alhammd, nuhun bah AA kana ingpo sumbercarita.
edun suredun pisan meni komplit sumberna
wah ieu mah nepi kana persi basa Kawi sagala!
mung sakedik aya patarosan ka bah AA teh,
tina eta sumber2 numutkeun implengan abah,
sadayana ti India pituin?
atanapi di adop ku urang
atanapi.........
hn*R3M


2011/3/30 Abbas <[email protected]>

>
>
> Sumber salah sahjina nya eta Buku karangan Alm. M.A Salmun Padalangan di
> Pasundan; Teras Mahabharata kenging M.A. Salmun oge; teras Dewarutji kenging
> M.A. Salmun oge. Teras Wayang Purwa - Suryadhi ( urang Jawa ) ; teras
> Mahabhartata karangan Nyoman Pandit Urang Bali; saterasna Mahabharata R.A.
> Kosasih; teras deui nonton Sinetron Mahabharata versi India; saterasna
> carios Wayang sanesna Versi Basa Kawi Jawa. Tah sadayana teras direka reka
> ku si abah; dugi ka nu diseratkeun ku abah, di na ieu MILIS.
>
> Kitu tah Kang Oca; mudah2an tiasa katampi
>
>
> --- In [email protected], "Roza R. Mintaredja" <roza.kalasunda@...>
> wrote:
> >
> > panuju pisan lur,
> > salut ka bah AA anu sakitu getenna nulis eta carita.
> > mung manawi kenging naros, timana eta sumber caritana
> > uin gen baheula boga buku ti kapiaki M.A. Salmun judul pawayangan
> > asana mah cukup kandel, dk 100kaca na., hanjakal dimana boa.
> > manawi aya anu gaduh? tiasa uin kenging copyna?
> > hn*R3M
> >
> > 2011/3/24 Ilen Kardani <ilen1017@...>
>
> >
> > >
> > >
> > > Satuju pisan pami didamel buku elektronik satutasna bah AA namatkeun
> > > ngadalangna dugikeun ka sari kinetik sinebaran tutup lawang
> sigotaka....jek
> > > jek nong
> > >
> > > Sent from my iPhone
> > >
> > > On Mar 24, 2011, at 12:37, Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> > >
> > >
> > >
> > > Bah AA, mun urang nitenan literatur wayang, sarta nyoba ngabandingkeun
> > > antara literatur wayang urang Jawa, jeung literatur wayang urang Sunda.
> > > Bakal kapanggih geura, geuning sakitu jomplangna. Urang bisa manggih
> puluhan
> > > buku padalangan nu ditulis ku urang Jawa, malah loba nu geus
> didigitalkeun
> > > sagala. Sedengkeun literatur wayang Sunda, kacida pisan samenelna,
> asana
> > > moal beak ramo sapuluh keur ngitungna ge.
> > >
> > > Kulantaran kitu, hade pisan upama serial carita wayang Bah AA mun rek
> > > dibukukeun. Najan teu dicitak oge, paling henteu bisa dijadikeun buku
> > > elektronik.
> > >
> > >
> > > 2011/3/24 Abbas Amin < <abas_amin08@...>abas_amin08@...>
>
> > >
> > >>
> > >>
> > >> Kanggo kang Aldo :"Punten , nu diserat ku abah teu acan aya bukuna."
> > >> Kanggo kang Hasan ( Kh579) :" Kumaha upami urang susun buku kang ?"
> > >>
> > >> Tah ayaeuna mangga urang teraskeun Perangana.
> > >> Ti barang Perang kadua; satiap Pahlawan nu balik ti pangperangan
> > >> ngaliwatan para prajurit nu bararis balik ti pangperangan, tangtu
> meunang
> > >> "aplaus" ti para prajurit; komo deui lamun Sang Pangeran Arjuna di na
> > >> karetana; surakna para prajurit bari ngacung2 tumbak estu ngaguruh
> pisan;
> > >> Hidup Arjuana ! Hidup Arajuna ! sababaraha kali. Jaya Panadawa !
> Hancurkeun
> > >> Kurawa !
> > >>
> > >> Pahlawan sejenna nu meunang panghormatan ti para Prajurit nya eta
> Bhiama
> > >> Putra Pamaimpin Pasukan Pringgadhani; para Prajurit kacida reueusna ku
> ieu
> > >> dua pahlawan teh; cek pamikir maranehnaa moal aya nu bisa nandiangan
> ieu dua
> > >> kekentong Pandawa; najan Dewa oge satanding.
> > >> Nu matak sapanjang jalan bari balik lolobana nu surak teh bari
> nyorowok
> > >> nyebut :"Hidup Arjuana ! Hidup Gatotakacaha! Kitu we nepi ka istirahat
> > >> sakemahna sakemahna.
