?
>>> plek pisan urang NAZI nya sampurna estuning sampurna
>>> BALUKARNA ??
>>>
>>>
>>> nyanggakeun acccchhhh
>>>
>>>
>>>
>>> 2011/3/14 Roza R. Mintaredja <[email protected]>
>>>
>>>
>>>>
>>>> mangH,lan baraya sadaya........................
>>>> apan* kiwari geus mimiti kabaruka tah, topeng2na ku putri anu genep teh.*
>>>> kunaon putri anu katujuh can turun?
>>>> sabab nungguan dikawin ku nu jadi pisalakieun, ti seuweu siwi Padjadjaran
>>>> keur nyambut/ Mapag Padjadajaran Anyar
>>>>
>>>> marikitahayu, ngalamar putri ArumWiyaga
>>>> ngeunah we, ngalamar,... gawe heula atuh!
>>>> naon gawe urg?
>>>> nya ngalaksanakeun UGA, UrangGAwean
>>>> nyahona ngan kawinna weee.....
>>>> kabeh boga hak keur ngalamar putri
>>>> nya digawe, sabari mapay raratan, nutur galur nu sa estu
>>>> ngan ku nu rancage hate bisa ka taekan.
>>>>
>>>> naon* rancage* teh?
>>>> anu WAWUH ka DIRIna jeung anu WANOH ka GUSTINA
>>>> kuma carana?
>>>> neanganna atuh, ka *Jero Diri* urg,...geura ngaca-Diri
>>>> mun neanganana ka luar, pasti bakal....... ngaca-pruk!
>>>> jadi enasna anu tujuh, sakabeh sipatna aya di DIRI urang.
>>>> balik kajero deui,.......................
>>>> keur ngawinkeun, lahir jeung batin na
>>>>
>
>>> ongkoh* lahirna Sunda*, ari *batin*na Eropah/Amrik/India/Cina/Arab rek
>
>>>> kumaha dikawinna atuh?
>>>> cangkang jeung eusi teu nyekrup!
>>>> mending geh, lahirna Amrik, tapi batinna Sunda, eta leuwih alus.
>>>> (emh, ciga nu heueuh)
>>>>
>>>> tah Arum, teh lain H arum/wangi?( aya kembang Ganda Aruman)
>>>> naon deui iwal ti ageman Siliwangi tea
>>>> TRI.SILAS.
>>>>
>>>> (tong didenge lah, obrolan si oca mah, bisi kabawa ngacapruk deuih).
>>>> hn*R3M
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>> 2011/3/14 Ki Hasan <[email protected]>
>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>> Mun noong pedaran eta naskah tuluyanana, nu TUJUH bidadari teh
>>>>> masing-masing boga karakter khusus.
>>>>> Bisa jadi angka tujuh teh angka SAKTI, ngagambarkeun kamotekaran karuhun
>>>>> pikeun memahami karakter
>>>>> kapribadian manungsa, nu diguruntulkeun jadi tujuh karakter. Sugan kitu
>>>>> ge. Hehehe.
>>>>>
>>>>>
>>>>> 2011/3/14 Jalak Pakuan <[email protected]>
>>>>>
>>>>>>
>>>>>>
>>>>>> 7 putri bidadari ngemutkeun kana carita Jaka Tarub.....naha 7 bidadari
>>>>>> ti kahyangan teh pola baku dina carita2 rakyat kalebet carita2 di tatar
>>>>>> sunda? Para wargi panginten aya nu uninga naon hartosna 7 bidadari? Naha 
>>nya
>>>>>> kituna (as is) atanapi aya hartos sanes, atanapi ditalikeun kana 7 warna
>>>>>> katumbiri?
>>>>>>
>>>>>> salam
>>>>>> JP
>>>>>>
>>>>>> Makarya Mawa Raharja
>>>>>>
>>>>>>
>>>>>>  ------------------------------
>>>>>> *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
>>>>>> *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda <
>>>>>> [email protected]>
>>>>>> *Terkirim:* Sen, 14 Maret, 2011 06:08:50
>>>>>> *Judul:* [kisunda] Pantun - Ronggeng Tujuh Kala Sirna - 2
>>>>>>
>>>>>>
>>>>>>
>>>>>>
>>>>>>  Ronggeng Tujuh Kala Sirna ( Bagan Kadua )
>
>>>>>  by Rall Lians 
>>>>>D'Antares<http://www.facebook.com/The.Adventurers.from.Pasundan>on 
>>>>>Saturday, 
>>>>>October 2, 2010 at 7:56pm
>
>>>>>>
>>>>>>
>>>>>> .........................................................................
>>>>>>
>>>>>>
>>>>>> .........................................................................
>>>>>>
>>>>>> (12)
>>>>>>
>>>>>>
>>>>>>
>>>>>> Urang mah, urang mapag. Urang papag nu deuk datang !
>>>>>>
>>>>>>
>>>>>>
>>>>>> Urang longok heula anu miang ti Karang Pamulang, nu keur nindak ka
>>>>>> lunta-lunta, nu dijurung ka Gunung Gorowong nu ngajemblong di Pajajaran.
>>>>>> Pajajaran ..... di Pajajaran nu ngamparna kaurugan jaman, nu ceceluk ti
>>>>>> awun-awun .... nu jaga baris diguar, dijajarkeun deui ku nu sarunda dina
>>>>>> sukmana, jeung sarunda dina lampahna.
>>>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>
>>>
>>>
>>> --
>>> .................
>>> 8-| 8| B-| B|
>>>
>>>
>>> 
>>>
>
>

 

Kirim email ke