Kanggo kang Aldo :"Punten , nu diserat ku abah teu acan aya bukuna."
Kanggo kang Hasan ( Kh579) :" Kumaha upami urang susun buku kang ?"
Tah ayaeuna mangga urang teraskeun Perangana.
Ti barang Perang kadua; satiap Pahlawan nu balik ti pangperangan ngaliwatan
para prajurit nu bararis balik ti pangperangan, tangtu meunang "aplaus" ti para
prajurit; komo deui lamun Sang Pangeran Arjuna di na karetana; surakna para
prajurit bari ngacung2 tumbak estu ngaguruh pisan; Hidup Arjuana ! Hidup
Arajuna ! sababaraha kali. Jaya Panadawa ! Hancurkeun Kurawa !
Pahlawan sejenna nu meunang panghormatan ti para Prajurit nya eta Bhiama Putra
Pamaimpin Pasukan Pringgadhani; para Prajurit kacida reueusna ku ieu dua
pahlawan teh; cek pamikir maranehnaa moal aya nu bisa nandiangan ieu dua
kekentong Pandawa; najan Dewa oge satanding.
Nu matak sapanjang jalan bari balik lolobana nu surak teh bari nyorowok nyebut
:"Hidup Arjuana ! Hidup Gatotakacaha! Kitu we nepi ka istirahat sakemahna
sakemahna.
Caturkeun di Karaton Asdtinapura.
Dristharastra rebun2 keneh geus sayaga. "Sanajaya" oge tos siap "laporan
pandangan matana"
Tah ieu Perang poe ka - 5 Gusti Prabu; uluh2 Gusti Bhisma tos mimpin pasukan
enjing2 pisan, nuju ka tempat Pandawa; diiring ku Divivsi2 kuat nu bakal
ngahancurkeun Pandawa.
Pasukan Gajah nu pang payunna; teras pasukan tumbak; teras pasukan pedang;
diteraskeun ku pasukan panah. Para Pahlawan, aya nu naek kuda aya oge nu ka na
kareta perang.
Aduh tuh pasukan Pandawa oge tos siaga; Bhima katingan panghareupna bari
muntir2keun gadana. Bari cocorowokan rek ngalediskeun sakabeh anak
Dristharastra."
"Ah kurang ajar pisan si Bhima..........."Sang Prabu ngomentaran
Pasukan Panadawa nyusul pasukan Bhima dipimpin ku Satyaki, Dristadjumna,
Srikandhi, Abimanyu. Teras pasuakan "Gerak Ceapat" nu dipimpin ku Gatotkacha
sareng pasukan Istimewa ti Pringgandhani. Ari Arjuna mah di na kareta perangna
; teu mimpin pasuakan; ngan karalang kurilaing we noongan kasiagaan para
pasukan nu maju perang.
Pang akhirna pasukan Yudhistira.
Sakedet netra eta dua pasuakan tos paamprok.
Bhisma sareng pasukanana langsung nyerang pasukan nu dipimpin ku Bhima; atuh
Bhima teh ripuh dikepung wakul buayaa mangap; seueur pasukan nu dipimpin ku
anjeunna tiwas; Bhiama teras amasihaan sumanget, supaya suamanget para prajurit
henteu rentag. Tapi angger we pasukanana kalang kabuatan; keur kitu serebet aya
kareta ka dinya ! Nyata Pangearan Arjuana nu nulungan kaayaan Bhiama nu nuju
kadeseh; sasumpingna enggal wae Arjuana menatang2 jamparing; atuh Prajurit
Kuarawa raripuheun. Tos kitu, Bhisma oge disaaerang ku Arjuna nu kacida
hebatna; atuh kapaaksa Bhisma mundur rada tebih; disusul ku Duryodhana supaya
maju deui.
Barang Bhisma maju deui, enggal diserang ku Arjuna; Bhisma ampir2an cilaka;
Suyudhana ningaal ieu akajadian enggal sasauran ka Drona;"Paman Drona,
kunaon unggal poe perang teh kaya kieu ? Naha anjeun cicingeun wae ? Teu usaha
naon2? Cing ngomog terus terang, naon sababna"
Drona ngajawab bari jeung ketus:" Pangeran Durtodhana ! Anjeun nyarios teu make
pikiran akal sehat ! Anjeun teu pisan narima kana Kakuatan Pandawa. Kuring
sarta Bhisma geus ngalaksanakeun kawajiban. Tapi memang Pandawa, utamana Arjuna
kuat pisan."
Droana akhirna nganunkeun Duryodhana, terus maju ngahalangan Satyaki; harita
Satyaki ngamuk, ngaluarkeun kamahiranana ngagunakeun jamparing; ku margi Resi
Drona kirang sayaga, anjeunna kaget laju kadesek ku Satyaki; atuh teras datang
Salya sareng Bhisma ngabantu Drona; atuh ayeuna mah Satyaki nu ripuh.
Jol we Srikandhi ngabantu Satyaki, Bhisma enggal nebihan; nya Drona ayeuna nu
nyanghareupan Srikandhi; ari Salya diserang ku Nakula sareng Sadewa.
Satyaki ayeuna mah bebas; neruskeun pangamukna ka Pihak Kurawa.
Hancaa