> > >>
> > >> Caturkeun di Karaton Asdtinapura.
> > >>
> > >> Dristharastra rebun2 keneh geus sayaga. "Sanajaya" oge tos siap
> "laporan
> > >> pandangan matana"
> > >>
> > >> Tah ieu Perang poe ka - 5 Gusti Prabu; uluh2 Gusti Bhisma tos mimpin
> > >> pasukan enjing2 pisan, nuju ka tempat Pandawa; diiring ku Divivsi2
> kuat nu
> > >> bakal ngahancurkeun Pandawa.
> > >> Pasukan Gajah nu pang payunna; teras pasukan tumbak; teras pasukan
> pedang;
> > >> diteraskeun ku pasukan panah. Para Pahlawan, aya nu naek kuda aya oge
> nu ka
> > >> na kareta perang.
> > >>
> > >> Aduh tuh pasukan Pandawa oge tos siaga; Bhima katingan panghareupna
> bari
> > >> muntir2keun gadana. Bari cocorowokan rek ngalediskeun sakabeh anak
> > >> Dristharastra."
> > >>
> > >> "Ah kurang ajar pisan si Bhima..........."Sang Prabu ngomentaran
> > >>
> > >> Pasukan Panadawa nyusul pasukan Bhima dipimpin ku Satyaki,
> Dristadjumna,
> > >> Srikandhi, Abimanyu. Teras pasuakan "Gerak Ceapat" nu dipimpin ku
> Gatotkacha
> > >> sareng pasukan Istimewa ti Pringgandhani. Ari Arjuna mah di na kareta
> > >> perangna ; teu mimpin pasuakan; ngan karalang kurilaing we noongan
> kasiagaan
> > >> para pasukan nu maju perang.
> > >>
> > >> Pang akhirna pasukan Yudhistira.
> > >> Sakedet netra eta dua pasuakan tos paamprok.
> > >> Bhisma sareng pasukanana langsung nyerang pasukan nu dipimpin ku
> Bhima;
> > >> atuh Bhima teh ripuh dikepung wakul buayaa mangap; seueur pasukan nu
> > >> dipimpin ku anjeunna tiwas; Bhiama teras amasihaan sumanget, supaya
> > >> suamanget para prajurit henteu rentag. Tapi angger we pasukanana
> kalang
> > >> kabuatan; keur kitu serebet aya kareta ka dinya ! Nyata Pangearan
> Arjuana nu
> > >> nulungan kaayaan Bhiama nu nuju kadeseh; sasumpingna enggal wae
> Arjuana
> > >> menatang2 jamparing; atuh Prajurit Kuarawa raripuheun. Tos kitu,
> Bhisma oge
> > >> disaaerang ku Arjuna nu kacida hebatna; atuh kapaaksa Bhisma mundur
> rada
> > >> tebih; disusul ku Duryodhana supaya maju deui.
> > >>
> > >> Barang Bhisma maju deui, enggal diserang ku Arjuna; Bhisma ampir2an
> > >> cilaka; Suyudhana ningaal ieu akajadian enggal sasauran ka
> Drona;"Paman
> > >> Drona,
> > >> kunaon unggal poe perang teh kaya kieu ? Naha anjeun cicingeun wae ?
> Teu
> > >> usaha naon2? Cing ngomog terus terang, naon sababna"
> > >>
> > >> Drona ngajawab bari jeung ketus:" Pangeran Durtodhana ! Anjeun nyarios
> teu
> > >> make pikiran akal sehat ! Anjeun teu pisan narima kana Kakuatan
> Pandawa.
> > >> Kuring sarta Bhisma geus ngalaksanakeun kawajiban. Tapi memang
> Pandawa,
> > >> utamana Arjuna kuat pisan."
> > >>
> > >>
> > >> Droana akhirna nganunkeun Duryodhana, terus maju ngahalangan Satyaki;
> > >> harita Satyaki ngamuk, ngaluarkeun kamahiranana ngagunakeun jamparing;
> ku
> > >> margi Resi Drona kirang sayaga, anjeunna kaget laju kadesek ku
> Satyaki; atuh
> > >> teras datang Salya sareng Bhisma ngabantu Drona; atuh ayeuna mah
> Satyaki nu
> > >> ripuh.
> > >>
> > >> Jol we Srikandhi ngabantu Satyaki, Bhisma enggal nebihan; nya Drona
> ayeuna
> > >> nu nyanghareupan Srikandhi; ari Salya diserang ku Nakula sareng
> Sadewa.
> > >> Satyaki ayeuna mah bebas; neruskeun pangamukna ka Pihak Kurawa.
> > >>
> > >> Hancaa
> > >>
> > >> <abas_amin08@...?subject=Re%3A%20Bharata%20Yudha%20ka%20-%208>
> > >>
> > >
> > >
> > >
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke