Sumber salah sahjina nya eta Buku karangan Alm. M.A Salmun Padalangan di 
Pasundan; Teras Mahabharata kenging M.A. Salmun oge; teras Dewarutji kenging 
M.A. Salmun oge. Teras Wayang Purwa - Suryadhi ( urang Jawa ) ; teras 
Mahabhartata karangan Nyoman Pandit Urang Bali; saterasna Mahabharata R.A. 
Kosasih; teras deui nonton Sinetron Mahabharata versi India; saterasna carios 
Wayang sanesna Versi Basa Kawi Jawa. Tah sadayana teras direka reka ku si abah; 
dugi ka nu diseratkeun ku abah, di na ieu MILIS.

Kitu tah Kang Oca; mudah2an tiasa katampi

--- In [email protected], "Roza R. Mintaredja" <roza.kalasunda@...> wrote:
>
> panuju pisan lur,
> salut ka bah AA anu sakitu getenna nulis eta carita.
> mung manawi kenging naros, timana eta sumber caritana
> uin gen baheula boga buku ti kapiaki M.A. Salmun judul pawayangan
> asana mah cukup kandel, dk 100kaca na., hanjakal dimana boa.
> manawi aya anu gaduh? tiasa uin kenging copyna?
> hn*R3M
> 
> 2011/3/24 Ilen Kardani <ilen1017@...>
> 
> >
> >
> > Satuju pisan pami didamel buku elektronik satutasna bah AA namatkeun
> > ngadalangna dugikeun ka sari kinetik sinebaran tutup lawang sigotaka....jek
> > jek nong
> >
> > Sent from my iPhone
> >
> > On Mar 24, 2011, at 12:37, Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> >
> >
> > Bah AA, mun urang nitenan literatur wayang, sarta nyoba ngabandingkeun
> > antara literatur wayang urang Jawa, jeung literatur wayang urang Sunda.
> > Bakal kapanggih geura, geuning sakitu jomplangna. Urang bisa manggih puluhan
> > buku padalangan nu ditulis ku urang Jawa, malah loba nu geus didigitalkeun
> > sagala. Sedengkeun literatur wayang Sunda, kacida pisan samenelna, asana
> > moal beak ramo sapuluh keur ngitungna ge.
> >
> > Kulantaran kitu, hade pisan upama serial carita wayang Bah AA mun rek
> > dibukukeun. Najan teu dicitak oge, paling henteu bisa dijadikeun buku
> > elektronik.
> >
> >
> > 2011/3/24 Abbas Amin < <abas_amin08@...>abas_amin08@...>
> >
> >>
> >>
> >> Kanggo kang Aldo :"Punten , nu diserat ku abah teu acan aya bukuna."
> >> Kanggo kang Hasan ( Kh579) :" Kumaha upami urang susun buku kang ?"
> >>
> >> Tah ayaeuna mangga urang teraskeun Perangana.
> >> Ti barang Perang kadua; satiap Pahlawan nu balik ti pangperangan
> >> ngaliwatan para prajurit nu bararis balik ti pangperangan, tangtu meunang
> >> "aplaus" ti para prajurit; komo deui lamun Sang Pangeran Arjuna di na
> >> karetana; surakna para prajurit bari ngacung2 tumbak estu ngaguruh pisan;
> >> Hidup Arjuana ! Hidup Arajuna ! sababaraha kali. Jaya Panadawa ! Hancurkeun
> >> Kurawa !
> >>
> >> Pahlawan sejenna nu meunang panghormatan ti para Prajurit nya eta Bhiama
> >> Putra Pamaimpin Pasukan Pringgadhani; para Prajurit kacida reueusna ku ieu
> >> dua pahlawan teh; cek pamikir maranehnaa moal aya nu bisa nandiangan ieu 
> >> dua
> >> kekentong Pandawa; najan Dewa oge satanding.
> >> Nu matak sapanjang jalan bari balik lolobana nu surak teh bari nyorowok
> >> nyebut :"Hidup Arjuana ! Hidup Gatotakacaha! Kitu we nepi ka istirahat
> >> sakemahna sakemahna.
> >>
> >> Caturkeun di Karaton Asdtinapura.
> >>
> >> Dristharastra rebun2 keneh geus sayaga. "Sanajaya" oge tos siap "laporan
> >> pandangan matana"
> >>
> >> Tah ieu Perang poe ka - 5 Gusti Prabu; uluh2 Gusti Bhisma tos mimpin
> >> pasukan enjing2 pisan, nuju ka tempat Pandawa; diiring ku Divivsi2 kuat nu
> >> bakal ngahancurkeun Pandawa.
> >> Pasukan Gajah nu pang payunna; teras pasukan tumbak; teras pasukan pedang;
> >> diteraskeun ku pasukan panah. Para Pahlawan, aya nu naek kuda aya oge nu ka
> >> na kareta perang.
> >>
> >> Aduh tuh pasukan Pandawa oge tos siaga; Bhima katingan panghareupna bari
> >> muntir2keun gadana. Bari cocorowokan rek ngalediskeun sakabeh anak
> >> Dristharastra."
> >>
> >> "Ah kurang ajar pisan si Bhima..........."Sang Prabu ngomentaran
> >>
> >> Pasukan Panadawa nyusul pasukan Bhima dipimpin ku Satyaki, Dristadjumna,
> >> Srikandhi, Abimanyu. Teras pasuakan "Gerak Ceapat" nu dipimpin ku 
> >> Gatotkacha
> >> sareng pasukan Istimewa ti Pringgandhani. Ari Arjuna mah di na kareta
> >> perangna ; teu mimpin pasuakan; ngan karalang kurilaing we noongan 
> >> kasiagaan
> >> para pasukan nu maju perang.
> >>
> >> Pang akhirna pasukan Yudhistira.
> >> Sakedet netra eta dua pasuakan tos paamprok.
> >> Bhisma sareng pasukanana langsung nyerang pasukan nu dipimpin ku Bhima;
> >> atuh Bhima teh ripuh dikepung wakul buayaa mangap; seueur pasukan nu
> >> dipimpin ku anjeunna tiwas; Bhiama teras amasihaan sumanget, supaya
> >> suamanget para prajurit henteu rentag. Tapi angger we pasukanana kalang
> >> kabuatan; keur kitu serebet aya kareta ka dinya ! Nyata Pangearan Arjuana 
> >> nu
> >> nulungan kaayaan Bhiama nu nuju kadeseh; sasumpingna enggal wae Arjuana
> >> menatang2 jamparing; atuh Prajurit Kuarawa raripuheun. Tos kitu, Bhisma oge
> >> disaaerang ku Arjuna nu kacida hebatna; atuh kapaaksa Bhisma mundur rada
> >> tebih; disusul ku Duryodhana supaya maju deui.
> >>
> >> Barang Bhisma maju deui, enggal diserang ku Arjuna; Bhisma ampir2an
> >> cilaka; Suyudhana ningaal ieu akajadian enggal sasauran ka Drona;"Paman
> >> Drona,
> >> kunaon unggal poe perang teh kaya kieu ? Naha anjeun cicingeun wae ? Teu
> >> usaha naon2? Cing ngomog terus terang, naon sababna"
> >>
> >> Drona ngajawab bari jeung ketus:" Pangeran Durtodhana ! Anjeun nyarios teu
> >> make pikiran akal sehat ! Anjeun teu pisan narima kana Kakuatan Pandawa.
> >> Kuring sarta Bhisma geus ngalaksanakeun kawajiban. Tapi memang Pandawa,
> >> utamana Arjuna kuat pisan."
> >>
> >>
> >> Droana akhirna nganunkeun Duryodhana, terus maju ngahalangan Satyaki;
> >> harita Satyaki ngamuk, ngaluarkeun kamahiranana ngagunakeun jamparing; ku
> >> margi Resi Drona kirang sayaga, anjeunna kaget laju kadesek ku Satyaki; 
> >> atuh
> >> teras datang Salya sareng Bhisma ngabantu Drona; atuh ayeuna mah Satyaki nu
> >> ripuh.
> >>
> >> Jol we Srikandhi ngabantu Satyaki, Bhisma enggal nebihan; nya Drona ayeuna
> >> nu nyanghareupan Srikandhi; ari Salya diserang ku Nakula sareng Sadewa.
> >> Satyaki ayeuna mah bebas; neruskeun pangamukna ka Pihak Kurawa.
> >>
> >> Hancaa
> >>
> >>    <abas_amin08@...?subject=Re%3A%20Bharata%20Yudha%20ka%20-%208>
> >>
> >
> >
> >   
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke